WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA, BANDA KARUHUN : Pabukon Wawacan Purnama Alam Karuhun Sumedang Asli Tulisan Arab Wegon

Pabukon Wawacan Purnama Alam
Karuhun Sumedang
Asli Tulisan Arab Wegon

Warta Sunda Onliné,
K
ersaning Nu Kawasa dina poéan Juma’ah, ping 26 Juli 2019 ieu, sim kuring salaku panulis aya kreteg haté hayang ngulampréng ka hiji lembur singkur lebah tutugan Gunung Burangrang nu maksudna éstuning wé saukur nepungan saduduluran ka nu jadi sobat. Teuing kumaha mimitina ujug-ujug disuguhan tur disodorkeun pabukon heubeul (kuno) nu kapaluruh cukcrukanana asalna ti Buahdua Sumedang. Éstuning bisa nyaksenan tulisan nu kacatét ngeunaan karuhun Sumedang nu diantawisna aya pabukon Wawacan Purnama Alam nu ditulis dina wujud bahasa Arab Wegon kalayan titimangsana taun 1933. Lian ti éta ogé, pabukon ngeunaan jangjawokan atawa mantra Sunda nu geus adu manis jeung kalimah-kalimah Islam.
Diantawis pabukon Wawacan Purnama Alam éta téh nu dianggona wujud pupuh atawa dangding pupuh. Dina hal ieu mah nu kaunggel tina saban-saban bab. Ngeunaan isina mah sagemblengna ieu pabukon ayeuna keur digarap kénéh (ditranslite) ku dulur sim kuring, hiji nonoman tengah tuwuh nu identitasna masih kénéh disamarkeun/disumputkeun kénéh nepika ayeuna.
Malah mandar numutkeun pangakuanana ieu pabukon téh sadayana aya kana 20 pabukon tur kakarak ka panulis ditémbongkeunana. Duka alesanana naon!!!.

Ari nu matak hémengna mah panulis dipasihan widi pikeun ngagulanggaper mukaan pabukon heubeul.
Éta pangalaman nu luar biasa keur sim kuring. Asa diaku jadi urang Sundana téh!!! Cag.

Subscribe to receive free email updates: