Warta Pustaka Sunda - Koleksi
#NetDiariRomadonan2019
#Net_IM(11)
#Net_IM(11)
ku Ida Mindawati
P
|
oé ka sabelas bulan
Romadon.Naon nya nu rék diguar poé ieu? Pang-pangna mah pedaran téh kudu
nyambung kana téma, sedengkeun bahan nu rék dicaritakeunana ogé geus korédas,
lebeng, poékeun teu aya ide. Ngabahas olahan ajang buka waé kitu? Keun wé balad
Pustaka Sunda bosenen ogé, nu utamana mah ngotrét wé unggal poé.
Nya kumaha deui atuh da bulan puasa mah nu dicatur téh pasti waé hal tarawéh, tadarus, dulag, saur, imsak, ngabeubeurang, ngabuburit, jeing kagiatan lainna nu aya patalina jeung bulan puasa.
Nya kumaha deui atuh da bulan puasa mah nu dicatur téh pasti waé hal tarawéh, tadarus, dulag, saur, imsak, ngabeubeurang, ngabuburit, jeing kagiatan lainna nu aya patalina jeung bulan puasa.
Olahan ajang
buka poé ieu mah ngaloték, goréng tahu, lauk asin tangiri, kurupuk, sakitu gé
cukup, ajang janari mah kumaha bréhna wé.
Anu amis-amisna aya kuéh papais pangirim ti Ceu Dede Sutini tatangga gigireun pisan.Ari bubuahanana mah cau-cau waé mah aya, disaluyukeun jeung eusi pésak lain teu hayang nu aralus, dina raraga ngirit malum tengah bulan.
Ari umur tos tunggang gunung mah kudu ngautamakeun sayuran jeung bubushan ambéh séhat henteu ririwit.

Cag heula
badé siap -siap buka.***
#netDiariRomadonan2019
#ponparpoéka8
#ponparpoéka8
T
|
iap tos Subuh siap ka Masjid Agung Sukamantri rék kuliah Subuh,
karék mukakeun panto aya pangumuman ti Masjid Agung, yén aya nu mulih ka
rohmatullah Jang Ayi putrana Bapa Juha.
Sabérésna
kuliah Subuh, bring saréréa takziah atawa ngalayad nu ngantunkeun téa.pangna
dicaritakeun didieu téh, duméh nu ngantunkeun teh aya sangkut paut jeung PEMILU
téa.
Ieu budak téh
umurna karék 22 taun, bujangan kénéh malah sadidinten mah damel di Bumdes
Sukamantri, budakna bageur, pikaresepeun, matak nineung pikeun sobat-sobatna.
Namina Ayi duka nami aslina da nyebat mah Ayi, putra Mang Juha sareng Bi Ati, budak bageur pisan nyaah ka kolot.
Namina Ayi duka nami aslina da nyebat mah Ayi, putra Mang Juha sareng Bi Ati, budak bageur pisan nyaah ka kolot.
Waktu kamari
PEMILU téh,Ayi jadi Panwas,harita keur teu pati jagjag, gaduh panyawat lambung,
eukeur mah teu pati jagjag dituluykeun gawé durpur nya
janten nambru, dugi ka dirawat di RS Dadi Keluarga di Ciamis, kenging saminggu
di opnameu terasna dicandak wangsul deui ka lembur, di lembur lain cageur
mingkin ripuh dugi ka ajalna di Puskesmas Sukamantri .
Malahan mah kamari waktos pupusna, nu ngalayad seueur pisan ti panwas sareng rérencangan nu damel waktos Pemilu,oge réréncangan nuju SMP .
Malahan mah kamari waktos pupusna, nu ngalayad seueur pisan ti panwas sareng rérencangan nu damel waktos Pemilu,oge réréncangan nuju SMP .
Inalilllahi
wainna'illaihi rojiun, Ayi mugi ditampi Iman Islamna, dicaangkeun dialam
kuburna,mugia husnul khotimah, nu dikantun ibu ramana sing dipasihan kasabaran
Aamiin.***
Cag ah
Aamiin.***
Cag ah
#NetNgabuburit2019
#NetEdoy_TTg
#NetEdoy_TTg
BUAH KÉRSEN
I
|
nget keur budak, mun bulan puasa téh sok ngala kérsen hareupeun
sakolaan SD. Teu jiga ayeuna, harita (taun '60) mah hayang tajil ku bubuahan
téh hésé. Di kampung ongkoh (+/- 50 km ti Tasik ka kidul), euweuh nu dagang
bubuahan, komo korma mah. Nya kérsen jadi pavorit tajil barudak harita.
Ayeuna, geus
aki-aki, deukeut imah aya tangkal kérsen. Ceuk batur buah kérsen téh loba
mangpaatna. Nanyakeun ka Mbah Google, enya cenah. Mangpaatna téh aya
tujuh rupa :
1. Sumber antibiotik alami, ngabogaan 'senyawa antibakteri' anu kuat.
2. Beunghar ku vitamin C, tina 100 gram buah kérsen miboga 150 miligram vit. C.
3. Ngurangan nyeri incok, ngadahar 9 - 12 siki buah kérsen 3 kali sapoé, bakal ngurangan rasa nyeri incok/asam urat.
4. Ngareuhreuykeun rieut, buah kérsen bisa 'merelaksasi pembuluh darah' nepi ka getih bisa sumebar dina awak kalawan normal.
5. Alus keur nu boga kasakit diabétés, sanaja amis, buah kérsen bisa nurunkeun 'kadar gula', ngurangan nginum ubar.
6. Miboga antioksidan anu 'kadarnya tinggi'. Antioksidan téh 'kandungan' nu pancénna .nguatkeun sistem imun awak ngalawan 'radikal bébas' nu bisa ngalantarankeun kanker.
7. Ngandung nutrisi penting saperti 'serat', 'karbohidrat', 'protéin', 'kalsium', 'fosfor', 'zat besi' jeung vitamin B.

Naha bener
buah kérsen nu ku urang sok disapirakeun téh hébat? Wallahu'alam. Nu pasti mah,
hiji-hijina buah nu haratis, nu aya deukeut imah, buah kérsen. Jadi siga
baheula keur budak, ngabuburit ngala kérsen!
(potrét dok. pribadi).***
(potrét dok. pribadi).***
#Nét_Diari_Romadon_2019
#Nét_Carita_Ai_Wawang
#Nét_Carita_Ai_Wawang
Lauk Situ Jatigedé
Wado, 14 Mei 2019
T
|
i Malébér ngebat ngalér. Haté téh teuing ku sebér.
Mapayan carita lawas. Katineung na saban léngkah. Kateuneung teuing di mendi.
Ngan kakeueung marengan dina rénghap jeroeun dada, nu ratug nempoan ruruntuk
panganjrekan.
Balad, PS. Malébér
geus lila salin jinis. Babantar talaga di lebah Tugu Wado, ramé pada ngajugjug.
Nu ngadon ulin waé, nu ngahaja datang rék meuli lauk ti mana-mana. Atuh saung-saung
nu dagang dahareun keur buka gé loba.
Ari kuring, mangkat ti imah téa mah, rék ngadon COD. Aya sababaraha potong baju nu ngahaja rék dianteurkeun. Sapanjaang jalan, ti Kebon Tiwu kénéh basa ngaliwat imah mitoha, haté jol ngenes. Imah nu basa oléng pangantén kuring kungsi nyicingan. Diajar masak, diajar sagala kahirupan rumah tangga. Ka dieunakeun kungsi kuring muka pangkalan kusén jeung mébeler di dinya pisan. Cimata nyalangkung, teu kabendung. Ujug-ujug kakangen nganteng ka Aki almarhum nu sok nyetél radio tarik nakeran. Sorana balap jeung gerungna patalimarga nu teu eureun najan peuting.

Labas, liwat
Pangantingan, nempo runggunukna sawah Cibodas nu baréto kungsi kuring sok
miluan bebelesekan molah. Waas. Asa hayang nyawah deui. Asa resep botram dina
iuh-iuh tangkal randu.
Liwat Jambatan, haté
kelar nempo jalma noyék maridang. Rumaja sumedeng ligar mah teu éra ocon jeung
papadana bari sésélpian. Haliwu, campuh jeung pagaliwotana kuda tunggang sarta
kakarétaan. Barudak saruka bungah. Indung bapana sarua katawis saroméah.
Méngkol ngatuhu.
Malébér labas ka tugu. Asa tambuh laku, rék naon kuring ka dieu. Ber asa kabawa
ku suasana haté nu juuh ku panineungan.
Parahu, parahu pamayang. Kiwari urang dieu jadi pamayang. Saprak sawah léndona kakarem cai talaga.
Parahu, parahu pamayang. Kiwari urang dieu jadi pamayang. Saprak sawah léndona kakarem cai talaga.
Nu dagang lauk. Enya
lauk talaga. Kuring nyampeurkeun pamayang nu karék hanjat. Dagangna dina
parahu. Atun mokaha, nanyakeun harga téh kudu bari ngagorowok. "Mang, aya
lauk naon?"
"Jaér sareng
patin, Bu!" Témbalna. Kuring meuli patin sakilo. Jaer mah henteu da
arageung teuing. Gila nempona. Nu dagang laladang sabari jigrah. Ngala laukna
beubeunangan loba. Haté muji sukur ka Nu Kawasa. Pangupa jiwa, najan baganti
carana, Pangéran mawurkeun rijikiNa di mamana. Teu aya sawah, ngajemplang
situ.
Satutas balanja. Inget
waktuna buka sakedap deui. Motor ngabiur ninggalkeun katineung. Kakangen mah
tetep nganteng. Dina mémori moal leungit carita bihari. Najan kiwari geus
baganti. Lemah cai, mugia waluya.***
RUNTAH KAI
Potrét dok. pribadi)
L
|
amun urang ulin ka pabrik kai atawa pabrik mébel, urang bakal manggihan
runtah mangrupa popotokan jeung tai ragaji. Keur pabrik, geus taya gunana.
Duruk? Ké heula. Popotokan bisa diolah jadi barang nu hargana mahal, sanajan
aya saratna. Saratna téh :
1. Boga kaahlian husus, utamana ngolah kai;
2. Boga kamampuh jeung kréativitas pikeun ngarobah runtah jadi karya seni;
3. Kréatif nyieun modél anyar nu bisa ngirut ati masarakat pikeun meuli nepi ka ngabajong;
4. Hasil karya inovatif nu geus jadi kudu dipromosikeun supaya masarakat nyaho.

Tina popotokan bisa dijieun barang seni saperti miniatur mobil, miniatur
motor, miniatur imah, catur, bonéka karakter, pajangan, lukisan 3 diménsi nepi
ka érloji.
Tai ragaji bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun batako, ampar kandang
hamster, média pepelakan, brikét, jsb.***
(Tangerang,
150519-10
Potrét dok. pribadi)
Kantong balanja
Weweg moal ngajebrol
Ema baheula
Weweg moal ngajebrol
Ema baheula
"Néng, urang ka pasar, yu! Tabuh duaan ngajak si bungsu. Inget di
dapur teu gaduh nanaon keur buka.
"Asyik, badé ngagaleuh naon, Mah?"
Mésér waluh, leunca sareng oncom,"
"Hayu!" Budak giak. Atoheun pisan pami diajak balanja téh. Sok ngaréwong barangpésér.
"Kedap nyandak tas heula!" Ka tukang ngabantun tas jingjing. Tas jingjing ieu téh kénging pamasihan ti pun lanceuk di Subang. Di ditu mah upami hajat tujuhna, matangpuluh atanapi mendak sok ngawadahan sangu, lauk sareng kuéh kanggo nu tahlil kana ieu tas minangka tiblekna.

Alhamdulillah balanja téh teu seueur
kénging kérésék da langsung diabuskeun kana wadah. Gampil nyantélkeun kana
motor deuih, beurat gé teu sieun nyajebrol.
"Teu isin kitu, Mah, ka pasar nyandak kantong kitu? Jiga Ema baheula
waé!" Bapana budak nanya waktu ningalieun kuring ngajingjing balanjaan.
"Naha bet isin? Pan Mamah gé Ema!".***
"Naha bet isin? Pan Mamah gé Ema!".***
#NetDiariRomadonan2019
#Carita_NH
14-05-2019

ok
sanajan leuir pisan, sabab aya kagiatan nu pinuh pisan di sakola boh di luar
sakola, karék tiasa kaapungkeun ieu kotrétan.
Munajat ka nu kawasa, muga disalametkeun dina mangsa kudu nohonan waktu
latihan. Teu nyaho hujan sumawona hawa nu panas. Tigin latihan.
Subhanalloh...
Ukur bisa ngucap syukur ka Alloh SWT.
Bagja bisa nungkulan budak.
Mentas munggaran di gedong agréng.
Reueus kacida...
#Carita_NH
14-05-2019
S
|

Bagja jeung reueus pagaliwota. Teu
kaampeuh cimata juuh.
Nempo nu jadi anak, nyatana Si Cikal Azzahra Febriana, magelaran anu munggaran ti kampusna. Miluan kagiatan Paduan Suara Mahasiswa, dijadualkeun seja ngayakeun konsér ka 14 PSM, anu tempatna di Graha Sanusi Hardjadinata Dipati Ukur.

Latihan ti bulan Januari mula. Paselang jeung waktuna kuliah. Atuh balik ka
imah téh langka kurang ti tengah peuting.

Poé nu dianti teu burung cunduk. Poé Saptu, Ping 27 April 2019, pukul 19.00 WIB, acara di mimitian.

Ukur bisa ngucap syukur ka Alloh SWT.
Bagja bisa nungkulan budak.
Mentas munggaran di gedong agréng.
Reueus kacida...
- Lagu
Internasional.
- Lagu Daerah Nasional.
- Lagu Daerah Internasional.
- Lagu Populér Internasional.
- Lagu Daerah Nasional.
- Lagu Daerah Internasional.
- Lagu Populér Internasional.
Kapidangkeun kalayan meunang aplaus ti nu nongton.
Spéktakulér...
Komposisi vokal nu luar biasa.
Acara lekasan pukul 22.30 WIB.
Asa sakerejep.
Teu karasa.
Wilujeng anaking.
Kanyaah bapa jeung kulawarga.
Spéktakulér...
Komposisi vokal nu luar biasa.
Acara lekasan pukul 22.30 WIB.
Asa sakerejep.
Teu karasa.
Wilujeng anaking.
Kanyaah bapa jeung kulawarga.
Bandung
12052019.
0 Response to "Warta Pustaka Sunda - Koleksi"
Posting Komentar