WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA KEPANDUAN : Lahan Perhutani “CIAWI” Dipiharep Jadi BUPER


Lahan Perhutani “CIAWI”
Dipiharep Jadi BUPER





PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
L
AHAN Perhutani nu aya di Kampung Ciawi, Désa Sindangpanon, Kecamatan Bojong, Kabupatén Purwakarta dipiharep ku warga kepanduan Bojong, jadi tempat bumi perkemahan Kecamatan Bojong. Nilik tina lahan nu sakitu hadéna pikeun buper kalayan sirah caina teu pati teuing jauh.
Dinabiantarana  Ka. Mabiran Bojong, Drs. Wawan Darmawan, M.Si miharep ka para pamilon Jamboré Ranting Taun 2019 Kwarran Bojong, pihakna peupeujeuh sangkan miara sumber cai, ngajaga lingkungan sabudeureun buper.
“Omat, sirah cai kedah dimumulé tur dipiara, kulantaran ayeuna mah keur warirat ku cai,” pokna Mabiran.
Lain halna ceuk Kepala Désa Sindangpanon, Kecamatan Bojong, Denden Pranayuda, SE dina riungan sareng pihak kwarran sapagodos pikeun merjuangkeun buper ieu. Malahan, pihak masih koordinasi jeung pihak kecamatan keur koordinasi sareng perhutani. “Do’akeun tur rojongan ti sadayana sangkan nu dicita-citakeun mibanda buper téh ngawujud,” pokna.
Sedengkeun ceuk Ketua Kwarran Bojong, Lukman Suherman, S.Pd, M.Pd ka Warta Sunda Onliné via WA na, keur ngahadiran acara di Kwarcab Purwakarta ngawakilan anggota nu lainna. Dina WA-na, inyana sapagodos nu kahoyong ti Ka Mabiran tur Pa Kadés pikeun ngawujudkeun “CIAWI” BUMI PERKEMAHAN Kwarran Bojong.
Béda deui ceuk Ketua Panatacalagara, A. Fadli, S.Pd.I ka Warta Sunda Onliné, ngajelaskeun kana kagiatan Jamboré Ranting Taun 2019 Kwarran Bojong nu dipuseurkeun di Buper Ciawi, ti mimiti ping 13 – 15 Agustus 2019, témana ngeunaan “Pramuka Bisa, Kwarran Bojong Jaya”. Sedengkeun pamilon nu milu aub téh ti tingkat SD jeung SMP sa-Kecamatan Bojong. Tiap pangkalan ngintunkeun 1 regu putra sareng 1 regu Putri (@ 11 urang).
Ceuk Sekretaris Panatacalagara, Dedi Supriadi ngajentrekeun yén kagiatan nu saperti kitu téh tujuanana pikeun ngareuah-reuah Milangkala Pramuka ka-58 Taun 2019. Pon kitu deui minangka evaluasi para pembina ka peserta didik. Sedengkeun jumlah pamilon aya kana 726 urang nu ngawengku ti 22 Siaga, 11 penggalang sarta 3 penegak.***
Keterangan Poto : Perwakilan panatacalaga dina ngareuah-reuah milangkala Pramuka ka-58 Taun 2019.*  

Subscribe to receive free email updates: