WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Warta ti Disporaparbud : Ceuk Kepala Disporaparbud : Targetna Otrad (Bakiak, Egrang & Dogongan)


Ceuk Kepala Disporaparbud :
Targetna Otrad (Bakiak, Egrang & Dogongan)

“Ngukur kamampuhan murid ti unggal kecamatan geus katémbong dina acara kagiatan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten Purwakarta tahun 2019, ping 27 - 28 April 2019. Pikeun milari Siswa Berprestasi ka tingkat Provinsi Jawa Barat.

Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
B
ARUDAK Sekolah Dasar (SD) sa-Kabupatén Purwakarta, giat naker. Aratoheun miluan rupa-rupa kagiatan téh. Saperti harita, di Lapang Purnawarman Kabupatén Purwakarta murid-murid SD téh hégar marahmay dibarung ku euyah-euyahan susurakan nyumangetan babaturanana nu keur makalangan.
Kagiatan kawas kitu, ayeuna mah ngadumaniskeun antara pihak Dinas Pendidikan jeung Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya (Disporaparbud) kaasup maneuh. Harita téh, barudak di tiap kacamatan mariluan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten Purwakarta tahun 2019, ping 27 - 28 April 2019.
Di Purwakarta, mémang barudak téh biasa mariluan sanisakara kagiatan. Kituna téh, da éta kagiatan maneuh saban taun. Ari kagiatan naratas dihandap heula. Barudak téh diabenkeun di tingkat kacamatan nu saterusna sina mariluan di tingkat nu leuwih luhur, kabupatén, provinsi jeung nasional.
Kagiatan kawas kitu loba mangpaatna. Barudak bisa ngukur kamampuh sorangan ku cara ngabandingeun jeung kamampuh babaturanana ti sakola séjén. Ari keur guru mah éta agiatan téh bisa jadi cara meunteun barudak, pangpangna mah dina sagala widang.
Saniskara kagiatan tingkat kabupatén, lumangsung ti tanggal 27 – 28 April 2019. Tempat pembukaan di buruan Lapang Purnawarman Kabupatén Purwakarta jeung di SDN 7 Sindangkasih Purwakarta.
Barudak téh sarumanget naker. Atuda, bisa tepung jeung babaturan sakola séjén, sakalian ngadu jajatén jadi juara, engkéna boga miluan dina kagiatan nu leuwih luhur.
Barudak nu tandang, mémang meunang milihan guru-guruna ti tingkat kecamatan masing-masing. Kitu téh luyu jeung pangabisa masing-masing. Dina kagiatan éta téh, Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung Invitasi Olahraga Tradisional.
Nu mariluan téh ti sakumna SD nu aya di tiap kecamatan. Teu hésé néang patandang mah, da masing-masing sakola gé nataharkeun ‘para atlit” tianggalna kénéh. Atuh, dina waktuna téh kari prakna. Kitu ceuk salaksaurang Kepala Sekolah di Kecamata Cibatu ogé salakaku Ketua K3S Kecamatan, Dasuki, S.Pd ka Warta Sunda Onliné di lokasi acara, (27/4).

Masih ceuk Darip nu biasa disebut, “yén Kecamatan Cibatu nyangking Juara 1 Otrad Dogongan, malihan taun 2018 kamari di Tingkat Provinsi Juara ka-3, mudah-mudahan taun ayeuna mah tiasa Juara ka-1, piduana tisadayana,” pokna. Kalih ti éta, Kids Atletik Juara harapan 3 sarta Hadang Juara ka-3.
Lain halna ceuk Kepala Bidang Olahraga, Drs. Iwan Kartiwan, MM kagiatan ieu téh hasil karancagéan ti Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya sareng Dinas Pendidikan. Kagiatan ieu téh, saprak SOTK na robah nu kawitana lembaga Dinas Pendidikan, Pemuda & Olahraga, ayeuna misah janten Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya. “Sacara teknis Dinas Pendidikan mibanda peserta, sedengkeun Disporaparbud mah ngamotivasian pikeun tandang di tingkat nu leuwih luhur hususna dina widang olah raga,” pokna.
Dina Kasempetan éta ogé, Kepala Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Budaya Kabupatén Purwakarta, Agus Hasan nalika ditaros ku Warta Sunda Onliné, inyana nargetkeun dina widang Olahraga Tradisional téh lomba Bakiak, Dogongan, Egrang ka Tingkat Provinsi dina bulan Agustus nu bakal datang.
“Samalah dina kagiatan nu saperti kitu téh, kalintang saéna pikeun para pamilon dina milari kamampuhan préstasi,” pokna Kadisporaparbud.
Keur Kecamatan Maniis nu biasa juara widang olah raga, saprak cabang olahraga Voly jeung Sepakbola teu aya dina lomba di tingkat kabupatén, provinsi jeung nasional. Pihak Maniis dina kagiatan éta mah teu pati teuing nargetkeun, nu penting milu aub. Kitu ceuk Nana Supyana salahsaurang kepala sekolah di Maniis ngajelaskeun ka Warta Sunda Onliné dilokasi acara.
Lain halna jeung Kecamatan Sukatani, dina cabor Bulu Tangkis Putri di Tingkat Kabupatén mah geus biasa jadu juara, taun ayeuna juara deui. Nanging targetna mugia kahontal di Tingkat Provinsi, komo nepika Nasional mah. Kitu ditetelakeun ku Kepala SDN 2 Malangnengah, Kosasih Soleh ka Warta Sunda Onliné.  


Kecamatan Bojong Élsa Tri Yuniarti pinunjul Solo ti SDN 2 Sindangsari, hasil didikan Pa Memet Johana, S.Pd pon kitu deui Bulu Tangkis ogé ku Bojong Juara 1 wasta siswana Pandu ti SDN Sukamanah pelatihna Ati Rosputasari, S.Pd kitu nu kasauran Pa Sunadi, S.Pd.


Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén saniskara kagiatan Olimpiade Olahraga Siswa Nasional, FLS2N jeung Invitasi Olahraga Tradisional Tingkat Kabupaten Purwakarta tahun 2019, ping 27 - 28 April 2019 nu jadi juara téh aya rekapanana sapertos dina hasil rekapa ti panitia. *** Anto Sukanto.






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Warta ti Disporaparbud : Ceuk Kepala Disporaparbud : Targetna Otrad (Bakiak, Egrang & Dogongan)"

Posting Komentar