Néng Dzikra Asyifa Ruswan
Hoyong janten Guru Pasantrén
OJANG alit
tur geulis nu hiji ieu téh wastana Dzikra Asyifa Ruswan, nu
biasa disebat Néng Asyifa resep
kana tetembangan sinareng ngagambar téh ti
keur leutik kénéh. “Malihan ku nu
jadi sepuhna disadiakeun maénan mik sareng alat gambar,” kitu
ceuk rama pamegetna Irwan Ruswan, SE., MM., ka Warta Sunda Onliné di kantorna Satpol
PP caket Mesjid Agung Purwakarta, Salasa (7/8).
Minangka Néng Asyifa téh putra cikal tina
sadulur nu panganjrekanana di Jl. Veteran Gg. Buntu ll. RT.031 RW.004 Kelurahan
Nagrikalér, Purwakarta, hobyna kana nyanyi téh aya teureuh ti nini jeung akina.
Ku kituna, meungpeung alit kénéh rék dikeurseuskeun ka bina vokalia. Pon kitu
deui kana widang tembang Sunda ogé rék diwanohkeun. Keur mah seueur rerencangan
ahli widang nyanyi.
“Tapi, ayeuna mah moal waka diarahkeun
heula kana dunya nyanyi. Keun wé lir ibaratkeun ngamalirna cai…. Engkin mun tos
katingal langkung anteb, rék diarahkeun luyu sareng hobina,” pokna Kang Irwan.
Lain
deui nu kasauran biangna Detty Listiani, Skom, yén pun
anak nu dibabarkeun di Purwakarta, ping 7 Nopember 2011 cita-citana téh hoyong janten
jalmi jegud keur ngajomantarakeun widang atikan tur seni budaya sinareng
babakti ka lemah cai. “Malah hoyong janten guru pasantrén pikeun ngangkat
harkat darajat nu jadi sepuhna katut
nagarana,” pokna.
Kiwari
keur nyuprih élmu di SD
Mutiara Insani di Ipik Gandamanah Kecamatan/Kota Purwakarta. Néng Asyifa pituin urang Sunda ieu
téh Siswa kelas 2 SD. Di sakolana ogé kenging kapinunjulan saperti Juara 1 vocal Group SD Tingkat Kabupatén sarta
pinunjul dina Juara 3 lomba Vokal Group TK. Tingkat Kabupatén Purwakarta.
Malihan néda pidua’ana ka para pamaos koran online ieu, mugia naon nu
dicita-citakeunana téh tinekanan. Amin.*** (Anto S)
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...