WARTA TI MI : 20 Sapi jeung 40 Domba di Al-Muhajirin Diqurbankeun di 4 Kampus
20 Sapi jeung 40 Domba di
Al-Muhajirin
Diqurbankeun di 4 Kampus
Keterangan Poto : DR. KH. Abun Bunyamin, MA (Ketua Yayasan Al-Muhajirin Kabupatén Purwakarta), nyaksenan acara meuncit hewan qurban di buruan MTs Al-Wathon & MI Al-Muhajirin Sukatani Purwakarta.*
SUKATANI – Warta Sunda Onliné,
C
|
euk
Ketua Yayasan Al-Muhajirin Kabupatén Purwakarta, DR. KH. Abun Bunyamin, MA ka Warta Sunda Onliné, poé Senen, (12/8) di
MI Al-Muhajirin & MTs Al-Wathon, ngajelaskeun yén para peserta didik
Madrasah Ibtidaiyah (MI) Al-Muhajirin kampus 4, dina acara meuncit hewan qurban.
Lain saukur acara meuncit qurban wungkul, tapi tujuannana mah, yén para peserta
didik diwanohkeun kana pentingna Syi’arna Agama Alloh (Islam), pikeun leuwih
ngaronjat syi’arna tur bisa katémbong di mata dunia.
Dipiharep dina Idul Adha ieu, para
peserta didik MI Al-Muhajirin hususna siswa kelas I, ayana pembelajaran keur
barudak sangkan rajin sodakoh. Engkéna mun geus gedé, barudak geus bariasa
dermawan komo sok ngabantu warga nu teu mampu, kajaba bisa berbagi ka sasama
mah. Anapon kitu harepan KH. Abun Bunyamin, yén para peserta didik mun biasa dilatih
ti keur leutik, tangtuna engké mun geus dewasa biasa sodakoh. Da geus aya dina
dirina sewang-sewangan. Malah mandar boga sifat welas asih ka sasama.
Pihakna tiap taun ngalaksanakeun
ibadah qurban, malahan taun ayeuna mah ngurbankeun 20 sapi jeung 40 domba hasil
tina kulawedet Al-Muuhajirin, sumbangan perorangan ti warga masarakat, katut hasil
rereongan para santri-santriwan sareng mahasiswa nepika ngawujud hewan qurban sapi.
Tina 4 titik kampus nu aya di
AL-Muhajirin téh ngawengku diantarana Kampus 1 aya 6 ekor sapi sareng 6 ekor
domba. Kampus 2 aya 5 sapi jeung 10 ekor domba. Kampus 3 aya 4 sapi sarta 10 domba.
Sedengkeun di Kampus 4 aya 2 sapi sarta 4 domba. Hasil tina meuncit éta téh,
dagingna didistribsikeun ka warga nu aya disakuliaheun tiap kampus.
Sedengkeun ceuk salahsaurang siswa MI
Al-Muhajirin, Sefa Septianto Sastra Diwangsa, ningali diburuan sakolana aya nu meuncit
qurban téh sedih, lantaran sato (sapi) dipeuncit kaluar getih.***