WARTA TI HONGKONG : Lebaran Jeung Demo
D
|
emo di Hong Kong, beuki parah. Ampir dua poé sakali warga turun ka jalan protes ka pamaréntah. Demo anu asalna nolak Undang-undang Ektradis jadi ngalegaan menta demokrasi. Demo teh asalna mah lumangsung kalayan tartib, ngan kabeh dieunakeun jadi kacow.
Komo satutas aya tragedi Yuen Long, harita téh poé minggu
peuting, warga nu tos demo rék marulang naék kareta. Pas nepi ka stasion Yuen
Long, ujug-ujug diserang ku kelompok preman.
Warga ditareunggeulan maké awi jeung beusi, salain ti warga nu
tas demo, warga nu liwat ogé milu diteunggeulan, kaasup salah saurang anggota
perlemen. Anéhna pulisi euweuh nu datang telepon darurat ogé teu berpungsi,
korban nu tatu parna nepi ka opat puluh urang.
Dua jam sanggeus kajadian pulisi kara datang. Warga jadi curiga,
isukna warga ménta pulisi ngayakeun penyelidikan sacara transparan. Horéng
cenah nu nyerang warga téh triad bayaran ti peuntas.
Ti harita warga nu demo beuki ngalobaan, asalna ngan ukur nolak
undang-undang jadi nuntut repormasi jeung nuntut sangka kasus penyerangan
diselediki. Warga ngarasa kuciwa ka pamaréntah lantaran teu mampu nyumponan
paménta rahayat, batan nyumponan paménta rahayat kalah ngaluarkeun cara kasar.
Balukar tina demo, anu lamansung ampir unggal poé, salila dua
bulan ieu, ekonomi Hong Kong jadi anjlok.
Nurutkeun Carrie Lam, Wali Kota Hong Kong, anjlokna ekonomi Hong
Kong balukar tina demo leuwih parna batan serangan sars taun 2005. Kulantaran
kaayaan Hong Kong kurang aman, turis jadi sarieuneun datang ka Hong Kong. Geus
tilu poe bandara oge dicicingan nu demo, ti poe jumaah nepi ka poe ieu.
Basa minggu kamari, Konsulat tos ngumumkeun rek ngalaksanakeun
Salat Idul Adha, di Victoria Park. Lantaran nurutkeun warta mah poenan Idul
Adha euweuh jadwal demo di dinya. Ana heg teh, basa poe Kemis, pulisi Hong Kong
ngiberan, yen Poe Ahad tanggal 11 aya nu rek daremo deui.
Atuh warga Muslim nu rek ngalaksanakeun salat teh rada tagiwur,
untungna anu demo teh teu ngaganggu kana kagiatan ibadah umat muslim. Nu demo
datangna beurang. Konsulat ngiberan, sangkan warga salatna tartib ulah
ngaganggu warga Hong Kong, tas salat gancang bubar, ti lokasi.
Kuring mah milih tenpat salat anu teu pati jauh ti padumukan,
nyaeta salat di Shatin Park, da kitu parentah ti konsulat oge. Mun deukeut
padumukan aya tempat salat mah mending salat dinu deukeut wae ameh aman.
Alhamdulillah..
Salat lumangsung kalayan lancar. Nu demo kalaluar tadi beurang
sakitar jam duaan. Bubar salat kuring mah kumpul-kumpul jeung babaturan neangan
tempat nongkrong nu aman tinu demo. Sabenerna teu sieun kunu demo da nu demo
mah teu ngaganggu, ngan sieun nu demo bentrok jeung triad, sab geus aya hiliwir
beja, pasukan triad rek nyerang deui cenah. Tadi tos ulin jajap babaturan, da
teu nyahoeun jalan, balikna naek kareta, pas rek asup ka stasion, ari burudul
teh nu rek demo.
Reuwas meni ngeleper. Ari pek mah meni balageur nu demo teh,
saromeah. "Cece em sai keng, ngotei em wui kao lei, ngotie wui bui lie
komalu," cenah. (Teteh ulah sieun, kami moal ngaganggu maneh, kami rek
mantuan maneh meuntas) Geus ngaromong kitu laju harideung ngajajar ngabentuk pager
betis meuntaskeun kuring.
Pangalaman luar biasa.
Ulah naroskeun soal kurban, teu patos apal kumaha prak-prakan
kurban di dieu mah. Da meuncit sato kurban teu meunang sagawayah, teu meunang
dimana karep, cenah aya tempat husus meuncit sato kurban di Happy Valley, ngan
kuring can kungsi ka ditu.***
Kintunan Téh Cici ti Hongkong