WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BENTANG TAMU, KANDAGA BUDAYA SUNDA : Wanda Anyar di PPSI PAC Pléréd “Ibing Penca Silat Palérédan”



Wanda Anyar di PPSI PAC Pléréd
“Ibing Penca Silat Palérédan”

Ku : Anto Sukanto






PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
P
upuhu Persatuan Pencak Silat Indonésia (PPSI) PAC Kecamatan Pléréd nyiptakeun Ibing Silat Palérédan, terinsfirasi tina tepak Palérédan nu geus kakoncara ka-awun-awun di dunia persilatan. Kitu ceuk Ketua PPSI PAC Kecamatan Pléréd, Pepen Kusnadi nalika ngawangkong di redaksi Warta Sunda Onliné, di Sukatani Purwakarta, poé Senen (19/8).
Pihakna rék ngajadikeun ibing silat ieu janten kagiatan ekstrakurikuler mulok ka tiap-tiap sakola hususna di wewengkon Kecamatan Pléréd.

Malah mandar, sim kuring dipilih ku salapan paguron silat nu aktif di Kecamatan Pléréd ti ping 4 Agustus 2019 kamari. Tapi saméméhna, sim kuring geus ditunjuk tianggalna 22 Juli nu katukang. Nilik tina hasil musawarah di bumina Bah Pijey di Gunung Cupu. “Nya sim kuring pikeun mupuhuan PPSI PAC Kecamatan Pléréd,” pokna Pepen.
Masih ceuk Pepen. Ku ditunjukna ku 9 paguron silat éta, sim kuring nyanggupan, tapi sim kuring boga dua program. Diantarana hayang nyiptakeun Ibing baku has Palérédan nu jurusna diciptakeun tur dirojong ku salapan paguron nu aya di Pléréd. Sarta Ibing Penca Silat Palérédan bisa asup kana kagiatan ekstrakurikuler muatan lokal (mulok) di tiap sakola-sakola, tapi pelatihna ti para paguron nu aya di Kecamatan Pléréd pikeun ngalatihna.
Dina hal éta mah, pihak pamaréntah nyatana Pa Camat Kecamatan Pléréd, Asep Sendjaja, S.IP ngarojong kana program PPSI PAC Kecamatan Pléréd, malahan éta téh sami sareng ngamumulé seni silat hususna ayeuna aya wanda anyar dina Ibing Silat Palérédan, minangka tias ngeuyeuban hasanah dunia persilatan. Pléréd, lian ti Tepak Palérédan ayeuna aya deui Ibing Penca Silat Palérédan.
“Pihakna, ngarasa bingah ayeuna karancagéan para paguron silat tiasa nyiptakeun tur nyieun jurus palérédan nu adumanis jeung ibing palérédan,” pokna Asep.
“Keur mah, geus ditatahar tianggalna. Nalika sim kuring ngajabat di Kecamatan Kiarapedes tepang jeung Kang Pepen. Ari yeuna tepang deui Kang Pepen nu nyepeng kalungguhan Penilik PAUD sa-korwil nyatana Korwil VIII antara Pléréd jeung Sukatani. Nya, nyambung jeung amprok deui program nu katunda téh,” Pokna Asep deui.
Dasar kudu kitu ari gagasan alus mah, teu kahalang kusagara atawa gunung, da geuning nu dicita-citakeun téh purun kalaksana. Komo deui ieu tujuanna pikeun ngahijikeun deui para paguron silat nu aya di Kecamatan Pléréd bisa sabeungkeutan deui.
Malahan sim kuring mah rék ngayakeun pasanggiri ibing silat palérédan sa-Kecamatan Pléréd. Minangka mitembeyan mah pamilonna barudak di tingkatan jenjang SD jeung SMP. “Itung-itung ngawanohkeun yén ayeuna lain tepak palérédan wungkul nu aya téh, tapi ibing palérédan ogé aya.  Harepan kapayun mah, ibing palérédan tiasa dipikawanoh ku warga masarakat,” pokna.
Inyana ogé, sapagados ungkara diluhur téh ngeunaan ayana ekskul mulok ibing silat palérédan. Ieu téh dina raraga nangkis budaya deungeun ku mahabuna tehnologi. Anapon kitu barudak sangkan tong nepika tawuran antar pelajar bohna tong nepika ancrub tur nyobaan barang haram nyatana narkoba.
Lain halna ceuk dedengkot paguron silat Kecamatan Pléréd, Abah Piat Supriatna, inyana bungah amarwatasuta yén Pepen Kusnadi nu resep tur mikacinta kana seni silat, komo ieu nepika boga program nu keur dihangeutkeun téh, Abah mah ngadukung 100 persen. Malahan pencak silat téh sangkan tong nepika pareumeun obor.
“Tah, di PPSI PAC Pléréd, boga maksud nu hadé, tangtu tiasa jadi pangupah jiwa keur para paguronna.” Pokna Aba Piat.
Sedengkeun ceuk Ariansyah, ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ku sanggeman ti Pa Pepen Kusnadi nu ayeuna janten pupuhu PPSI PAC Kecamatan Pléréd hasil musawarah para paguron. Kajaba programna ogé keur ngawanohkeun ibing silat palérédan, gawé bareng jeung para paguron nu aya di Kecamatan Pléréd.
Basa kamari dina raraga ngareuah-reuah kamerdikaan RI ka-74 taun, Alhamdulillah, Ibing Penca Silat Palérédan tiasa dipintonkeun. Sok sanajan persiapannana ngan ukur sabulan dina nyieun jurus nu diadumaniskeun jeung ibing, tangtu karancagéan salapan paguron lalatihan keur nyiptakeun ibing palérédan téa. Ieu kabungah sim kuring salaku pelatih nu biasa ngalatih ka para siswa, ayeuna mibanda wanda anyar ibing silat palérédan. Malahan ciri ibing silat palérédan téh, tina tepak opat, kalimana goong.
Ku karancagéan pintonan ibing silat palérédan éta téh, teu leupas tina hasil gawé bareng antara salapan paguron silat di Pléréd tur pihak sakola dina hal ieu mah para siswa SMAN 1 Pléréd nu mitembeyan ngiring aub sarta janten pamilon kana program PPSI PAC Kecamatan Pléréd.
Sedegkeun nurutkeun  data nu dikumpulkeun ku Galura, yén pangurus PPSI PAC Kecamatan Pléréd téh ngawengku diantarana Pelindung : Asep Sendjaja, S.IP, Penasihat : Abah Piat Supriatna jeung Deden, Ketua : Pepen Kusnadi, Wakil Ketua : Bah Kida, Sekretaris I : Aang Sekretaris II : Ariasnyah, Bendahara : Bah Pijey jeung Dani, Humas : Dedi, Bargo jeung Ujang, Prasarana : Bah Ikin, Seksi Préstasi : Edi sarta Seksi Beladiri : Ano jeung Dudu. Salapan paguron éta ogé diantarana : Paguron Dangiang Putra Karuhun :  Bah Piat Supriatna, paguron Satria Muda Pamoyanan : Dedi, Macan Putih : Bah Ikin, Kancil Mas : Ujang, Buka Wargi : Edi, Tali Wargi : Bah Kida, Putra Macan Putih : Bargo sarta paguron Lodaya Hitam : Bah Pijey.***


Keterangan Poto : Ibing Penca Silat Palérédan mitembeyan minton dina raraga kamerdikaan RI ka-74*

Subscribe to receive free email updates: