WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MITRA MEDAR : DIRGAHAYU JEUNG MILANGKALA

DIRGAHAYU JEUNG MILANGKALA

Kecap "dirgahayu" asalna tina basa Sangsekerta "dirgahayu", anu hartina 'panjang umur'; kiwari jadi kecap pangwilujeng ka nu milangkala, saperti nagara urang ayeuna. Upama nilik ka dinya, pangwilujeng anu merenah kieu:
- Dirgahayu Republik Indonesia
- Dirgahayu Indonesia
- Dirgahayu R.I.
Kecap "milangkala" sasaruaan tina "ulang taun". Éta gé sarua sok dipaké ngawilujengkeun ka nu tepung taun. Contona:
- Wilujeng Milangkala ka-74 Indonésia
- Mapag Milangkala ka-74 Républik Indonésia
Basa Indonésiana:
- Selamat Hari Ulang Taun ke-74 Indonesia
- H.U.T. ke-74 Republik Indonesia.
- Menyambut H.U.T. ke-74 R.I.
Kadé nya ulah nuliskeun kieu:
- Wilujeng Milangkala Indonésia ka-74
- H.U.T. Republik Indonesia ke-74
- H.U.T. R.I. ke-74
Sabab Indonésia atawa R.I. mah ngan hiji-hijina. Euweuh Indonésia atawa R.I. kahiji, kadua, ka-25, ka-70, komo ka-74 mah.
Logika basana kudu merenah.***
Budi Rahayu Thamsyah

Subscribe to receive free email updates: