WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GARUT : Pelatihan HOMESTAY (PONDOK WISATA)


Pelatihan HOMESTAY (PONDOK WISATA)
Garut – Warta Sunda Onliné,



D
ina raraga ngamajukeun pangirutan Garut, Kabupatén Garut ngayakeun Pelatihan HOMESTAY (PONDOK WISATA) di aula Fave Hotel Jalan Cimanuk, poé Rebo, (19/6/2019). Simkuring nampi uleuman ti pihak DISPARBUD GARUT. Ogé sababaraha désa di Garut anu milu aub tur ngamumulé désana nu di jadikeun désa wisata aya kana 50 désana sa-Garut.
Alhamdulilah acarana lancar kalayan jadi Tanaga NU mawa tambah sumanget para penggerak pariwisata désa. Acara éta téh di buka ku Bapa Bupati Garut, RUDI GUNAWAN katut Kepala DISPARBUD. Dina hal ieu, masihan paparan anu kahartos pikeun ngadorong majuna pariwisata. Dina acara Pelatihan HOMESTAY éta, aya usulan keur panatacalagara Pelatihan, n riungan calagara Pelatihan ieu téh kudu di jieun hiji Forum atanapi perkumpulan keur penggerak pariwisata, kituna ogé keur pihak pengelola pariwisata (Pondok Wisata).

Tina pelatihan éta, kasapukan yén keur pipupuhuheun ketua Forum Pariwisata Garut téh nyaéta ABANG ANTON GALUMA. Insya Alloh, Garut miboga téma atanapi judul kalayan nu tos di paparkeun ku KADISPARBUD Garut BP H. Budi Gangan, nyaéta  "GARUT KEMBALI" anu Hartina Garut bangkit Garut maju balik deui langkung nanjeurkeun pangirutan mugia wisatawan local bohna mancanagara leuwih euyeub deui ngadongdon ka Garut. HAYU ULIN KA GARUT….. kajaba ti éta tiasa dipandu ku Forum Pariwisata Garut kontak persen ka nomor 085223470601 Kanggo mapag Garut.*** Anton Galuma

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI GARUT : Pelatihan HOMESTAY (PONDOK WISATA)"

Posting Komentar