MAPAG KAMERDIKAAN RI : Bandera Beureum-Bodas Geus Dipiwanoh Sa-Antero Nusantara
Bandera Beureum-Bodas
Geus Dipiwanoh Sa-Antero Nusantara
6
|
000 taun saacan masehi, yén
bandera Beureum-Bodas (Merah-Putih) téh geus dipaké saantero Nusantara. Kitu
ceuk paniténan Muhammad Yamin nu nyieun bandera beureum-bodas nu tepi ka ayeuna
jadi bandera RI. Malah mandar harita penduduk zaman purba mimiti asup ka
wilayah Indonésia ti Semenajung Sumatera jeung ti Filipina ka Sulawesi, yén
warna beureum-bodas mikawanoh. Lantaran warana anu pang onjoyna tina
warna-warna anu séjén.
Nilik ti
harita, masarakat kuno nu masih kénéh muja ka matahari jeung bulan. Anapon kitu
yén matahari nu dilambangkeun warna beureum jeung bulan nu ngalambangkeun warna
bodas. Kusabab kitu sa-wilayah Austronésia mah ngahormat simbol warna nu
saperti kitu.
Dina masa
prasejarah ogé yén warna beureum jeung bodas téh jadi simbol muja maranéhna.
Kukituna warna merah-putih (beureum-bodas) nu kakoncara lambang nagara saacan
masa Indonésia téh, dina jaman kerajaan Majapahit ogé salaku simbol atawa
filosofi dina jamanna.
Kajaba kitu
bareto ogé, istilah bandera 'gulo kelopo' atawa gula kalapa téh sering dipaké
ti masa karajaan Singosari nepika Mataram Islam. Warna beureum nu ngandung
harti gula sedangkeun warna bodas ngalambangkeun kelapa.
Sedengkeun mun
di Urang Sunda mah, dina rék méré ngaran téh sok ngabubur béas bodas-beureum,
pikeun rék méré ngaran budak. Malah buburna dibagikeun ka warga salembur.
Jadi dina
Agustusan ieu, kajaba mareng jeung Idul Adha, mugia urang aya dina perlindungan
Alloh SWT, kalayan Indonésia rahayatna ma’mur tur gemah ripah lohjinawi.
Amin.***
tina sababara sumber/Internet.
Anto Sukanto