WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA - BABAD CIANJUR


BABAD CIANJUR
Ku : Luki Muharram

W
alanda atawa Belanda mimiti ngajajah ka Cianjur jamanna kapamarèntahan Bupati Cianjur Rd. Aria Wiratanu 2 / Rd. Wiramanggala (1691-1707). Ku hal èta, mimitina kolonialis campur tangan dina urusan dipamarèntahan jeung ka masarakat, tarekah jeung patèahna salahsahijina ku ayana program kristenisasi. Geningan, penjajah Belanda tèh "apal pisan" yèn di Cianjur loba ulama-ulama sakti, salahsahijina Dalem Aria Kidul / Rd. Natadimanggala bin Dalem Cikundul,  tèh minangka adi teges Rd. Wiramanggala.
Pihak penjajah nepika ngadongapkeun saurang missionaris sakti keur adu jajaten jeung Aria Kidul. Pendeta Belanda nu diutus ti nagarana tèh teu disebutkeun ngaranna malahan nepika nangtang terang-terangan ka Dalem Aria Kidul
Dina nangtang èta tèh carana kudu ngaragrakeun buah kalapa ku tenaga dalam. Si Pendeta ngamimitian aksina nya ku makè tanaga dalam bisa muragkeun buah kalapa tina tangkalna. 
Sedengkeun Rd. Natadimanggala munajat ka Alloh Swt sangkan bisa ngelehkeun si pendeta. Alhamdulillah, Alloh SWT ngaijabahan yèn buah kalapa tèh dipuragkeun ku Aria Kidul. Ngan teu samet kitu waè Aria Kidul marèntah ka sang pendeta keur mesek kalapa nu dipuragkeun tèa ku Aria Kidul. Unikna, sanggeus dipesek tèh dijero buah kalapa tèh aya lauk nu masih hirup. Ari si Pendeta olohok nepika ngaku yèn Dalem Aria Kidul tèh memang sakti mandraguna. Dalem Aria Kidul. (pusara Dalem Aria Kidul / Rd. Natadimanggala aya di Kampung Babakan Jati Dèsa Rahong, Kecamatan Cilaku Kabupatèn Cianjur. teu jauh ti parapatan Jebrod).***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA - BABAD CIANJUR"

Posting Komentar