WARTA TI CIMAHI, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Warga Adat Kp. Buyut Cipageran Tiap Taun Sok Ngagelar “Seren Taun Kampung Buyut”
Warga Adat Kp. Buyut Cipageran
Tiap Taun Sok Ngagelar
“Seren Taun
Kampung Buyut”
Keterangan Poto : Dedi Kuswandi (nganggo raksukan bodas) pupuhu Kampung Buyut Ciptageran oge Anggota DPRD di Fraksi PAN disarengan Walikota Cimahi H. Ajay Priatna
CIMAHI – Warta Sunda Onliné,
P
|
ikeun anu sakitu kalina, warga
Kampung Buyut Cipageran, Kelurahan Cipageran, Cimahi Kalér, Kota Cimahi, sawatara
waktu katukang kungsi ngagelar acara seren taun. Ngan husus dina seren taun
kalawan jejer Seren Taun 22 Raya Agung 1954 Saka, Pangdam III/Siliwangi Mayjen
TNI Besar Harto Karyawan, S.H, M.Tr
(Han) ngaluuhan.
“Pangdam
ngaluuuhan acara tradisi budaya ieu téh minangka anugrah kanggo warga adat mah,”
ceuk Dedi Kuswandi, panangkes tur penanggungjawab acara ka Warta Sunda Onliné,
poé Saptu (27/7) di Kampung Buyut Cipageran Cimahi Jalan Kolonel Masturi Km 3.
Acara seren
taun téh minangka acara tradisi nu diayakeun unggal taun di Kampung Buyut.
Prosesina diawitan ku acara bubuka
pidangan kacapi rajah jeung maca ayat suci Al-Qur’an. Diteruskeun, macakeun
teks Pancasila, dipungkas ku pintonan seni budaya.
“Sim kuring
miharep, malar pamaréntah sareng warga kabuyutan sareundeuk saigel sabobot
sapihanéan keur ngaraharakeun rahayat,” ceuk Dedi Kuswandi.
Lain halna
ceuk Pangdam III/Siliwangi Mayjen TNI Besar Harto Karyawan, S.H, inyana miharep acara nu
saperti kitu téh tetep dilaksanakeun warga adat, alias tetep dirumat
didama-dama saban taun. “Hayu urang sasarengan ngarumat tur ngamumulé tradisi sareng
kearifan lokal hususna di wewengkon Kampung Buyut Cipageran, Kelurahan
Cipageran, Cimahi Kalér, Kota Cimahi,” pokna.
Lian ti
éta, yén Negara Indonésia téh beunghar ku budaya ti mimiti Sabang nepi ka
Merauke. Ku kituna ieu perlu dipertahankeun sangkan tong nepi ka negara
deungeun diaku ajén-inajén budaya urang, hususna budaya Sunda.*** (Handa/Jajang)