WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNNDA # SERAT KANGGO EMA # Ku : Haeruman zakaria


Fikmin # SERAT KANGGO EMA #

Ku : Haeruman zakaria


Haturan Pangersa Ema.
Énjing boboran deui, Ma.
Boboran ayeuna, duka nu kasabaraha Ujang teu tiasa nyarengan Ema.
Paralun ngamomorékeun. Nanging dugi ka ayeuna, lalangsé nu janten panghalang urang, sesah disingraykeunana. 
Ema, pupujaning rasa.
Kanyaah sareng kadeudeuh Ema teu aya bandinganana.
Sanaos urang lawas teu tepang, teuteup sareng rangkulan salira
napel pageuh dina galeuh, matri dalit dina ati.
Sesah, Ma.
Sesah mapalérkeunana.
Pamohalan kagentosan.
Sanaos ku asih putri, ogé ku kanyaah maya, tetep hanteu matak peuray.
Tuda geuning karaosna, deudeuh nyaah salira mah, éstu sajatining asih, nitis tina wening galih limpas ti sagara cinta.
Énjing  boboran deui, Ma.
Ujang asa sono tuangeun damelan Ema.
Tuangeun anu basajan tapi ni'mat karaosna.
Panginten éta, diwuwuh sambara
cinta nu teu kaétang hargana.

Enjing boboran deui, Ma.
Neda pangapunten pisan, Ujang mo sungkem ka Ema.
Ujang mung ngintunan dunga, kitu gé ti kaanggangan.
"Mugia Pangersa Ema, mendak bagja di Sawarga, kénging pangasih ti Gusti."

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNNDA # SERAT KANGGO EMA # Ku : Haeruman zakaria"

Posting Komentar