WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI DARANGDAN : Para Peserta Didik SMAN 1 Darangdan Diwanohkeun Tata Cara Qurban jeung Manasik Haji


Para Peserta Didik SMAN 1 Darangdan
Diwanohkeun 
Tata Cara Qurban jeung Manasik Haji

Keterangan Poto :
Para Siswa Kelas X Diajar Manasik Haji, Poto Inzet Tanty Erlianingsih, M.Pd (Kasek SMAN 1 Darangdan)*
DARANGDAN - Warta Sunda Onliné,
N
abi Ibrahim téh katelah Bapana para Nabi. Pangna disebut kitu, Nabi Ibrahim kacida pinuji. Inyana mampu lulus tina rupaning ujian jeung cocoba ti Alloh SWT. Nalika dibéré katurunan nu beunang hayang sanggeus sawatara taun dianti, témpo gumelar Ismail dina mangsa dewasa kudu dikurbankeun. Nya kukawasaning Alloh, Ismail digantikeun ku sato domba.
Tah, makna pinujina Nabi Ibrahim nu geus hasil ngatik kulawargana sahingga taat ka Alloh pikeun ngajalankeun paréntah-Na soksanajan beurat. Kitu deui ngatik garwana sahingga tetep sabar sarta tawakal tur tumut kana parntah Alloh, sok sanajan ditinggalkeun di tempat hara-haraeun bari ngemban titipan budak, Ismail orok.
Kitu mertalakeun Guru PAI SMAN 1 Darangdan, H. Tatang Adi Nugeraha, S.Ag ka para peserta didik nu nyaksenan Tata Cara Qurban jeung Pelatihan Manasik Haji kelas X, poé Salasa, (13/8) di SMAN 1 Darangdan.
Dina kasempetan éta, ogé Kepala SMAN 1 Darangdan Kabupatén Purwakarta, Tanty Erlianingsih, M.Pd basa ditalek ku Galura, nyeubutkeun yén kagiatan disakolana téh tos 7 taun ngayakeun kagiatan keagamaan nu dikemas dina Pelaksanaan Tata Cara Qurban jeung Pelatihan Manasik Haji Kelas X.
“Tujuan kagiatan nu saperti kitu téh, pikeun para peserta didik pikeun dialajar kaélmuan dina tata cara meuncit hewan qurban tur cara-cara manasik haji. Pon kitu deui dipiharep, engkéna dimana tos mampu gaduh rejeki sodakoh keur kurban. Malah mandar nepika angkat ka tanah suci, hajian mah,” pokna Bu Tanty nu mupuhuan sakola ti 2016.

Lain halna ceuk, Pembina Osis, Dihdih Sa’diah, SP. Inyana ngajelaskeun yén para siswa digilir sakur nu kelas X kedah ngiringan Tata Cara Manasik Haji. Sedengkeun peserta didik nu lainna mah dialajar cara-cara berqurban.
Sedengkeun ceuk perwakilan Siswa Kelas XII IPA-1, Walid M Taufik, nalika diwawancara, dirina ngarasa bungah kulantaran bisa leuwih apal dina adab-adab hajian tur tata cara meuncit hewan qurban. “Malah mun panjang yuswa tur aya rejeki nu ageung hoyong tiasa hajian ti keur ngora kénéh, ngarah dina ibadah hajian tanaga masih fit,” pokna.*** Anto S

Subscribe to receive free email updates: