WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA : SASAKALA MUDIK Ku : Dadan Sutisna


SASAKALA MUDIK
Ku : Dadan Sutisna

G
eus leuwih ti satengah abad katukang, Lebaran téh teu weléh deuheus jeung dua perkara: mudik katut tunjangan hari raya (THR). Taun genep puluhan, THR teu weléh didago-dago ku para pagawé (ayeuna gé, kétang). Ngan tangtu wé jumlahna jauh mela-melu mun dibandingkeun jeung ayeuna. Harita mah, pangaji THR mun dibeulikeun kana bangsal kira-kira jadi tilu blék. Mun dibéaskeun jadi 30 léter. Mun dibeulikeun kana pakéan, jadi samping batik hiji jeung baju budak sasetél, kitu gé teu pati alus. Ari kiwari, nya kumaha jumlah gajih. Mun gajih tilu juta bisa dipaké meuli béas 300 kg (ku harga 10 rébu/kg). Hartina, babandinganana bisa sapuluh tikeleun.
Kumaha ari "mudik"? Mun urang macaan "sajarah mudik" nu bacacar dina Internét, bakal meunang katerangan yén tradisi mudik téh kakara aya taun 1970-an. Duka saha nu mimiti nyindekkeun kitu, tapi média sabangsa Kompas, Tribunnews, Republika, jsté, kawas nu sapuk kana éta katerangan. Teu aya hiji gé nu mertélakeun sumberna. Boa ukur cenah jeung euceuk. Ngan lantaran geus viral téa, sumber nu teu sabaraha écés téh terus dikutip ku itu ku ieu. 
Istilah "mudik" bisa disawang tina dua rupa. Kahiji, asal-usul kecapna. Cék sumber tina Internét kénéh, kecap mudik téh cenah asalna tina basa Jawa, nyaéta wancahan "mulih dilik" (mulang sakeudeung). Ieu gé matak hangham kénéh baé, mun urang tenget yén kecap "mudik" saenyana geus aya ti awal abad ka-19. Alam harita mah kekecapan téh apan can usum diwancah. Atuh Kamus Besar Bahasa Indonésia (KBBI) gé kawas nu bingungeun merenahkeun asal-usulna. Dina KBBI, kecap "mudik" téh jadi léma mandiri, lain subléma tina "udik". Sanajan réa nu percaya yén "mudik" téh asalna tina "udik" (girang), dina rumus afiksasi mah teu merenah da kuduna gé jadi "mengudik". Ongkoh dina KBBI aya deui rundayan séjénna: "memudik" nu hartina teu pati géséh jeung "mudik".
Dina basa Sunda, sesebutan "mudik" geus ilahar pisan. Ngan taun 1800-an mah hartina "maju ka girang" (mapay walungan). Dina kamus Jonathan Rigg (1862), ditétélakeun yén "mudik" asalna tina basa Malayu ("udik"). Lian ti éta, kecap "mudik" téh kasabit deuih dina sastra lisan wangun jangjawokan. Kawas nu dimuat dina Pusaka Sunda No. 2 (1927), aya jangjawokan keur pangabaran nu unina kieu: "Sang Ratu Galuh, cahya iku nyawa isun, mudik batara, batara nagara lana, batara nagara pirusa ..." jsté. Malah apan aya hiji éyang nu ngaranna Éyang Mudik Batara Karang (karuhun nu sok nyieun rupaning pakarang). Dina sawatara dongéng, aya nu disebut "kukuk mudik", nyaéta kukuk (labu) nu palidna ka girang. Ngan saheulaanan mah, urang cindekkeun baé yén kecap "mudik" téh asalna tina basa Malayu nu terus dipaké dina basa Sunda, Jawa, Minang, Batawi, jrrd.
Kadua, kabiasaan dina mangsa Lebaran. Riung mungpulung jeung silih hampura téh geus jadi tradisi ti biharina dina poé Lebaran. Jaman béh ditu gé, lain hartina taya jalma nu keur ngumbara terus balik heula dina waktu Lebaran. Ngan tacan dingaranan mudik, jeung teu obyag kawas ayeuna. Nu baralik ka lembur teu matak ngabarubahkeun, jajauheun matak heurin di jalan mah. Teu kurang-kurang jalma nu ngarasa nineung kana suasana Lebaran di lembur, nepi ka najan keur sakumaha jauhna gé maksakeun balik. Nineung lain ukur ku tradisi lebaran nu kapanggih di kota, tapi réa nu nyebutkeun yén Lebaran téh lambang nu balungbang timur, caang padang narawangan, mulus tina basa rumeuk, geuneuk, jeung maleukmeuk.
Dina taun 1920-an mah poé Lebaran téh kalah ka urang lembur nu arindit ka kota. Kawas nu dicaritakeun dina "Panggelar Budi", urang lembur budal ka kota rék lalajo turun imbar (kacipta, harita mah nu salat Idul Fitri téh pada ngalalajoan, lain minu salat). Bérés hutbah, dur sora dulag ramé pisan. Urang lembur ronghok ti lebah pager alun-alun, nyérangkeun pangagung bijil ti masigit, diabringkeun ku para kawula. Geus kitu ilaharna, poé lebaran di alun-alun ramé pisan. Nu tatabeuhan, nu nyeungeut pepetasan, éstuning matak hookeun keur urang lembur mah.
Dina Majalah Sunda taun 1953, Sjarif Amin kungsi nulis panineungan nu dijudulan "Néangan Lebaran". Panineungan nu ngébréhkeun kabiasaan di lembur dina nyanghareupan puasa jeung lebaran, nu disawang mangsa nu nulis geus jauh ti lembur. Cék Sjarif Amin dina tulisanana, upama dina mangsa lebaran teu munjungan ka indung, bakal jadi hutang nu kacida beuratna. Ku kituna, najan keur aya di mana waé, teu kahalangan ku samporétna waktu, walurat di jalan, teu burung diudag—boa mun anjeunna jumeneng kénéh mah, nu kieu téh bakal disebut mudik téa.
Harita mah nu balik ka lembur mangsa Lebaran téh teu abring-abringan. Nu ngumbara ka kota teu pati réa. Tutumpakan gé walurat kénéh. Pangpangna mah, teu kabéh jalma nu digawé di kota bisa mulang dina poé Lebaran lantaran werit ku duit. Ari dina poé Lebaran apan kudu aya témbongkeun ka urang lembur, minangka ciri yén gawé di kota téh teu ripuh-ripuh teuing. Mun awéwé reunceum ku emas, mun lalaki maké barang nu hamo kabedag ku urang lembur.
Kabiasaan kawas kieu téh geus aya ti taun 1930-an kénéh. Geura urang cutat katerangan dina koran "Kabudayaan Urang" taun 1940: "Kabéh jelema, kolot-budak, awéwé-lalaki, beunghar-miskin, kacida mikareresepna kana papakéan alus téh. Komo ari nonoman mah nu samata-mata rék némbongkeun pakéanana méntéréng, samata-mata balap pikeun ngahontal harti jempol jeung pinter maké. Ku muhit-muhitna kana pakéan alus jeung mahal, henteu kurang-kurang nu ngalantarankeun ruksakna ékonomi rumah tanggana, malah nu laki rabi dina mangsa rék Lebaran sok aya nu nepi ka pepegatanana."
Boa ti jaman Walanda nepi ka ayeuna, urusan balik ka lembur dina poé Lebaran ngandung dua tujuan: kumpul ngariung jeung ngadu kaagulan. Mun baheula mah nu ditémbongkeun téh emas jeung pakéan, ayeuna mah diémbohan ku mobil, hapé, jsté. Keur sawatara jalma mah, tradisi "aya témbongkeuneun" téh kawasna mangaruhan kana sumanget balik ka lembur.
Mun urang ngimeutan rupaning kabiasaan alam harita dina nyanghareupan lebaran, sidik pisan yén tradisi mudik téh geus aya ti jauhna. Jadi kurang merenah mun disebutkeun kakara populér taun 1970-an, da dina taun 1950-an gé geus jadi paguneman sapopoé. Contona kawas kasabit dina carpon Ki Umbara, dimuat majalah "Warga" taun 1956. Dina éta carpon, kacaritakeun aya urang lembur nu ngadon usaha ka kota. Salila bulan puasa ngarékeh ngaboséh béca. Lantaran can boga nanaon, manéhna embung balik ka lembur. Geura urang cutat pagunemanana:
"Kumaha Bung War, moal mudik Lebaran téh?"
"Kawasna kana moal. Éra can boga naon-naon."
Tina éta paguneman aya katerangan yén kecap "mudik" geus dipaké dina wangkongan sapopoé. Terus deuih "mudik" mah kawas nu kudu "boga naon-naon". Dalah dikumaha, cék hadé cék goréng, éta mah kabiasaan nu ngagurat ti baheulana. Jadi teu perlu anéh mun ngahaeub ka Lebaran toko emas teu weléh pinuh. Kitu deui tempat balanja.
Dina sawatara tulisan, perkara nu patali puasa katut lebaran di antarana: kuramas, ngabuburit, dibagi dahareun mangsa tarawéhan, ngadulag (sakapeung nepi ka digotong ngurilingan lembur), ngalalu (puasa tapi teu saur heula), ngirim rantang, nyeungeut pepetasan (atawa karbit dina lodong, cécéngékan, babawangan, merecon), nyieun rupaning kadaharan, meuli baju anyar, nyekar atawa nadran, jeung munjungan (nganjang ka kolot, baraya, dulur, tatangga, pikeun tamada ménta dihampura). Suasana dina bulan puasa katut lebaran, bisa kabaca deuih "Guguyon Bulan Puasa" karya G.S. (1930) atawa buku bacaan barudak "Roesdi djeung Misnem".
Mun nilik kana rupaning kabiasaan bihari, nu pangpentingna dina mudik téh nya tepung lawung bari silih dihampura téa. Kungsi aya dongéngna, dina poéan lebaran, aya nu munjungan ka Haji Hasan Mustappa, ménta dihampura. Haji Hasan Mustappa kalah mariksa, "Kasalahan nu mana téa? Perkara ngahampura mah gampang, tapi béjakeun heula kasalahanana naon?"
Jadi kapiasem sorangan, kacipta mun dina média sosial kudu ngadaftar unggal kasalahan. Tetebiheun tiasa mudik kana beresih deuih mah, paneda mah teu rocét sareng raca teuing, atuh nyanggakeun pangwilujeng: wilujeng boboran siam, wilujeng nyawalan, tamada tina sakur kaluluputan.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA : SASAKALA MUDIK Ku : Dadan Sutisna"

Posting Komentar