BAGBAGAN TATA KRAMA
Ku : Dadan Sutisna
ina
hirup kumbuh sapopoé, aya aturan atawa kabiasaan nu jadi kasapukan balaréa.
Dipakéna tumpa-tumpa, gumantung kana ambahan tempat jeung kaayaan. Tempat
ngawengku hiji wewengkon, lingkungan, atawa bangsa. Éta aturan téh sakapeung
mah sok jadi ciri hiji golongan atawa sélér. Robah-robah deuih, da kapangaruhan
ku jaman. Tapi aya ogé nu terus dilarapkeun ti bihari nepi ka kiwari. Ku nu
mangarti, cara campur gaul jeung sasama téh sok disebut tata krama,
adab-adaban, atawa anggah-ungguh. Étika téa kasebutna.
Dina démo mahasiswa jeung pelajar kamari-kamari, aya
nu ngacung-ngacung tulisan. Eusina di antarana nyabit-nyabit kecap
"ngéw...", "selangkangan", "kenth...", jsté.
Lantaran dina situasi nu béda, umumna nétizen henteu nganggap ngarempak tata
krama, malah sabalikna aya kesan bagian tina "éksprési". Coba mun éta
tulisan diacungkeun hareupeun kolotna, atawa guruna, bisa jadi séjén deui
réaksina.
Lantaran tata krama mah teu maké pasal-pasal, moal
dihukum najan dirempak gé. Nepi ka kiwari pan teu kacaritakeun aya jalma nu
dipanjara lantaran ngaliwat kana riungan bari teu punten-punten acan. Paling gé
disebut teu sopan. Najan kitu, pinisepuh mah pasti nganggap yén tata krama téh
penting kacida, kudu terus dicekel. Malah béh ditu apan, mun aya murid teu boga
sopan santun, nu disalahkeun nya guruna, lantaran tugas guru téh lain ukur
nepikeun matéri pangajaran, tapi kudu ngagembléng muridna sangkan boga
laku-lampah nu hadé.
Aya dongéngna ti Bu Hj. Ami Raksanagara, kawas nu
dimuat dina Manglé No. 1889. Harita jaman aya kénéh SGA (Sekolah Guru Atas),
ramana Bu Ami kantos nyaur muridna ka kantor kepala sakola. Éta murid sina
prakték nélépon, da harita mah apan télépon téh kaasup barang anéh. Cenah bisi
hiji mangsa nélépon ka nu can wawuh, kudu terang cara-carana. Sabréhan mah
kawas nu teu pira, tapi mun dipikir-pikir deui, enya penting. Pan kungsi aya nu
nampa télépon ti mahasiswa nu rék wawancara, "Pak, saya mau menemui
sekarang jam 11," cenah. Éstu matak bingung. Kahiji, teu ngawanohkeun
heula saha-sahana. Kadua, sangeunahna pisan ngatur jadwal sorangan.
Bisa jadi, lebah tata krama mah, antara kolot jeung
budak téh sok remen pasalingsingan. Boa duméh béda pamikiran dina nyanghareupan
pajamanan. Lain ayeuna wungkul, tapi ti béh ditu kénéh. Méh di unggal generasi,
réa kolot nu ngarasa yén "barudak ayeuna" mah geus luntur tata
kramana. Urang contoan baé ku hiji tulisan nu dimuat dina koran Pasundan No. 3,
tanggal 3 Maret 1919. Eusina nyaritakeun polah barudak nu méngpar tina
kasopanan alatan kapangaruhan ku gambar idup (lalajo bioskop). Sakitu puluh
taun ti harita, éta "barudak" nu dicaritakeun téh bakal jadi kolot,
sarua deuih boga anggapan kitu ka budak-budakna. Dina ahir taun 1950-an, Prof.
K.H. Farid Maruf, guru besar élmu ahlak di Akadémi Tabligh Muhammadiyah, kungsi
ngadadarkeun "11 krisis ahlak sabada merdika". Poin kahiji, cenah
barudak téh geus "ngarendahkeun adat urang nu kuna, sanajan hadé, tur
muntangan adat nu anyar, sanajan goréng."
Kitu jeung kitu wé nepi ka kiwari. Barudak nu dianggap
"krisis akhlak" ku Prof. Faid Maruf, ayeuna tangtu geus aki-aki atawa
nini-nini, atawa boa geus ngantunkeun. Dalah nu ayeuna ngarasa jadi kolot (dina
taun 1960-an mah tangtu budak kénéh), réa nu hariwang ku laku lampah
barudak—angot saprak meuweuh pakakas téknologi.
*
Karuhun Sunda téh mentingkeun pisan tata krama. Manusa
Sunda geus dibéré cecekelan kumaha ngalakonan hirup nu hadé, nu kudu ditepikeun
ti rundayan ka rundayan. Bisa jadi aya nu nyebut buhun, jadul, kolot. Tapi mun
dilenyepan deui mah, réa nu bisa dilarapkeun dina kakiwarian. Upamana, saré
sagebrug salian ti jeung salaki-pamajikan, nepi ka ayeuna moal aya nu nyebut
pagawéan pinuji. Panyaram kawas kitu geus natrat ti baheulana, ti awal abad
ka-16, kawas nu kacatet dina naskah Siksa Kanda ng Karesian.
Umumna manuskrip Sunda buhun teu weléh nyabit bagbagan
tata krama. Sanajan robah-robah ti jaman ka jaman, saéstuna aya perkara nu
nganteng, petikeun urang ayeuna. Enya, adab-adaban dina unggal mangsa tangtu
aya bédana; dina jaman karajaan, jaman Normal, jaman Jepang, sabada merdéka,
tug nepi ka ayeuna. A. Prawira Suganda kungsi medar "Sembah Numutkeun Tata
Krama Sunda", dimuat dina Kabudayan Urang No. 12 taun 1940. Anjeunna
sasatna ngasongkeun kritik, yén hormat tilawat téh lain ukur ka ménak wungkul,
tapi ka sakur jalma. Pan aya dongéngna, mun somah keur pareng gering, terus
dilongok ku ménak, kudu maksakeun hudang keur sembah sungkem, najan sasatna
geus rék sahoseun. Mun urang keur maké payung da hujan ngagebrét, hég ngaliwat
ka imah ménak, éta payung kudu ditutupkeun. Adat kawas kitu téh, laun-laun
dipiceun, da teu napak jeung pajamanan téa.
Réa pisan tulisan nu medar tata krama téh. Upamana
dina "Tata Krama Urang Sunda" (1908) kénging D.K. Ardiwinata,
"Naséhat Kaoetamaan Lampah" (1921) yasana R. Kusumadibrata,
"Papancén Istri" (1934) kénging Déwi Sartika, "Tata Krama Urang
Sunda" (1943) kénging R. Satjadibrata, atuh béh dieuna aya "Étika
jeung Tatakrama" kénging R. Hidayat Suryalaga. Malah dina "Piwuruk
Apa" (1938) kénging Kartasukanta, tata krama téh nepi ka dijujut jadi 80
perkara.
Dina tulisan-tulisan béh ditu mah, medar perkara tata
krama éstuning kacangreud ku dogma. Ngan awahing ku réa rupana, matak bingung
mana nu kudu dipaké. Komo saprak urang Sunda campur jeung bangsa séjén mah.
Prawira Suganda (1940) upamana, dina tulisanana nyebutkeun: "Tumali dina
jaman ayeuna téh tacan aya patokan tata krama anu tangtos, anu ditetepkeun,
jadi tina perkawis tata anu dianggo ayeuna, rupi-rupi. Anu resep Wawalandaan
nganggo adat tata krama Walanda, anu resep kana kabaheulaan nganggo adat Sunda
baheula, anu resep ka ditu ka dieu nganggo adat Sunda dicaruk sareng adat
Walanda, anu anu resep Aaraban niron-niron adat Arab, ssté. Jadi
sangeunahna-sangeunahna bae."
Dina taun 1930-an, di urang aya Sekar Pakuan, lembaga
nu ngarumat kasenian-kabudayaan. Ieu lembaga téh di antarana nyieun komité keur
muguhkeun tata krama Sunda anu "surup manjing dianggo jaman ayeuna".
Hanjakal teu kungsi kabaca kumaha hasilna, jeung deuih naha mun geus
ngajanggélék bakal diparaké? Apan tata krama mah teu bisa ditangtukeun ku
sawatara jalma. Lahirna ti masarakat, nuturkeun usik-lilirna kahirupan.
Satjadibrata gé sigana ngiring éwed, kumaha
merenahkeun tata krama jaman harita. Cenah, "Dina jaman pancaroba,
sapértos nu keur dilakonan ku urang ayeuna, tiasa jadi aya nu éwed milihna tata
krama, nanging moal ari hoyong miceun tata krama onoman, margi tata krama téa
jadi tawis kamulyaan unggal bangsa." Malah ka dituna Satjadibrata umajak
sangkan urang gé diajar tata krama Indonésia (bari teu diécéskeun nu kumaha
tata krama Indonésia téh).
Inohong Sunda réa nu bangga (aéh, reueus) yén Sunda
téh kasohor ku tata kramana, tuluy peupeujeuh sangkan barudak daék
ngalarapkeunana. Ti taun 1980-an kénéh, perkara tata krama remen diseminarkeun,
atuh dina Kongrés Basa Sunda gé sok jadi bagian tina rékoméndasi. Tapi mun aya
nu nanya, nu kumaha tata krama Sunda téh, sakapeung datang kabingung. Kawas
kaéwed Satjadibrata tilu parapat abad katukang. Hésé ngécéskeunana, atawa
antukna nya ngaléos kana undak-usuk basa.
Néwak kacindekan tina kabiasaan nu ngaruntuy ti
mangabad katukang téh lain pagawéan énténg. Naha urang Sunda bisa ngarumuskeun
tata krama sorangan nu nyekrup jeung pajamanan? Éta nu sok jadi pertanyaan ti
mangsa ka mangsa téh. Padahal saenyana mah lain kudu dirumuskeun, tapi diébréhkeun.
Da nepi ka kiwari apan can aya "arsip tata krama" nu dijujut ti
bihari nepi ka kiwari, bari dipedar maké basa nu basajan, lain ku dogma komo
téori. Da mun haben mikiran "tata krama manjing kana jaman" mah hamo
aya anggeusna, terus wé paudag-udag jeung waktu.
Perlu aya nu nyusun "Literasi Tata Krama
Sunda", kitu nu kapikir mah. Mun dicitak jadi buku atawa e-book, tong
kandel teuing, 1.453 kaca gé cukup sigana. Eusina teu salawasna maréntah kudu
kitu-kieu, tapi ngagambarkeun yén kungsi kitu-kieu. Tinggal nyutatan tina
sumber nu balatak, tuluy diraéh deui maké basa kakiwarian. Keun wé saheulanana
mah, kacindekanana sina nyerep dina unggal sirah.
Ah, kétang, bet jararauh teuing mikir téh. Boa ieu
tulisan gé kaasup nu teu maké tata krama.***