YAYASAN
PAGUYUBAN RAKSA BUMI 01 "PRABU"
Putu "DANGIANG SUBANG LARANG”
SUBANG – Warta
Sunda Onliné
Ku kituna, pihak YAYASAN
PAGUYUBAN RAKSA BUMI 01 "PRABU" Kabupatén Subang nu ngadeg ti Mei 2018 ieu téh nembe di legalkeun ku akta notaris No:36 Tanggal 2 Mei 2019. SK
KEMENKUMHAM Nomor : AHU.0006728.AH.01.04. Tahun 2019. Alamatna di wewengkon Kampung
Sukajaya RT.08 RW.04 Desa Dawuan Kidul Kecamatan Dawuan Kabupaten Subang, Jawa
Barat.
Luyu
sareng VISI : "Ngawangun urang
sunda nu nyunda,urang sunda anu rohmatan lil alamin" ulah dugika jati
kasilih ku junti. MISI tina Budaya :
ngarumat,mupusti,mulasara titinggal
luluhur (khususna luluhur Jawabarat umumna sa nusantara) boh dina widang
seni,tradisi/tali paranti ,tutunggul/makom/patilasan. Mukakeun sajarah asal
muasal luluhur jawabarat boh secara lahir boh secara kabathinan. Sosial : Ngalestarikeun alam/lingkungan cagar alam,cagar budaya. Ngabantu
masyarakat dina widang kasehatan ku jln pengobatan traditional
(herbal/alternatif). Muka peluang usaha potensi lokal. Pendidikan : Ngawangun sarana
pendidikan formal (SMK kejuruan karawitan) sareng non formal padepokan seni. Kitu ceuk Sancang Yosep Nurdiana (Sekretaris YAYASAN PAGUYUBAN RAKSA BUMI 01
"PRABU" ka Warta Sunda Onliné, poé Kemis
(20/6).

Kalih ti éta, samentawis
ayeuna kagiatan yayasan nembe 1. Mulasara, mupusti tutunggul luluhur dugika
danget ayeuna aya 12 patilasan karuhun anu parantos di pulasara. 2. Ngiring aub
dina kagiatan "anu nyakup lokal sareng provinsi sapertos ruatan bumi
atanapi kagiatan" sanesna.... Insya Alloh dina kaping 22-23 Juni dinten Saptu-Ahad
ayeuna "PRABU" ngiring aub dina acara ruatan gunung nu di ayakeun di Gunung
Tangkuban Parahu skala nasional insyaAllah di hadiran ku tokoh/pamong adat
sanusantara.*** Sancang Anom
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "WARTA TI SUBANG : YAYASAN PAGUYUBAN RAKSA BUMI 01 "PRABU" Putu "DANGIANG SUBANG LARANG”"
Posting Komentar