PANGAJARAN BASA SUNDA : NYÉRÉNKEUN CALON PANGANTÉN PAMEGET & PANAMPIAN TI CALON PANGANTÉN ISTRI (Foto & Video Upacara Adat Pernikahan Jaman Bihari)

PANAMPIAN TI CALON PANGANTÉN ISTRI
(Foto & Video Upacara Adat Pernikahan Jaman Bihari)
Kintunan : Akoer Lah II
1. Nyérénkeun Calon Pangantén Pameget
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَٰنِ الرَّحِيمِ
- Assalamu’alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
- Alhamdulillaahi nahmaduhu, wa nasta’inuhu, wa nastaghfiiruhu, wa na’udzubillaahi min syuruuri anfuusina, wa min syayi`aati a’maalinaa, mayyahdilaahu falaa mudhillalah, wama yudlil falaa haadiyalah. Asyhadu an laa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rasuuluh, laa nabiya ba’da. Allahumma shalli wa salim wa baarik ‘alaa muhammadin wa ‘alaa aalihi wa shahbihi ajmaiin. Amma ba’du:
Langkung ti payun nyanggakeun sewu bebendu, laksa duduka, hapuntenna anu kasuhun, réhna sim kuring sabondoroyot parantos kumawantun cologog tumorojog tanpa laratan ka ieu patempatan, maksud nyalusur saur kapungkur, mapay sugan ngudag harepan, jangji pasini nu tos matri ‘na ati sanubari, basa harita kantos hempak merbayaksa, ngarérémokeun si Ujang sareng si Nyai nu sapuk jucung ka balé nyungcung.
Nya dina mangsa ieu pisan aya maksad mitembeyan, nyusul saur nagih jangji, ngudag sugan jeung harepan. Seja maheutkeun galeuh-galeuhna rasa nu nyaliara jero dada. Galeuhna galih anu suci, dina ati anu wening, antawis si Ujang sareng si Nyai. Malah mandar tinekanan sapaneja.
Sim kuring surti kumaha pamundut nu geulis ngeunaan sarat pikeun si Jalu. InsyaAllah moal sulaya, jalaran si Jalu ogé kantos sumpah ka sim kuring, yén “ulin mah moal ka Bandung, rék maneuh ka cai baé, kuring mah moal rék nyandung, rék deudeuh ka nyai baé”. Ieu mah sanés sumpah serapah téa manawi, tapi sumpah si Jalu pikeun nu geulis. “Taya bangban taya jeungjing, waliwis di cai baé, taya lawan taya tanding, nu geulis mung Nyai baé”. Saurna mah ieu teh ladang panalungtikan anu lantip ka saban nagri. Diaprak jeung diider, lapur henteu manggih jiga nu geulis. “Euleuh kuntul rék ka cai, kalangkangna pasalia, deudeuh ngawungkul ka nyai, akang seja rék satia”. Sanés maksud ngarayud ieu mah, leres-leres jangji nu masagi. Antukna “És lilin buatan Bandung, dicandak ka Cipaganti, akang isin bararingung, sok inggis henteu ngajadi”. Éstuning miharep taya hinggana. Ku kituna, hapunten nu kasuhun, sim kuring seja rék maksa, réhna “waliwis ulah dikaburkeun, cau apus ka halukeun baé, nu geulis ulah dikabaturkeun, husus keur si Jalu waé”. Kitu manawi.
Isin anu taya hinggana, dungkap ka dieu téh “éstuning rinjing ti Jawa, bokor kantéh dina méja, éstuning teu jingjing bawa, lémor téh sanés ceuk béja”. Tapi aya ieu ogé sakedik cacandakan, husus pikeun nu geulis. Térong lonjong sasolor, sareng muncang dampa dua guruntul, maturan nu ngaréngkol jeroeun kolor. Pikeun jimat mangsa keur rungsing. Ilang-along margahina, nyanggakeun rambutna salambar, getihna sakeclak, ambekannana sadami, tos teu ngaboga-boga deui. Sadaya-daya, mugia katampa tur dipirig ku kabagjaan.
Atuh salajengna mah “Béak daun béak randu, unggal poé disantokan, béak taun béak windu, moal weléh diantosan”. “Batu turun keusik naék, kalapa tonggoheunana, Itu purun ieu daék, sarua bogoheunana”. Kantun prung ka balé nyungcung. Salajengna mah seja ngiringan kana saniskara katangtosannana.
Pamungkasna, luhur saur bahé carek, hapuntenna anu kateda, Saninten puring jeung jinten, ti Baros ka Parapatan, hapunten kuring hapunten, tangtos seueur kalepatan. “barakallahu laka wa baraka ‘alayka wa jama’a baynakuma fi khayrin”. Billahi tawfiq wal hidayah, wassalamu ‘alaykum warahmatullahi wabarakatuh.
2. Panampian Calon Pangantén Istri
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَٰنِ الرَّحِيمِ
Assalamu’alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
Alhamdulillaahi nahmaduhu, wa nasta’inuhu, wa nastaghfiiruhu, wa na’udzubillaahi min syuruuri anfuusina, wa min syayi`aati a’maalinaa, mayyahdilaahu falaa mudhillalah, wama yudlil falaa haadiyalah. Asyhadu an laa ilaaha illallaahu wahdahu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rasuuluh, laa nabiya ba’da. Allahumma shalli wa salim wa baarik ‘alaa muhammadin wa ‘alaa aalihi wa shahbihi ajmaiin. Amma ba’du:
Wilujeng sumping, nyanggakeun tina saniskara kakirangannana, jalaran mung sakieu kabuktosanana. Maksud mah rék ka humakeun, munding lindeuk ngahalangan, maksud hoyong nyugemakeun, nanging kieu kaayaan. Sewu bebendu laksa duduka, hapunten anu kasuhun.
Tadi parantos kasaksén ku para wargi sadaya, réhna kasumpingan tatamu maksad nyubadanan jangji pasini wanci kamari, lubar kecap mangsa harita, yen si kasép teh maksad mapaykeun pikeun repok jodo jatu krami ka si nyai, jucung maksud ka balé nyungcung, cacap maksad panganténan.
Nanging hapunten sateuacanna, sim kuring teh nampa haréwos bojong ti “si Nyai”. Abdi mah alim di Bandung, sieun ka Sumedang hilir. Abdi mah alim dicandung sieun ditinggalkeun kilir. Abdi mah alim di Bandung, hoyong ka Soreang bae. Abdi mah alim dicandung, hoyong ku sorangan baé.
Nya saha atuh isteri anu hoyong diwayuh? Apanan sumpahna ogé “cadu mungkuk haram dempak kudu dicandung mah”. Amit-amit jabang bayi kecapna ogé. Baju soéh tatambalan, kaput gedé jarumatna, daék sotéh ngawulaan, lamun hadé rumawatna. Ngala antanan ka jami, cau emas tengah huma, kahayang ulah rék lami, geura unjukan ka Ama.
Tadi parantos kauninga ku sadayana, réhna tatamu téh aya maksad hoyong geuwat cacap pamaksadan ayeuna. Samalah implik-implikna “pajah téh rinjing ti Jawa, padahal kasintu ganti areuyna, pajah téh teu jingjing bawa, padahal mani sakitu reumbeuyna”. Hatur nuhun, katampi ku asta kalih, kasangga kalingga murda, kanyaah kaasih ti salira pangersa. Nanging inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang, kacida matak risina, boh bilih lepat narimakeunnana. Sewu bebendu laksa duduka, hapuntenna anu kateda. Nyanggakeun sadaya-daya.
Atuh salajengna mah “Béak daun béak randu, unggal poé dibikeunan, Béak taun béak windu, moal weléh diantosan. Nya badé kasaha deui atuh tuang engkang teh aya maksad. “Batu turun keusik naék, kalapa tonggoheunana, itu purun ieu daék, sarua bogoheunana”. Kantun prung ka balé nyungcung. Teu kituna ogé itu bapa Naib parantos lami ngantosan.
Batu akik mata ali, dina peti wadah uang, wantu abdi sanés ahli, sepi harti kirang luang. Saninten puring jeung jinten, ti baros ka parapatan, hapunten kuring hapunten, tangtos seueur kalepatan.
Pamungkasna “barakallahu laka wa baraka ‘alayka wa jama’a baynakuma fi khayrin”. Billahi tawfiq wal hidayah, wassalamu ‘alaykum warahmatullahi wabarakatuh.***