Jumpa Pers Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H
Jumpa Pers
Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H
Jakarta – Warta Sunda Onliné
K
|
amari pamaréntah ngumumkeun hasil
sidang isbat dina nangtukeun mimiti puasa. Dina hal ieu mah puasa 1 Ramadhan 1440
Hijriah kasapukan poé ayeuna Senen, Mei
2019.
Sidang digelar di Kantor Kementrian
Agama, Jl. MH. Thamrin Jakarta Ahad (5/5/2019) jam 18.50 WIB sabada solat
magrib. Menteri Agama, Lukman Hakim Saifuddin nu mingpin langsung sidang isbat pikeun
nangtuken 1 Ramadhan 144o H.
“Kasapukan dina sidang isbat nyatana
poé ayeuna mimiti puasa, samemehna peutingna solat taraweh maleman kahiji,”
pokna Menag Lukman.
Ku kituna, inyana ngawakilan
pamaréntah ngawilujengkeun ngalaksanakeun idahah puasa sabulan campléng.

Ditempat nu béda, Mahkamah Agung di
Arab Saudi netelakeun can narima ibar ngeunaan penampakan hilal Ramadhan 1440
Hijriah poé Senen.***
0 Response to "Jumpa Pers Sidang Isbat Mimit Ramadhan 1440 H"
Posting Komentar