WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KAMANDANG Dada Sutisna - # PUASA KUOTA


# PUASA KUOTA
Ku : Dadan Sutisna

S
abada pamaréntah ngawatesanan (lain nutup) médsos, pangpangna ti kulawarga Facebook, urang bisa nengetan rupa-rupa koméntar. Aya nu kutuk gendeng bari nuduh pamaréntah diktator lantaran geus ngeurad rupa-rupa kabébasan; aya nu hanjelu duméh teu bisa ningal foto jeung vidéo. Tapi teu kurang-kurang ayem tengtrem, da cék pikiranana baréto gé euweuh FB, WA, jeung IG; atuh mun ayeuna kawatesanan, nya itung-itung nambah lolongkrang kana kahusuan ibadah bulan ramadan.
Mun dipikir deui, kaayaan kawas kieu téh ukur nuduhkeun kacindekan séjén: yén sawatara jalma mémang geus kabeungkeut jeung kaeurad ku salah sahiji produk jieunan Yahudi. Padahal internét mah angger hurung, bisa kénéh ngaksés berita, da ukur hésé muka foto jeung vidéo ti kulawarga Facebook. Alternatifna réa kénéh, nu ngaranna médsos téh apan balatak, lain ukur WA, FB, jeung IG wungkul. Jadi mun nepi ka katalian ku éta tilu mahluk téh, asa kagila-gila keding.
Saméméh médsos réa pancarakénna, kaayaan téh éstuning tingtrim. Geura mangga tengetan status-status sakur balad dina FB sapuluh taun katukang (mun hésé nyusudna mah, teu kedah). Harita mah, saban bulan puasa bisa diitung yén satengah tina status téh nyaritakeun puasa. Ti taun ka taun asa beuki nyirorot, malah kiwari mah geus méh "teu karasa". Keur Juragan Mark, nu nyieun FB téa, moal ieuh rugi sanajan dina bulan puasa FB dipaké nyaritakeun nu lain-lain (upamana dipaké hoghag paséa, sindir sampir, ngendogkeun hoaks, jsté). Sabalikna, pancén urang sangkan henteu rugi alatan waktu, sangkan bisa "silih wasiatan dina bebeneran jeung kasabaran", kawas nu ngadadak lééh.
Teu ngabibisani, di urang geus réa teuing nu "bogoh" ka FB katut rundayanana, pangpangna nu umurna 30 taunan ka luhur. Bangun nu dipegatan rasa cinta, mangsa Kominfo nyieun kawijakan "ahéng", tangtu baé réa nu ngaharurung dibarung keuheul. "Lebay pisan, kawas euweuh deui awéwé," boa kitu koméntar ti génerasi béh dieu mah. Urusan ngawatesanan aksés internét mah wewenang pamaréntah, da aya réngkolna dina undang-undang. Nu jadi pasualan, atau sakapeung jadi kontrovérsi, kumaha sangkan éta wewenang téh teu dianggap sawenang-wenang.
Masarakat nu literasi digitalna handap kénéh tangtu leuwih kapangaruhan ku foto jeung vidéo batan pedaran téks panjang. Geuning hoaks mah arang nu ditulis panjang lébar, cukup ku téks sajajar-dua jajar nu ditumpangkeun dina foto. Katambah apan di urang mah réa nu boga élmu rasclok, apal kana kaayaan di jauhna sakitu keur cicing di imah. Antukna mah réa nginjeum panon batur batan percaya kana téténjoan sorangan. Contona kajadian kamari-kamari, aya nu ngapungkeun status magar kaayaan Jakarta keur genting (bari nu nyetasusna mah teu cicing di Jakarta). Simkuring tibang kerungna, lantaran tanggal 21—23 ngider di ibu kota, kahirupan téh asa teu lewang-lewang teuing. Puguh baé nu kawas kieu téh kudu dipeungpeukan, da lila-lila mah batur kawas leuwih apal kana eusina kamar batan nu boga kamarna.
Tujuanana mah, boa éta pisan, keur nyegah hoaks jeung béja teu puguh dina wangun gambar jeung vidéo. Sanajan kitu, antukna réa nu kaciwit kulit kabawa daging. Da teu kurang-kurang apan nu ngamangpaatkeun médsos keur nyiar pangupa jiwa, éstu keur kapentingan kulawargana. Jadi kumaha atuh tarékahna mun urang geus "cinta berat" kana sakabéh jieunan Juragan Mark tur teu bisa "berpindah ke lain hati"?
Ukur dua rupa kawasna, bisa ku sabar ngadagoan (da moal saendeng-endeng apan diwatesanan téh), atawa nyiar cara séjén. Foto dina FB jeung WA, ukur hésé diaksés upama urang maké alamat IP Indonésia. Umumna aksés internét di urang nya maké IP Indonésia, luyu jeung provider séwang-séwangan. Mun urang hayang ngaksés internét maké IP ti luar nagrég, aya dua cara deuih. Kahiji, urang indit ka ditu bari pelesir (upamana ka Walanda, ka Jepang, ka Singapura, tapi duka di Singaparna mah). Kadua, ngamangpaatkeun momonés jaringan internét nu disebut VPN (virtual private network).
SABUDEREUN VPN
Keur nu sapopoéna idek-liher jeung jaringan komputer mah, moal ahéng kana VPN téh. Malah apan réa gunana. Kantor-kantor badag umumna maké konéksi VPN keur ngahubungkeun antarcabang téh. Tujuanana mah nya sangkan data-data aman. Aman dina harti urang weruh heula kana VPN nu keur dipaké, keur tujuan naon, jeung kumaha balukarna. Tangtu baé nu ieu mah henteu gratis, dina gratisna gé waragadna geus dipangmayarkeun ku pausahaan.

Ilaharna, urang ngaksés internét téh maké jaringan publik. Alamat IP-na geus diatur ku provider. Lantaran provider kudu tuhu kana undang-undang, urang teu bisa ngaksés situs nu dipeungpeukan ku pamaréntah (upamana situs porno, judi, jsb). VPN bisa "malsukeun" lokasi aksés, nu asalna ti Indonésia, jadi ti nagara séjén. Sasatna urang téh "nginjeum leungeun" sangkan bisa noong nu méméhna mah teu bisa ditoong. Atuh aturanana gé jadi milu ka nagara nu "diinjeum" téa. Mun méméhna mah aksés kana situs teu uni téh ditutup, ayeuna jadi molongpong, da di sawatara nagara mah teu aya panyaram ngaksés situs teu uni.
Sérver VPN nu diinjeum téa baris nyumputkeun idéntitas urang—sanajan ku kawijakan hukum mah bisa waé idéntitasna dibuka. Teu anéh upama sabagian VPN dimangpaatkeun keur perkara nu dicaram (hack, jsté). Ku maké VPN, hartina urang geus nyébakeun lalu-lintas data ka pihak séjén. Maranéhna pasti nyatet sakur aktivitas urang, boh terus disamunikeun, boh dimangpaatkeun keur kapentingan séjén. Nu matak aya nu gratis, jeung aya nu mayar, da apan maranéhna gé sarua usaha. Maké gratisan jeung mayar tangtu aya bédana, jeung sigana teu perlu dipedar di dieu.
Nu sok jadi pertanyaan téh, ari maké VPN gratisan aman? Éta mah sual pilihan tina rupaning konsékuénsi, dalah teu maké VPN gé apan euweuh nu ngajamin aman. Kaamanan internétna mah sagemblengna aya dina ramo urang. Jadi teu perlu paranoid teuing, tapi ati-ati mah kudu. Lian ti ngamangpaatkeun VPN sangkan bisa muka foto jeung vidéo dina WA jeung FB, penting deuih keur mikiran balukar séjénna: sual kabébasan nu papalingpang jeung agama katut darigama. Cobaan wé konék maké VPN, buka gambar dina Google, ketik nu teu uni, da balatak pisan atuh. Dunya maya téh ngadadak jadi bébas sabébas-bébasna, lantaran sacara teu langsung urang jadi milu guyub kana kabébasan di nagara séjén.
Perkara data diteundeun di pihak séjén mah, ah teu kudu sieun-sieun teuing. Keur bangsa urang mah apan naon rugina gé mun foto sélfi ngaréngkol di nagara batur. Nu penting apal iraha kudu maké (jeung milih) VPN, tuluy ngamangpaatkeun éta konéksi kalawan wijaksana. Transaksi penting alusna mah ulah maké VPN gratisan, jeung ulah panasaran muka nu lain-lain wé. Ancaman kajahatan siber? Éta gé sarua bagian tina konsékuénsi. Cindekna, teu nanaon maké VPN mun urang geus paham kana sakur risikona.
Ngan urusan lokasi mah teu sagemblengna ditangtukeun ku alamat IP dina hapé atawa komputer. Dina hapé gé pan aya GPS. Ieu téh pikeun Google mah bisa jadi matak umat-imut, cenah meureun: "Kumaha ieu téh, ari ngaksés data ti Walanda, dari GPS aya di Legokhangseur."
Ari keur sakuringeun mah, nya rék sabar wé. Teu pati biasa susulumputan ka nagara deungeun téh. Ongkoh keur komunikasi mah réa kénéh pilihan. WA gé da lain teu bisa dipaké. FB nya kitu kénéh. Teu satuju? Éta gé sual pilihan.
Ah kétang, prak téh teuing najan sakabéh médsos ditutup gé, nu penting mah panto tobat angger muka.***

(Ieu status ngahaja teu maké gambar; mangga baé impleng dina imajinasi séwang-séwangan, ilustrasi naon nu kinten-kinten merenah).


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KAMANDANG Dada Sutisna - # PUASA KUOTA"

Posting Komentar