WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PELESIRAN : Puluhan Urang Pengguna Medsos Dibebenjokeun Walking Tour 2019


Puluhan Urang Pengguna Medsos
Dibebenjokeun Walking Tour 2019
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
Puluhan urang nu biasa ngagunakeun media sosial, ku pihak Dinas Pemuda, Olahraga & Pariwisata Budaya (Disporaparbud) Kabupatén Purwakarta, diseleksi kana puluhan urang. Pikeun leuwih konsen kana ngawartakeun sakuliaheun dunya wisata. Malah mandar, tiap urangna nu update folowerna undak nepika 3.000 urang folower. Kitu ditetelakeun ku Sekretaris Disporaparbud, Heri Anwar tadi isuk ka Warta Sunda Onliné, Saptu (24/8) di Bakorwil Purwakarta.
Pihakna, miharep para pengguna media sosial ieu anu diayak nepikana puuluhan urang téh ngawengku ti Kabupaten / Kota Bandung, Sukabumi, Cianjur, Karawang jeung nu lainna. Samalah, aranjeunna diulem ngiring aub dina kagiagatan Walking Tour 2019, nu tujuanana pikeun leuwih anteb dina ngawanohkeun destinasi tempat-tempat wisata nu aya di Purwakarta.


Lian ti éta, puluhan urang téh diajak jalan-jalan ceuk basa kerenna mah Walking Tour 2019 nu rutena ti Eks Bakorwil ngaleut ngabandaleut mapay Situ Buleud, Diorama, Gedong Kembar tur tumpak sarana transportasi Kidang Pananjung keur ngajugjug Mesjid Tajug Gedé Cilodong.
Aranjeunna puta-poto sakur nu katémpo di jepret kodak jeung kamera nu séjénna pikeun ngahasilkeun potrétan anu hadé. Malah ceuk Sekdis Disporaparbud, “pamilon nu Pinunjul ka-1 Baris nampi Voucher haratis pengnepan di Hotel Harper jeung Plaza Hotel,” pokna.
Dina kasempetan éta, redaksi ngawawancaraan salah saurang pamilon, sebut waé Néng Heni (23) nu hobina puta-poto jeung ngamangpaatkeun tehnologi, ku ngiring aubna janten pamilon dina kagiatan nu diayakeun ku pariwisata disporaparbud. Inyana kataji ku hasil pangwangunan tur kaéndahan Purwakarta kiwari. Malah euyeub pisan destinasi wisata Purwakarta téh ti suklak-ka siklukna, ti mimiti wisata kuliner, wisata religi jeung wisata-wisata nu lainna.
Ku kituna dina ngiring aub éta tiasa nyumbangkeun informasina ka halayak ramai hususna warga Jawa Barat, umumna warga Purwakarta nu masih can apal tempat-tempat destinasi wisata,” pokna Heni warga Purwakarta.
Lain halna ceuk, Cep Idang nonoman urang Karawang ngarasa reueus kamajengan Purwakarta hususna di dunya wisata. Malahan kataji ku tempat destinasi di Tegalwaru ngeunaan Sasak Panyawangan.***

Subscribe to receive free email updates: