WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNNDA- #Ai Wawang - Hadiah Istiméwa


Hadiah Istiméwa
Wado, 27 Mei 2019
O
pat poé katukang, manggih milik. Status kuring dikomén ku Ineu Yuyun Yulistiani. 
"Nay, aya honor Buku Piala Keur Ema, rék dicandak ka Bandung bari sakalian téken kontrak jeung nyandak bukti terbit?"
Lain bobohongan, asa ditonjok congcot. Lir kagunturan madu kaurugan menyan putih. Ku diangken midangna ge geus puguh atoh jeung reueus. Sok komo bari dihonoran nu lain lumayan deui. Alhamdulillah. 
Sakedapan komén téh teu dijawab. Bakating ku bungah. Ahirna dijawab,
"Hayangna mah ka Bandung, Neu. Ngan barabé. Di imah barudak keur karumpul. Jaba bulan puasa asa wegah mamangkatan jauh. Nyanggkeun wé kumaha saéna, téken kapan tiasa perwakilan...!"
Cekéng. Ahirna mah sapuk we, méré alamat jeung nomer rekening. 
Teu kungsi lila, tring inbok. "Nay tos dikirim nya, sing tambah sumanget ngarangna!"  Cenah.
Alhamdulillah. Jazakallohu khoiron katsuro. 
Bagja ku hiji ku dua. Bagja nakeran bisa babarengan ngeusian lambaran buku Piala Keur Ema. Kumpulan Lima Welas Carpon pikeun Barudak, karya sinerat babarengan sareng sababraha urang babaturan pangarang. 
Reueus, bisa miluan aub ngeusian lolongkrang kasempetan dina kasibukan ku kagiatan nu aya mangpaatna. Utamana pikeun barudak, sirung-sirung harepan ka hareupna. Nu bakal nuluykeun hirup huripna Basa Sunda.
Dina haté, timbul karumasa nu pohara. Ras kana caritaan Yuyun dina inbok,
"Sing tambah sumanget ngarangna!" Asa kahudang. Rumasa keur melid ideu. Jaba kiwari keur katungkulkeun marémaan dagang onlén. Rumasa masih kénéh diudag-udag pangabutuh. Karep nulis ngan saukur werat sahayuna. Najan haté apluk-aplukan sono hayang nyeratkeun ideu. Tapi ku karipuh mah unggal peuting susah nyaring. Bray beurang teu kaur ku dagang. 
Ngupahan manéh, keun baé kapan sarua ibadah. Hasil dagang kapan keur nyukakeun kulawarga. Kin dina waktu nu rinéh, rék ngahaja soaonoan jeung ungkara. Ngajarumat deui carita. Nyeuseup ideu tina lolongkrang urang jeung urang. Malah mandar kaalap mangpaat.***
#Ai Wawang


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNNDA- #Ai Wawang - Hadiah Istiméwa"

Posting Komentar