WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA, - # PUASA JAMAN BAHEULA

# PUASA JAMAN BAHEULA
Ku : Dadan Sutisna

B
aheula mah, nangtukeun poé kahiji puasa téh ngandelkeun taklid ka ajengan. Mun cék ajengan Senén, nya Senén. Pangna kitu téh, apan saméméh merdéka mah boro-boro aya Facebook atawa télévisi, dalah radio gé teu barogaeun. Jeung dina ayana gé, urang lembur bakal leuwih percaya ka ajengan batan ka radio. Kitu deui pamaréntah jaman normal (Hindia Walanda), tara ieuh pipilueun lebah nangtukeun poé kahiji puasa mah. Kumaha cék ajengan baé.
Jadi ajengan jaman harita mah leuwih beurat tanggung jawabna. Dina nangtukeun awal puasa, para ajengan ngagunakeun élmu jeung kayakinanana. Éstuning tigin tara ieuh kapangaruhan ku nu lian. Urang kampung nu aya di sabudereun pasantrén, nya ngiringan baé. Rék bener, rék salah, moal matak hangham atawa hariwang. Dina benerna atuh sukur, dina salahna moal kababawa doraka da éta mah mutlak tanggung jawab ajengan dunya-ahérat.
Malah sakapeung mah, béja yén isuk puasa téh kakara diémbarkeun bada isa. Atuh riweuh peuting-peuting kuramas, sawaréh bari kutuk gendeng lantaran rencana dahar balakécrakan pabeubeurang tangtu bolay. Nu matak medenghel téh deuih, upama béda ajengan, béda poé. Atuda tong boroning misah kabupatén, dalah misah kampung gé, sakapeung mah ngamimitian puasa téh tara bareng. Kawas nu dicaritakeun ku RAF (Rahmatullah Ading Affandi) dina "Dongéng Énténg ti Pasantrén". Ngarah rada panjang, urang cutat wé:
--------
"Padahal mah ngan kahalangan ku sawah Madhari kampung téh. Maksud téh, kampung pasantrén kuring jeung kampung tatangga. Tapi naha atuh, ari mimitina puasa henteu sarua? Di kampung tatangga mah Rebo, demi di kampung pasantrén kuring Salasa. Da maké ngarasa pohara hanjeluna atuh. Malah, maké kungsi teu resep nénjo rupa Ajengan. "Pupujieun, batur-batur Rebo, hayoh ieu Salasa," ceuk kuring ka babaturan. Euweuh nu nyarékan pedah kuring ngomong kitu. Da saréréa ogé hanjelu atuh. Ngan aya nu ditémbongkeun, jeung aya nu disidem, bari api-api teu hanjelu."
(Kaca 21)
--------
Naha bet hanjelu? Apan urang téh sok nganti-nganti bulan puasa, hartina mun datangna leuwih ti heula, kuduna atoh. Ih, ngaranna gé barudak, dina dongéng di luhur mah. Da harita santri-santri keur badami, poé isuk rék "maling" lauk di balong ajengan, tuluy diasakan babarengan. Éta rencana téh bolay ku durugdug sora dulag nu méré tanda yén isuk puasa. Ngan ari santri mah tara béakeun akal. Kabeneran ajengan keur angkat. Bada subuh (bari paruasa), sawatara santri nyair lauk di balong téa. Tuluy dibeuleum. Bring dibawa ka lembur tatangga (di ieu lembur can  puasa, da apan béda sapoé téa). Dadakuna mah rék nganteurkeun kitab, jadi alesan indit-inditan kuat pisan (nganteurkeun kitab mah apan kaasup pagawéan mulya).
Datang ka lembur tatangga, tuluy ngadon dalahar, maké "dasar hukum" katerangan ajengan: "Yén lamun nyaba ka hiji tempat nu lain poé éta mimiti puasana, tapi poé isukna, urang wenang teu puasa, sabab taklid ka nu boga kampung. Sok asal nyabana kudu ti isuk-isuk, nepi ka liwat asar. Jadi saeutikna kudu tilu parapat poé. Sarta nyabana téa teu meunang ukur ngadon ulin, tapi kudu aya alesan anu kuat." Tah, éta nu dipaké cecekelan para santri téh. Basa asar mah nya baralik deui wé ka kobong, tuluy "buka bersama".
*
Di tempat séjén, kabiasanana gé séjén deui. Masarakat nu deukeut ka puseur dayeuh mah dina tungtung Rewah téh sok ngabring ka alun-alun. Di deukeut alun-alun apan aya masjid Agung. Tah, poé mimiti puasa téh sok dibéwarakeun di masjid Agung. Datang ka alun-alun téh tara léngoh, sok marekel timbel jeung kadaharan, tuluy balakécrakan sukan-sukan. Lantaran jolna ti sawatara kampung, di alun-alun téh nepi ka sababaraha gundukan, malah aya nu di émpér masjid sagala. Sawaréh mah ukur ngadon dahar wungkul, teu penting ieuh ngadagoan béwara mah, engké gé meunang béja ti tatangga. Tapi teu kurang-kurang deuih nu tuluy nungguan, malah marondok sagala nepi ka datangna balébat (pajar). Nya ti dinya cenah sasakalana, di sawatara tempat (upamana Cianjur jeung Sukabumi), dahar babarengan saméméh puasa téh sok disebut "papajar".
Nu resep ruang-riung bari barangdahar saméméh bulan Puasa téh, tangtuna gé lain di Cianjur wungkul. Prah baé satatar Sunda, najan istilahna béda-béda. Aya nu nyebut "munggahan", "botram" (najan lain méméh puasa wungkul), "papaharé", "mayoran", "bancakan", "babacakan", "cucurak", "ropyan-ropyan", "wawarian", jsté.
Mun geus deukeut ka waktuna puasa, béh ditu mah karasa pisan raména téh. Lian ti nu abring-baringan néangan tempat dahar nu matak nimat, aya ogé nu indit ka astana, ngadon nyekar, ngembang, atawa nadran. Piisukaneun, sora dulag ngageder di mamana. Mojang-mojang ngabring ka tampian atawa néangan cinyusu, ngadon kuramas. Minangka sampona téh, cai tina beuleum sapu paré. Tah, sabisa-bisa mah kuramas téh kudu méméh lohor (cenah bisi paéh peuting-peuting, tapi pasti aya alesan séjén, malum kolot baheula sok réa siloka). Nu deukeut ka pasar, bring nyiar deungeun sangu. Nu boga balong sok ngabedahkeun, nu boga hayam nya dipeuncit, nu teu boga nanaon bisa milu hurip ka tatangga, da burayak-burayak baé mah pasti dibéré.
*
Leuwih pikaresepeun deui, jaman harita mah bulan puasa téh libur sabulan campleng. Tong boro bulan puasa kétang, apan bulan Mulud gé diperékeun saminggu. Lain ukur barudak sakola atau guru, da umumna rahayat gé merékeun manéh. Hanca pagawéan ditaker nepi ka Rewah. Kawas nu digambarkeun dina "Carita Budak Yatim" (1924) karangan R. Hanapiah, bulan puasa mah jalma-jalma téh méh taya nu digawé. Dina digawéna gé, tara nu matak capé, tamba lumayan baé. Atuh di lembur téh ramé unggal poé. Kolot-kolot milu ngapungkeun langlayangan. Aya deui nu ukur gégéléhéan di imah. Nu matak cenah guru jaman baheula mah umumna sok réa anak. Eukeur mah can aya KB, katurug-turug réa pisan peré, jadi laluasa pisan keur ... ngapungkeun langlayangan téh.
Ngan nu matak hémeng, baréto mah nu puasa téh aya cirina. Upama jalma sok ciciduh, hartina cenah keur puasa. Kitu nu kacatet dina buku "Naséhat Kautamaan Lampah" (1921) karangan R. Koesoema di Brata. Éta kabiasaan téh pagedrug jeung tatakrama, da dina adat bangsa Éropah mah apan nyiduh kaciri ku batur téh teu sopan pisan (dina anggapan urang ayeuna gé teu sopan, pan). Bisa jadi ieu mah aya patalina jeung pangaweruh jaman bihari, kana kapercayaan yén neureuy ciduh téh matak batal puasa (ayeuna gé matak batal kétang, upama ciduhna pacampur jeung sop buah). Jadi harita mah cenah mun panggih jeung batur di jalan, buru-buru wé nyiduh najan teu hayang gé, da ngarah disangka puasa.
Aya deui pangalaman Aki Winata urang Kuningan (boa tos teu aya ayeuna mah). Kawas nu ditulis dina Galura taun 1992, Aki Winata téh ngalaman kénéh jaman normal. Dina bulan puasa, cenah bupati téh sok nyamur, indit ka lembur-lembur. Mun nangénan nu keur barangdahar, gancang dicirian. Pabuburit éta jelema dicerek ku upas, dibawa ka kabupatén, tuluy ... dibui sapoé-sapeuting. Naon kasalahanana pangna asup bui? Lain pédah pendék, tapi alatan teu puasa.
*
Nu dicaritakeun di luhur téh réréana mah kari waasna. Ukur panineungan ti nu kungsi kabaca. Bisa jadi aya kénéh nu ngalaman "kuramas masal" di tampian, tapi entragan barudak ayeuna mah asa pamohalan. Sésa-sésa kabiasaan bihari nu natrat kénéh nya di antarana dahar balakécrakan. Kaharti kituna mah, da sanajan pajamanan geus canggih pisan, jelema moal nepi ka eureun barangdahar.
Kagumbiraan, éta nu témbrés naker tina kabiasaan bihari mapag jeung ngalakonan puasa téh. Padahal apan harita mah jaman sarwa werit, tapi karuhun urang téh kawas nu kacida bagjana. Jalma-jalma kabéh guyub jeung alakur, silih hargaan, taya pacéngkadan. Sasatna sabulan campleng puasa téh dibaktikeun keur ibadah, bari élmu katut pangaweruh kawatesanan kénéh. Ayeuna mah biheung aya nu ngalaman indit tarawéhan nyorang kebon awi bari marawa obor. Atawa noongan lalay tina tungtung usuk keur muguhkeun waktuna buka puasa. Mun lalay geus rabeng, hartina geus wancina buka. Atawa ngadédéngékeun jelegurna mariem ti puseur kabupatén minangka totondén geus wenang barangdahar.
Enya, pajamanan geus robah pisan, tapi bulan puasa mah moal nepi ka leungit. Aci-acining bulan suci sageuy mun dimomorékeun, da apan teu aya nu ngajamin bakal panggih deui dina taun hareupna. Ku kituna, wilujeng ngalakonan ibadah saum. Mugia sadayana kénging bagja.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA, - # PUASA JAMAN BAHEULA"

Posting Komentar