MAPAG KAMERDIKAAN RI : Préstasi nu Sampurna Ku Pengkab PPI Purwakarta
Préstasi nu Sampurna
Ku Pengkab PPI Purwakarta
PURWAKARTA – Warta
Sunda Onliné,
T
|
arékah jeung
patéah Ketua Purna Paskibraka Indonésia (PPI) Kabupatén Purwakarta sarta pamaréntah daérah dina
raraga mapag poé Kamerdikaan Negara Kesatuan Rrepublik Indonésia ka 74 taun.
Pihakna geus mere kasempetan ka para nonoman nu aya dina beungkeutan Paskibraka
Kabupatén Purwakarta.
Dina hal ieu
mah para nonoman paskibraka éta téh, aya nu wawakil ka tingkat nasional katut
provinsi, pon kitu deui tingkat kabupatén.
Nilik tina
sajarah ti taun 1984 paskibraka Kabupatén Purwakarta nu kungsi disangking ku
Agus Taji (Alumni SMAN 1 Purwakarta) tepi ka ayeuna 21 taun kakara deui hudang
tina ngimpina, yén para nonoman paskibraka Purwakarta asup jeung bersaing di
Tingkat Provinsi nepika ka Tingkat Nasional. Ieu téh ngarupakeun karancagéan stake holder anu hade bias nyumarita
deui di tingkat nasional jeung provinsi Jawa Barat.



Ku kituna, neda pidu’a kasadaya ieu
pamaos Warta Sunda Onliné, sangkan Pelajar
putri kelas X di SMAN 1 Purwakarta Fara El Diba téh tiasa janten pembawa baki bandera
beureu-bodas. Lantaran ieu nu jadi kameumeutna ti para pasukan pengibar
bendera. “Komo mun nepika salaku pengerek bendera mah,” pokna Anas Gunadi
manten mojang-jajaka.***