Cai Panas Cipanas - Iwan M. Ridwan
Pamandian Cai Panas Cikundul - Sukabumi
(Carpon Iwan M. Ridwan : Galura edisi I
Agustus 2012)
K
|
olam
renang téh asa panas pisan. Ngahéab lir nu ngahaja ngaléob awak sadirieun.
Ngebul. Kawas cai rérob dina keletikan. Padahal wanci geus ampir manjing ka
tengah peuting. Méga ngambang. Langit angkeub balas ti soré kénéh hujan masih
miripis. Tapi teu ieuh bisa ngarerepkeun kapanas cai Cipanas. Kapanas haté nu
masih kénéh humapur. Kari-kari ayeuna kabaseuhan. Bunyanyahan. Mun mah dina
beungeut-beungeut cai teu rapang nu garuyang, meureun peuting téh beuki
jempling. Kabuktianana najan loba jalma, sakuriling bungking lir nu disirep
ibun parabun. Nu ngaromong ukur tina haté kana haté. Unggal basa nu kaluar
mapay ngaliwatan seuseukeut paneuteup. Ketug jajantung. Jeung tingsariakna
getih nu ngamalir jeroeun daging. Anjeun nu aya dihareupeun paneuteup geus
lain-lainna. Geter jajantung nu dagdigdug jeroeun dada dina cai panas, lain
geter nu baheula kaluar tina kadeudeuh. Lain geter nu salalawasna nyumangetan
kahirupan. Lain geter kanyaah. Teu mawa kalugina. Teu teusing. Teu ieuh bisa
nyurahan geter kawas basa urang silih teuteup jero kamar. Ngararasakeun ketug
jajantung sabada urang ngangon kasono. Dina beungeut cai kolam renang
urang ukur jadi kamelang cinta. Ukur jadi cai panas Cipanas.
Dina beungeut cai panas urang pada-pada ngangon
lalakon sewang-sewangan. Lalakon anu sarua. Lalakon anu kungsi kaalaman.
Nineung kana sagala rupa nu kungsi dipilampah. Ngaguar deui panineungan dina
batin nu masih kénéh sarua boga geter katrésna. Mapayan sagalana. Ti mimiti ngangon
kasono, ngumbar cimata tug tepika suka-suka tingcakakak nyeungseurikeun film
kartun.
Urang kungsi ka Lémbang. Hujujanan. Balikna mawa susu
murni kabeuki anjeun. Kabulusan. Ngadarégdég. Balik ka kontrakan anjeun ngajak
sosonoan. Majar keur ngusir katiris nu masih kénéh nangkod sapanjang jalan
tepika harita. Enya. Geter kaasih téh harita mah parna pisan. Nyongkab. Keur
meumeujeuhna ngagulidag caah. Umpal-umpalan. Taya saurang ogé nu bisa
ngahalang-halang najan kuring apal sorangan kumaha lalakon anjeun mangsa ka
tukang. Cenah, enya ceuk anjeun. Anjeun mah lain lalaki satia ka hiji wanoja.
Di ditu di dieu teu weléh ngait kana sakutri ati wanoja. Mun mah diparengkeun
tepung deui jeung nu dirasa leuwih sagalana, anjeun pasti kabongroy deui bari
jeung tara kebat ninggalkeun nu tiheula. Rikip anjeun mah. Nu itu diogo nu ieu
dinangna-néngné. Waktu nu ngan ukur dua puluh opat jam téh teu ieuh dipaké
kamelang pikeun ngabagi-bagina. Mun mah isuk-isuk kudu kanu maké tiung, nya
bagéan peuting keur anu rebonding.
Cenah pasipatan hiji-hiji wanoja téh taya nu saruwa.
Mun anu panonna mencenul bari jeung teuteupna sieup. Nu kitu téh lungguh tutut.
Loba kahayangna. Loba impianana. Tapi gampang diperuhkeunana. Ku cara diogo
jeung diayonan sagala kahayangna. Kitu cara nalukeunana. Anu sipit bari irungna
mancung, cenah éta nu rada hésé mah ditalukeunana. Rada intropért. Hésé muka
rusiah dirina ka batur. Mun mah ditanya ngeunaan pribadina sok inggis pikeun
ngajawab saujratna. Pasti waé aya nu didindingkelir disindang siloka tepika
ahirna teu bisa kaungkab pijawabeunana.
Enya ceuk anjeun éta téh. Meureun. Geuning anjeun mah
sok karajinan macaan beungeut batur, bari jeung boa bener boa henteu.
Mun mah harita urang pada-pada satuhu kana jangji
pasisni meureun geus lain kieu caritana. Mun mah harita kakuatan cinta urang
ngabanding jeung pengkuhna tihang gunung Cakrabuana nu maseuk kana jero bumi.
Meureun asih urang baris ngamalir kana muarana nu geus ditataharkeun. Kana
sagara kadeudeuh nu salalawasna ngagulidag taya kendatna.
Enya kuring nu salah mah.
Mun mah waktu bisa balik deui ka dalapan bulan
katukang kuring pasti ngawaro. Kuring pasti ngéléhan kawas biasana. Geuning
dihenteu-henteu gé sagala omongan akang téh aya benerna. Malahan loba kénéh
benerna tinimbang salah. Malah karasa pisan ku diri sorangan ayeuna mah. Éta
atuhda ceuk pangrasa mah ucapan-ucapan akang téh matak nurih kana ati. Ngageri.
Lian ti éta geuning kanyaah akang harita mah kawas anu ngurangan.
Beu. Geuning mun rék dibabandingkeun mah manéhna jeung
akang téh mémang jauh pisan bédana. Haatna. Perhatianana. Akang anu dirasa ku
abdi cuek bébék, kawas anu teu nyaah jeung perhatian, tapi geuning akang anu
paling ngarti kana kahayang kuring, kana eusi pikiran kuring. Mun mah kabéh
jalma euweuh nu apal kana kereteg haté kuring, akang mah surti sanajan kuring
teu balaka ogé.
Naha ieu nu disebutkeun jodo téh, Kang. Urang
reureujeungan aya kana lima taunna, ayeuna bet pasalingsingan. Urang lumampah
kana sagara cinta séwang-séwangan. Kuring lunta ka laut kidul sedeng akang ka
kalér mapay sagara. Muru lampah nu masih kénéh lampar tur tacan kaidrok naon
anu bakal disanghareupan. Kuring saminggu deui rék rapalan sedeng akang karék
dua minggu papacangan. Meureun ieu nu disebut jodo téh, Kang. Kawas kieu. Teu
disangka-sangka lalampahan urang baris ditungtungan ku kapeurih. Kapeurih urang
duaan. Taya saurang ogé nu apal. Kang. Di dieu di Cipanas, urang pada-pada muka
rusiah sewang-sewangan. Dibeungkeut asih nu teu bisa ngahiji. Ditalian ku
kacinta nu pada-pada ngaleupaskeun ranggeumanana.
***
"Bral geura miang jungjunan. Waktu nu baris
disorang tong dipimelang. Kaduhung nu geus kalarung ulah waé dipigandrung.
Kahéman aya dina diri urang. Kacinta aya dina satiap rénghap nu marengan. Geus
cunduk kana waktuna tali kaasih urang udar tina kanyataan. Mun mah diparengkeun
rasa amis dina sakolanding cai kahéman urang kudu ngamuara ka sagara
séwang-séwangan, hiji mangsa bakal datang mamanis rasa dina haté urang...."
ceuk akang ngaharéwos basa keclak cimata maseuhan kana lahunan.
Peuting teuing ku jempling. Tiris kawas nu
ngahariring. Nganteur lalakon urang. Marengan kasono nu lawas kapegat duriat
kawalat. Geter kahéman gumulung dina mumunggang peuting. Panasna cai panas
marengan ngagolakna haté urang nu pada-pada ngaleupaskeun kasono. Kaasih lir
manggih kapeurih.
Bandung, 2012