WARTA TI SUKATANI : Kakaren Agustusan di Blok WK Mageuhkeun Talisilaturahmi
Mageuhkeun
Talisilaturahmi
SUKATNI – Warta Sunda Onliné,
S
|
ok sanajan kagiatan
kamerdikaan Republik Indonésia ka-74 taun katempornakeun, tapi kurancagéan
warga di wewengkon Blok WK Kampung Cilalawi RT.08/RW.03 Désa Cianting Utara,
Kecamatan Sukatani, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, ngayakeun saniskara kagiatan.
Nilik tina pamundut barudak nu biasa ngareuah-reuah tiap taunna. Pada hayang
aya kagiatan ngareuah-reuah Kamerdikaan RI.
Dina hal
ieu mah, kagaiatan éta téh ngawengku diantarana Lomba Balap Karung, Takol
Kendi, Makan Krupuk, Ngala Artos dina Gedang nu dibalur ku kecap. Lomba
Ngasupkeun Bandera kana Botol.

Lain halna
ceuk Ketua Panitia, O. Rohana, pihakna ngarasa reueus ku karancagéan ti
sadayana ti mimiti ibu-ibu tur bapa-bapa katut barudak ti mimiti bebenjit
nepika nu kakara beger. Sami-sami milu ngareuah-reuah,” pokna O.Rohana.
Sedengkeun
nu ngabingbing éta kagiatan téh, Bu Nanay minangka keur mandu lomba-lomba nu
disebutkeun diluhur téa. “Para pamilon antusias milu aub kana éta kagiatan, sok
sanajan panas nu ngabelentrang keur mah halodo panjang katarajang di Nagri
Indonésia,” pokna.
Salahsaurang
budak nu milu aub téh diantarana Aip, Jihan, Padli, Alya, Epul, Asri, Dendi jeun
nu lian-lianna, maranéhna ngarasa bungah
ku ayana kagiatan nu saperti kitu téh, malah miharep taun payun langkung meriah
deui.***