WARTA TI PEMDA : Ceuk Hj. Anne Ratna Mustika : Rék Ngalengkepan Sapras Puskesmas Pléréd
Rék Ngalengkepan Sapras Puskesmas Pléréd
M
|

Kuayana puskesmas ieu téh, tangtu dianti-anti ku 80 rebu warga masarakat Pléréd dina layanan kasehatan. “Sok sanajan masih kirangna fasilitas anu sakumaha
mistina, Insya Alloh rék dilengkepan deui,” pokna.
Dina hal ieu mah, pihakna rék ngalengkepan sarana
prasarana tur nargetkeun bulan September nu bakal datang, sangkan bias naék tingkat ti dasar nepi ka level Madya, luyu sareng kalengkapan
fasilitas layananna. Pon kitu deui taun
2020 nu bakal datang, inyana nargetkeun jadi Puskesmas dina layanan
Perawatan Inap, nu nyadiakeun 3 dokter umum, dokter Gigi katut Spesialis Obgyin. Kalebet nyiapkeun kamar
perawatan anu repfersentatif katut ayana sarana Laboratorium,”
pokna Ibu Anne.
“Tarekah jeung patéah pamaréntah ieu mugia tiasa ngawujudkeun keur kapentingan rahayat hususna warga masarakat di wewengkon Kecamatan Pléréd dina layanan kasehatan,” pokna.***