WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GARUT : Pangbagéa Garut ti Pa Mentri Ngiring Aub PESTIVAL DESA WISATA NUSANTARA


Pangbagéa Garut ti Pa Mentri
Ngiring Aub
PESTIVAL DESA WISATA NUSANTARA

GARUT – Warta Sunda Onliné,
C
euk Abang Anton Galuma, Ketua ASOSIASI USAHA DAYA TARIK WISATA KABUPATEN GARUT. Sawatara waktu katukang, ping 12 - 14 Agustus 2019 di Grand Sahid Jaya, Jalang Jendral Sudirman Kav. 86 Jakarta, ngiring aub dina acara rakor di Betawi nu tujuannana nga-bewarakeun PESTIVAL DESA WISATA NUSANTARA. “Nya, Alhamdulilah simkuring boga bekel pikeun ngamajengkeun désa wisata kususna nu aya di wewengkon Garut kanggo Indonésia.”
Kaleresan acara dihadiran ku Bapa Mentri Pembangunan Désa Tertinggal  dan Imigrasi. Dina biatarana, Pa Mentri, Eko Putro Sanjoyo, yén aya sababaraha aturan nu kudu ditataharkeun keur kamajuan désa wisata di sakabeh nagari. “Simkuring, umajak ka balarea, hayu urang ngawangun désa pikeun ngaraharjakeun wargana pikeun kalangsungan hirup-huripna dina sapopoéna.” Kitu ceuk Abang nirukeun omongan Pa Mentri.
Lian ti éta simkuring ogé salaku PUPUHU ASUDAWI GARUT, asosiasi ieu téh pikeun mincut daya tarik wisata Kabupatén Garut. “Umajakna, hayu urang wangun désa wisata urang kalayan téangan naon anu bisa di wangun jadi wisata.”
Pihakna gawé bareng sareng pamaréntah kususna kabupaten tur  provinsi ogé pusat. Sangkan langkung di perhatikeun keur kamajengan asosiasi, supaya bisa nyiptakeun SDM-SDN di lembur. Malah mandar ngamajengkeun social, budaya, pariwisata, ekonomi, jeung ekologi.
Kajaba ti éta ogé, dina raraga ngajalankeun Undang-undang No. 5 taun 2017 ngeunaan kamajengan kebudayaan, pon kitu UU no 10 taun 2009 ngeunaa kepariwisataan sarta UU No. 6 tahun 2014 ngeunaan pangwangunan désa. Ieu téh peryogi gawé anu rancagé hususna ka BUMDES supaya leuwih maju deui. Keur mah bumdes téh minangka mitra keur ngamajengkeun désa wisata.” Pokna Abang Anton Galuma.***

Subscribe to receive free email updates: