WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI CIMAHI : Arang Langka Nonoman Nu Resep Kana Kroncong


Arang Langka Nonoman
Nu Resep Kana Kroncong.

CIMAHI – Warta Sunda Onliné,
K
reatifitas para seniman nonoman Bandung, teu eleh geleng dina nyanghareupan jaman. Sok sanajan ayeu jaman milenia. Tapi ku karancagéan para seniman Bandung kana seni lagu-lagu kroncong.
Dina ha lieu mah, para nonomas seni Bandung éta téh, ti taun 2018 katukang geus ngabentuk Keroncong Milenial nu diaranan “NAZAR MUSIC”. Malah mandar nyuguhkeun lagu-lagu genre lagu keroncong.

Lian ti ngamumulé tokoh legendaris Mus Mulyadi, nu peduli dina laguu-lagu keroncong. Ayeuna nonoman Bandung milu aub tur ngaguar lagu-lagu keroncong. Kitu ditetelakeun ku Manager Nazar Music (Siriya) ka Warta Sunda Onliné, di Cenghar Kopi sawatara waktu katukang.
Pihakna tetep rék konsen kana lagu-lagu karya Mus Mulyadi, tapi keur genep urang personel minangka jadi uar pangajak ka para nonoman, sangkan mikacinta kana lagu-lagu asli Indonésia.
Sedengkeun para personil na éta téh diantarana Nazar, Dwipa jeung Siriya.
Lain halna ceuk, salahsaurang nonoman urang Cimahi, Fudi (30), “yén arang langka nonoman nu mikacinta kana lagu-lagu kroncong, komo ieu NAZAR  MUSIC ngiblat kana lagu-lagu Mus Mulyadi,” pokna. *** Handa

Subscribe to receive free email updates: