WARTA TI KEMENAG - Zakat Fitrah di Purwakata ku Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-
Zakat
Fitrah di Purwakata
ku
Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-
KEMENAG – Warta
Sunda Online,
K
|
abupaten Purwakarta netapkeun gedèna zakat fitrah
dina Bulan Ramadan 1440 H/2019 M nya èta gedèna kana Rp. 32.000.
Gedè na zakat èta teh disaruakeun jeung
kawajiban tiap urang dina zakat fitrah ku
bèas nyatana 2,5 kilogram bèas.
Ceuk Ketua Baznas Kabupaten Purwakarta,
Safarudin ngajelaskeun gedèna zakat fitrah èta
tèh upami diètang harga bèas setara 2,5 kilogram.
"Taun ayeuna zakat fitrah ditetepkeun
gedèna kana Rp 32.000 atawa setara 2,5 kilogram bèas," pokna Safarudin ka
wartawan Salasa, (14/5/2019).
Nitenan nu saperti kitu tèh, ayeuna harga bèas
dipasaran Rp 12.800, ku kituna lamun diètang luyu sareng katangtuan mah Rp
32.000 ieu geus pas dina ètangan taun ayeuna.
Dibandingkeun dua taun katukang nyaèta taun
2017, Baznas
Purwakarta netepkeun
gedèna zakat fitrah setara Rp 25.000.
Ku jumlah zakat fitrah èta tèh, Baznas
Purwakarta nargetkeun pendapatan zakat fitrah di Purwakarta ngahontal Rp 3
Miliar.
"Tina zakat, infaq, jeung shadaqoh taun ieu
bisa kahontal Rp 3 miliar leuwih," pokna.
Dina taun 2018, Baznas Kabupaten Purwakarta dina
ngumpulkeun zakat ngaronjat target Rp 3 miiar realisasi nepika Rp 3,5 miliar. Anapon
kitu tina pendistribusian zakat tèh didominasi keur fakir miskin sarta fisabilillah.***
Anto.
0 Response to "WARTA TI KEMENAG - Zakat Fitrah di Purwakata ku Bèas 2,5 Kg atawa ku Duit Rp. 32.000,-"
Posting Komentar