WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

BELASUNGKAWA : Drs. Dudi Mahmudin Iskandar (Wartawan Senior)


Inna lillahi wa inna ilaihi roji’un. 
Wilujeng angkat, Dud.....
Wilujeng kubra di kalanggengan.
Mugia husnul khatimah, 
Caang padang narawangan.
T
aun 90-an, ngaranna melencing jadi salah sahiji penulis ngora nu handal. Opinina sumebar di sawatara média nu medal di Bandung jeung Jakarta katut média daérah séjénna. Munasabah, mun Surya Paloh, alam harita kapincut ku kamampuhan ieu lulusan FISIP HI Unpad. Satuluyna, alam harita Surya Paloh nugaskeun jadi Redaktur di Harian Prioritas, Jakarta. 
Teu lila dialihtugaskeun jadi Redaktur di Galamedia (méméh Galamedia ngagabung jeung PR). Abong jalma cerdas, kabiruyungan jadi PNS di lingkungan Pemprov Jabar, tugas di lingkungan Setwan DPRD Jabar. Tugasna di Perundang-undangan bari jadi Konseptor Pimpinan Dewan. Tugasna ge dialihkeun jadi Kasubag Publikasi. Bawirasa lalakon jalma keuna ku dinamika, ieu nonoman nu lahir di Kuningan, tugasna dialihkeun ka Bakorwil Bogor. Dua taun mulang deui ka lingkumgan Pemprov Jabar.

Éta nonoman téh, wastana Dudi Mahmudin Iskandar, nu geus aya tilu taunna katarajang kasakit nu pamustungan,  kasakitna téh nya éta stroké. Ieu Bapa tilu budak téh tepika hanteuna.  Innalillahi wainna ilaihi rojiun. ****

Subscribe to receive free email updates: