WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Kamandang : Atep Kurnia ( Wilujeng Poé Buruh, Lur! )

Wilujeng Poé Buruh, Lur!


A
yeuna téh tanggal 1 Méi. Unggal tanggal éta kuring, sok ras ka jaman digawé di pabrik antara 1998-2006. Harita, kangaranan hirup kumbuh sasama buruh, nya gaul gé teu jauh ti dinya. Nu matak réa nu meunang jodo ogé nya ku lantaran cinta lokasi téa. Sasama kuli pabrik, lantaran sasat ulukutek guk-gok di dinya. Najan enya, digawéna mah ngan 8 jam dina sapopoéna téh. Tapi da ku lantaran remen tepung téa meureun. 
Di luar pagawéan, sok aya waé acara dijieun keur ririungan, manjangkeun tali silaturahmi. Cara sakali mangsa kungsi ulin babarengan ka Jakarta, ngadon ngadongdon Ancol téa. Atawa cara nu kagambar dina potrét, ngadon papasakan di imah salasaurang babaturan di pabrik. Harita téh asana, tas mulang digawé peuting. Ngan poho deui, naha harita téh torojogan atawa ngahaja-haja meunang ngararancang méméhna. Nu jelas, bring waéh diluluguan ku Kepala Shift Persiapan Pa Giyanto jeung Kepala Shift Weaving Pa Muksin, muru ka Cikancung. Ka imahna Néng (poho deui ngaran lengkepna mah) di Cihanyir.
Méméh ngahékak sangu ngebul katut deungeunna, der dibubukaan sarta didoaan heula. Dipingpin ku Pa Giyanto. Ari ngalimedna mah di sisi balong nu turut sisina dipelakan paré. Kuring mah kabagéan amparan bilik atawa giribig, keur diuk téh. Babaturan mah ngadon naragog cingogo. Leungeun kénca nanggeuy piring. Saréréa cetaan nu sibuk bari cicing téa, saur Kang Hawé mah.
Ayeuna geus kalarung 13 taun leuwih. Tapi da pangalaman digawé di pabrik téh bakal angger jadi dedek angen-angen kuring. Samalah jadi salasahiji pangalaman hirup anu ajénan pisan. Lantaran, nya dina mangsa harita “mohona” pisan kana maca téh. Kaharti, lantaran harita mah, da geus boga waragad keur meuli buku. Najan unggal minggu, mun pareng  gawé peuting, sok maksakeun manéh miang ka Bandung. Ngadon barangsiar bacaeun ari aya luang ti antara ngajaga mesin mihané.
Da enya, harita mah acan pabeulit pisan corak benang nu kudu digulung téh. Teu pati capi kudu nyambung-nyambung benang nu paregat, lantaran prosés tina mesin “Sizing”-na teu pati lancar. Teu pajeujeut teuing kudu ngomé lusi tambahan anu warna-warni téa. Beulat-beulit jeung warna emas atau pérak. Jadi rada antaré digawé téh. Unggal tina ngagulung benang kira 3000-6000 méter nu nyongcay waktu kira 2 jam, sok aya lolongkrang pikeun ngadeluk maca,  ngadon méakkeun kapanasaran kana novel-novel sastra, boh karya asli Sunda atawa Indonésia boh nu tarjamahan. Bari teu pati teuing karasa digawé téh. Nu matak, salian sangu dina tépak, sok aya baé buku nu dibekel ka pabrik téh.
Ayeuna najan geus ganti pileumpangan, haté mah angger ngait ka pabrik nu baheula.  Da babaturan, cénah mah masih aya digarawé di dinya, najan ku rupaning aturan, teu bisa boga status nu jinek cara baheula. Lantaran jadi outsourcing téa, teu lila ti barang kuring kaluar. Nya, inget ka dinya, nu matak ayeuna kuring hayang pisan mulangkeun panineungan sarta ngawilujengkeun ka babaturan saperjoangan. Wilujeng poé buruh, Lur!

Cisalatri, 1 Méi 2019


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kamandang : Atep Kurnia ( Wilujeng Poé Buruh, Lur! )"

Posting Komentar