WARTA GEDONG DEWAN : Komposisi Fraksi-Fraksi DPRD Purwakarta Geus Terbentuk
Komposisi Fraksi-Fraksi
DPRD
Purwakarta
Geus Terbentuk
GEDONG DEWAN – Warta Sunda Onliné,
K
|
OMPOSISI susunan pangurus fraksi-fraksi di DPRD Kabupatén Purwakarta
ngaliwatan rapat paripurna DPRD Purwakarata, poé Rebo (14/8), tadi isuk geus
ngahasilkeun ketua fraksi sinareng anggota fraksi nu dibuka langsung ku Ketua
DPRD Kabupatén Purwakarta, H. Ahmad Sanusi.
Nurutkeun Ahmand Sanusi, luyu sareng katangtuan Pasal
162 ayat 1 UU No.23/2014 ngeunaan pemerintah,
untuk mengoptimalkan pelaksanaan fungsi, tugas dan wewenang DPRD maka
dibentuk fraksi sebagai wadah bagi anggota DPRD Kabupaten.
”Saméméhna, pihakna geus nepikeun surat ka masing-masing
partey. Alhamdulillah usulan susunan fraksi ti unggal
partey lengkap geus katarima, nya ngagampangkeun rapat paripurna luyu sareng nu dijadwalkeun,” pokna deui.
Saacanna, aya interupsi anggota DPRD ti PKB Hidayat, S.TH.i, kulantaran can resmina Ketua DPRD definitif, rapat paripuna can bisa mengesahkan susunan
fraksi-fraksi.
”Padahal, luyu sareng PP 12/2018 nu ayeuna, yén Ketua DPRD
sementara sifatna ngan saukur méré fasilitas pikeun ngawujudna fraksi-fraksi, sangkan bisa disahkeun dina rapat paripurna nu bakal
datang, meun seug Ketua DPRD definitif geus kapilih,” pokna.
Jadi, ceuk Hidayat, ayeuna bisi ayana
parubahan-parubahan nu samistina, kususna ngaran-ngaran pangurus fraksi. ”Saméméh disahkeun engkéna, malihan ti ayeuna kénéh bisa aya parubahan,” pokna.
Ahmad Sanusi, nyebutkeun sok sanajan ayana usulan ti
anggota nu lain, ngarah gampang nyieun berita
acara luyu sareng rapat paripurna. ”Malahan, rék
dijieunkeun berita acara, ogé langsung
ditandatangan ku ketua-ketua fraksi nu pinilih
téa,” pokna.
Ceuk, Ahmad Sanusi dihandap ieu ngaran-ngaran pangurus fraksi hasil tina usulan ti partai masing-masing jeung nota kesepahaman nu dijieun babarengan di internal partai.
Dina hal ieu
mah, Ketua Fraksi Golkar Hj. Nenah Rohanah,
Wakil Ketua Fraksi Yulian Irsyafri, SM, Sekretaris Dias Rukmana Praja,
SE. Ketua Fraksi Gerindra Zusyef Gusmawan, SE, Wakil
Ketua Fraksi Hj. Nina Heltina, Sekretaris Said Ali Azmi. Ketua
Fraksi PKB Hidayat, S.Th.I, Wakil Ketua Fraksi
Alaikassalam,S.H.I Sekretaris Ceceng Abdul Qodir, S.Pd.I. Ketua
Fraksi PDIP Yadi Nurbahrum, Wakil Ketua Fraksi Hj. Ina Herlina, Sekretaris
Lina Yuliani. Ketua Fraksi PKS Dedi Juhari, Wakil Ketua Fraksi Muhsin
Didin Hendrawan, SE Sekretaris Ir. H. Moh. Erif Kurniawan, MM. Ketua
Fraksi Berani (gabungan partai PAN, Hanura, Berkarya) H. Agus Sundana
Wakil Ketua Fraksi Muhdin Junaedi, Sekretaris H. Asep Abduloh. Ketua Fraksi Pembangunan Demokrasi Nasional (gabungan partai Demokrat, PPP,
dan Nasdem) Asep Candra Teja Kusuma, Wakil Ketua Fraksi Yanthi Nurhayati,
S.Pd , Sekretaris Conrad Surawijaya.
”Inyana miharep sangkan dina ngalaksanakeun tugasna sing bisa rasa tanggung jawab anu serieus luyu sareng katangtuan dina peraturan perundang-undangan, nu dilandasan rasa kebersamaan, persatuan dan
kesatuan, sarta saling mihormat sasama
anggota nu lainna,” kitu harepan Ahmad Sanusi basa mungkas acara rapat paripurna.*** (Humas DPRD)