KANDAGA BUDAYA SUNDA : YUDISTIRA MANUNGGAL RAHMANING HURIP Baris Ngahibur Warga Purwakarta Di Linggarsari Darangdan Dibarengan 3 Dalang Kahot
YUDISTIRA MANUNGGAL RAHMANING HURIP
Baris Ngahibur Warga Purwakarta
Di Linggarsari Darangdan
Dibarengan 3 Dalang Kahot
Warta Sunda
Online,
M
|
aleman ayeuna, Juma’ah
(26/7), Ki Dalang YUDISTIR MANUNGGAL RAHMANING HURIP baris minton jeung tilu dalang kahot dina raraga ngareuah-reuah
milangkala Purwakarta ka-51 sareng milangkala Kabupatén Purwakarta ka-188 taun.
Tilu dalang kahot éta téh diantarana : Ki Dalang Dadan Sunandar Sunarya,
Ki Dalang Wawan Dede Amung Sutarya jeung
Ki Dalang Asép A.S Hudaya.
De' Tira nuju latihan, mapag magelaran di Linggarsari - Darangdan
Ceuk Heri Anwar ka Warta Sunda Onliné, nyebutkeun yén Purwakarta mibanda dalang anom nyaéta De' Tira nu guguru ka Ki Dalang Asép Sunandar Sunarya (Alm) nu ayeuna geus boga bekel keur manggung di unggal acara.
Lain halna deui ceuk Ki Dalang Ujang Taryana ngarasa reueus ka De' Tira tiasa manggung waé.
Sedengkeun ceuk Ki Dalang Herman di tempat anu beda, di bumina di Pasawahan ngeeceskeun dalang anom tiasa magelaran dina tiap acara, mugia janten dalang kahot jiga ka Alm. Dalang Asep Sunandar Sunaraya,
Pangabisa
manusa mah tiap jelema tangtu béda-béda jeung kauletannana. Komo ieu dina dunya
padalangan. Dalang téh henteu cukup ukur neuleuman élmu padalangannana
baé, tapi kudu dibarengan ku élmu pangaweruh umum (élmu pengetahuan umum)
pikeun ngaronjatkeun ajén/mutu garapan padalangan sangkan leubeut araheun,
sugih petikeun nu lalajo téa.
Lain halna deui ceuk Ki Dalang Ujang Taryana ngarasa reueus ka De' Tira tiasa manggung waé.
Sedengkeun ceuk Ki Dalang Herman di tempat anu beda, di bumina di Pasawahan ngeeceskeun dalang anom tiasa magelaran dina tiap acara, mugia janten dalang kahot jiga ka Alm. Dalang Asep Sunandar Sunaraya,
Seni
padalangan kudu ngaronjatkeun mutu garapannana ku jalan inovasi/parubahan
pikeun nyaimbangkeun garapanna jeung kamajuan jaman. Ngan baé dina parubahan
ulah nepi ka paribasa “TUNGGUL DI RARUD CATANG DI RUMPAK”. Upamana ngawayang
diiring ku orkes dangdut komo jeung dijogedan mah, atawa hal-hal anu henteu
pantes digelar dina pagelaran wayang.
Nu dimaksud
ngarobah padalangan téh nyaéta, ningkatkeun ajén atawa mutu garapan ngadalangna
diantarana anu tadi diterangkeun, nyaéta ngadalang ulah ukur nyaritakeun jalanna lalakon
baé, tapi kudu dieusian ku rupa-rupa pangaweruh sangkan boga daya tarik jeung
aya mangfaatna kanu lalajo.
Komo dina
nyanghareupan abad milenia, anu lalajo téh lolobana anu ngarora anu
pamikirannana dumasar sacara rasional, atawa nu kaharti ku akal jeung pikiran
maranéhna. Tah lebah dieu para dalang kudu bisa nyaimbangkeun antara garapan
ngadalangna jeung daya pamikiran atawa daya tangkap maranéhna. Sabab paéh
hirupna seni padalangan dina waktu nu baris datang, gumantung kana dukungan anu
ngarora. Tegesna angkatan ngora téh kacida dipikaharepna pikeun neruskeun
karesep kaun dewasa jeung para sepuh kana seni padalangan.
Kukituna
para dalang hususna, dalang angkatan ngora kudu siap sayaga ti ayeuna kénéh,
getol ngulik pangaweruh boh lahir atawa batin jeung hal-hal anu
saluyu jeung kamajuan jaman.
MA SALMUN
dina bukuna judul : “PADALANGAN” netelakeun kieu : “Saparipolah wayang téh kudu
dijiga-jiga, disusurup kana semu, diudagkeun kana wanda, sing pantes
sing ninggang ulah sulaya tina ringkang”. Menengna
nu ayem, nepi ka rikat trangginasna nu perang kudu lir jalma hirup. Harempoyna
nu mando, cedokna nu nyembah, langgeorna nu keupat, gidigna nu rusuh, cileungna
nu sieun jeung berebetna nu lumpat porongosna nu ambek kudu nyeples kitu deui
dina ngigelkeunnana.
Lian ti éta
dina ngawayang téh masih aya kénéh syarat-syarat lianna saperti : Amardawalagu,
Amardibasa, Antawacana, Enges. Ari Amardawalagu nyaéta dalang kudu paham kana
laras surupan gambelan sangkan dina ngahaleuangkeun kakawen, nyandra, renggan,
sendon luyu jeung surupan gambelan.
Amardibasa
nyaéta undak usuk lemes kasarna basa kudu merenah nerapkeunnana, nurutkeun kapangkatan,
saluhuren sahandapeun, lian ti éta dialog kudu ngeusi ngandung harti.
Antawacana
nyaéta ngabéda-béda sora, lentong jeung pok-pokannana tokoh wayang luyu jeung
karakter masing-masing.
Enges
hartina ngajiwaan adegan nu digelar, ngahudang rasa panongton ku rupa-rupa
kajadian saperti : pikasediheun, tresna, narik birahi jeung sajabana. Banyol
lucu heureuyna, ngandung harti tur merenah dina tempatna. Satuluyna, tata
wayang kudu merenah nurutkeun tingkatan kapangkatan, saluhureun sahandapeun.
Ogé nyabut wayang ulah dapon tapi kudu tartib rapih. Kitu deui papakean ulah
orowodol tapi kudu pantes luyu jeung kaayaan medan pesta.
Nitenan
ungkara di luhur éta téh, dalang ngora nu kiwari geus makalangan nepika kungsi
janten jawara di tingkat Nasional téh wastana : YUDISTIR MANUNGGAL
RAHMANING HURIP. Dalang cilik nu nyuprih élmu ka Ki Dalang Asep
Sunandar Sunarya, tilu taun bulak-balik ka Jelekong Balé Éndah, Dayeuh Kolot
nepika jiga ayeuna geus biasa magelaran ngadalang.
Cép
Yudistira nu biasa disebat téh resep kana dunya dalang ti keur leutik kénéh, ti
kelas 5 SD pikeun ngamumulé
seni budaya Sunda. Ku Bapana dipangmeserkeun wayang golek, harita wayang Si
Cepot jeung Dawala katut Gareng.
Ningali
kondisi nu janten murangkalihna, rama pameget ngadongdon ka Ki Dalang Asep
Sunandar Sunarya pikeun pangatikeun nu janten murangkalihna. Lami-kalamian, nya
Yudistira alit téh tiasa mintonkeun wayang golek dipayuneun ibu-ramana.
Nincak
sakola di SMPN 1 Purwakarta, geus moal bireuk nu wastana Yudistira téh
cita-cita hoyong janten pulisi nu nyaah kana budaya, yén rerencangannana ngarasa reueus,
De' Tira téh disakola salaku Dalang Cilik dipikameumeut. Padahal tina
kaélmuan padalangan téh arang langka nu tiasa janten dalang.
Kajaba kitu,
De' Tira kalahiran Purwakarta, 19 September 2003, nu mikaresep kana tokoh BIMA
nu filosofina Bima nu jujur tara ngabohong. pon kitu deui sok mintonkeun
lalakon Jaya Perbangsa, Gatot Kaca Gugur, Mahabarata. De' Tira ogé ngarumaoskeun yén masih kénéh kirang
dina élmu padalangan. Malah ningali ku kakurangan éta téh diajar dina
YOUTUBE.
Sedengkeun
nalika Kepala Sakolana, Heri Wijaya, S.Pd, aya aset dalang cilik disakolana.
Kukituna, dirina uar pangajak ka parasiswa pikeun nyontoan atanapi tiasa
ngiringan jejak De’ Tira nu biasa disebat ku barudak.
Pihak sakola
ngarasa bingah pisan ku ayana siswana kapinunjulan tina padalangan. Keur mah
De’ Tira putra ti pasangan Kang Dedi Mulyadi sinareng garwana Hj. Anne Ratna
Mustika. Ibu ramana geus kakoncara ka awun-awun, pon kitu deui putrana (De’
Tira) sami mawon Dalang Cilik nu kawentar ka awun-awun. Ieu janten kabanggan
keur urang saréréa.
Ari A.
Yogaswara salaku juru atik na ogé ngiring bingah ku katiasana De’ Tira
mintonkeun jeung ngiring tandang dina Padalangan tur janten Juara Terbaik
Dalang Bocah Tingkat Nasional dina bulan September 2018 nu kamari, nunjukeun
yén anak didikna tiasa mawa komara ka janapria, hususna Kabupatén Purwkarta mibanda
dalang cilik.***