Antara LÉNGSÉR jeung SUNAN AMBU
LÉNGSÉR
Léngsér téh tokoh carita pantun,
karya sastra pituin Sunda anu geus aya ti Jaman Pajajaran. Sakapeung, nu
teu apal posisina mah sok nyebut Si Léngsér baé; dipiheulaan ku "si",
sakumaha umumna ka tokoh bodor.
Léngsér téh lain tokoh samanéa.
Ku urang karaton prah disebut Paman Léngsér, ari rahayat sok loba nu
ngabasakeun "ua", Ua Léngsér. Sakapeung didéskripsikeun batara,
Batara Léngsér. Jelema kadéwan, cohagna mah jelema satengah déwa anu keur
ngawula ka wayahna, ngaping ngajaring rundayan Pajajaran. Sakaligus jadi gagang
antara pamingpin jeung rahayatna, diwujudkeun ku cara anu basajan: purah nabeuh
bendé jeung diutuh-étah.
Ahir taun 1960-an tokoh Léngsér
diasupkeun kana bagian upacara adat Sunda, alpukahna Wahyu Wibisana (alm.). Luyu
jeung "tupoksi"-na ditempatkeun purah mapag sémah. Minangka
panghormat ka nu datang, dipapagkeun ku nu dipikolot, ku déwa kamanusan anu
keur ngawula ka wayahna, ku nu diajénan ku saréréa. Nepi ka dinya taya masalah.
Alus wé nu aya jadi ngeuyeub-ngeuyeub budaya Sunda, anu teu méngpar tina
ajén-inajén kasundaan sakumaha anu kauni dina carita pantun.
Kakara aya masalah sabada loba
raéhan anu sakapeung mah jauh tangéh tina konsép ajén-inajén budaya Sunda. Naon
baé raéhan nu kitu téh? Urang pedar dina tulisan sabada ieu.
SUNAN AMBU
Dina konsép kapercayaan Sunda anu ngawasa alam kadéwatan téh
awéwé, nyaéta Sunan Ambu téa. Diaping ku pohaci nu gareulis, saperti Pohaci
Wiru Mananggay jeung Pohaci Kentring Manik. Tuh, anu ngapingna baé ogé pohaci
gareulis, komo deui anu diapingna.
Geus lir kageulisanana mah, dalah semuna gé hésé babandinganana.
Gara-gara hayang boga pamajikan anu sasemu jeung Sunan Ambu, apan Guru Minda
kudu turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, bari kudu nyamur deuih maké
baju lutung nu katelah Lutung Kasarung. Kakara ku semuna éta teh.
Anyar-anyar aya anu ngahijikeun Léngsér jeung nu disebut Ambu
dina upacara adat Sunda. Teuing iraha jeung saha nu ngamimitianana. Ari nu
disebut Ambuna, Gusti, jauh tangéh kana geulis. Malah aya anu babancian sagala,
niru-niru pamaén Srimulat, pédah ngomongna maké basa Sunda. Uing mah sok asa
teu téga nempona gé.
Mun dina karya sastra mah nu kitu téh disebutna anakronisme.
Kréasi anyar mémang alus, asal ulah méngpar tina adat cahara jeung konsép
ajén-inajén anu geus maneuh dina budaya Sunda.
Cag sakitu heula.
Joko S :
Taaah......
Murangkalih ayeuna tos poekeun kana lakon etateh Kang.....
salahsahiji na ku alatan guru na nu teu apal sok nyayahoanan....
PR kanggo Akangvtah
Hyang purwa galuh
Éfékna, ngérakeun bisi aya bangsa atawa sélér séjén seug ngartieun budaya Sunda nu saenyana. Wirang.
Éfékna, ngérakeun bisi aya bangsa atawa sélér séjén seug ngartieun budaya Sunda nu saenyana. Wirang.
Éfékna, ngérakeun bisi aya bangsa atawa sélér séjén seug
ngartieun budaya Sunda nu saenyana. Wirang.
Sok mangga taros murangkalih ayeuna
"Saha ari Purbalarang...??"
Seueur nu ngawaler
"Tol Purwakarta Bandung"
kitu conah.....Nu matak ulah sagenahna ngaku ngaku ambu.
"Saha ari Purbalarang...??"
Seueur nu ngawaler
"Tol Purwakarta Bandung"
kitu conah.....Nu matak ulah sagenahna ngaku ngaku ambu.