KANDAGA BUDAYA SUNDA : KAMAJUAN URANG SUNDA
KAMAJUAN URANG SUNDA
Ku : Dadan Sutisna
S
|
ok rajeun aya nu nanya:
naon, saha, jeung kumaha urang Sunda téh? Panalék nu hamo bisa dijawab ku
sajajar dua jajar. Biheung cumpon sanajan sapeuting jeput ngubrak-ngabrik
Google. Nyaritakeun urang Sunda tangtu bakal ngarémbét kana alam katut
kabudayaanana. Tangtu noél kana sajarah ti mangabad-abad katukang. Cindekna,
lain saukur nyaritakeun paripolah manusa ti hiji sélér. Moal bisa disamarutkeun
sapanjang jaman deuih, da kahirupan urang Sunda dina alam karajaan, kolonial,
tangtu béda jeung jaman kiwari. Sanajan kitu, kuduna mah aya perkara nu terus
nganteng ti entragan ka entragan, nu baris jadi ciri Sunda ti sélér lianna,
nyaéta tatapakan budaya.
Di
lingkungan Indonésia, urang Sunda téh kaasup kana bagian mayoritas. Mun ngukur
kana basa indungna, beunang disebut sélér kadua pangréana sabada Jawa. Lantaran
Indonésia lahir tina perjuangan rupa-rupa sélér, nya Sunda gé jadi gulangkep
jeung sélér séjénna, papada ngariung dina iuh-iuh "binéka tunggal
ika". Buktina mah, mun budaya ti hiji sélér nganjang ka nagara deungeun,
nya disebut budaya Indonésia baé, sanajan kanyataanana mah aya nu jolna ti
Sunda, Jawa, Bali, Minang, jrrd. Kawasna saréréa gé sapuk, ngukur kamajuan
Indonésia téh kudu nyingkahan rasialismeu, éstu ladang gawé babarengan baé,
lain jasa salah sahiji sélér.
Papadaning
kitu, kritik atawa autokritik ka urang Sunda téh remen kabandungan. Malah ti
saratus taun katukang. Nyanghareupan éta kritik, tangtu baé perlu maca heula
kanyataan. Enya atawa henteuna hamo bisa diputuskeun saliwatan. Atawa paling copélna,
kudu maca heula sajarah. Mun aya nu nyebut urang Sunda tinggaleun, perlu
ditengetan dina widang naon heula. Nu disebut kamajuan téh apan teu bisa diukur
ku salah sahiji widang.
Ari
umumna mah, kritik kana kamajuan urang Sunda téh leuwih déngdék kana pasualan
ékonomi, pulitik, kakawasaan, katut pamaréntahan. Da éta meureun nu nembrak
jeung gampang karampa. Cenah, urang Sunda éta arang nu ngalalakon di lingkungan
nasional. Malah béh ditu mah apan kungsi jadi padungdengan, ku naon pangna
anggota déwan di Provinsi Jawa Barat réréana lain urang Sunda—méh 70% ti
luareun Sunda. Geus karuhan di nasional mah, babandinganana teu saimbang jeung
jumlah urang Sunda. Cenah, urang Sunda téh ngan ukur bisa méré sora, tapi teu
sabaraha réa nu jeneng. Geuning di urang kungsi aya nu nyieun "tim
indepéndén" nu ngasongkeun ngaran-ngaran tokoh Sunda ka persidén sangkan
dibéré jabatan penting (menteri, jsb). Sikep "pikalingsemeun" kieu
téh bisa jadi jolna ngan ti para élité, da karéréaan urang Sunda mah kawasna
tara ieuh mikiran, naha aya urang Sunda nu jadi menteri atawa euweuh.
Taun
1919, pamaréntah Walanda ngadegkeun Volksraad (Déwan Rahayat). Anggotana
dipilih saban taun, diwangun ku urang Walanda, urang pribumi jeung urang Asing
Wétan (Cina, Arab). Nepi ka bubarna taun 1942, teu leuwih ti 10% urang Sunda nu
jadi anggota Volksraad. Aya sawatara ngaran nu harita jadi kacapangan, upamana
R.A.A. Ahmad Djajadiningrat, R.A.A. Wiranatakoesoemah, R. Oto Iskandardinata,
R.T.A. Abas Soeria Nataatmadja, jeung R.A.A. Soeria Kartalegawa.
Dina
unggal-unggal obah pamaréntahan, urang Sunda nu makalangan di panggung nasional
téh beunang disebutkeun coréngcang. Ti saprak Indonésia merdéka, ngan aya hiji
urang Sunda nu jadi wakil persidén. Sabada réformasi gé kungsi aya urang Sunda
nu jadi calon waprés, ngan henteu kapilih. Atuh urang Sunda nu caricing dina
kabinét téh tara nepi ka 20%, iwal ti dina Kabinet Sjahrir II (1946) jeung
Kabinét Sukiman (1951—1952). Kitu deui nu jadi députi menteri, sékjén, dirjén
atawa kalungguhan penting lianna gé henteu réa. Umumna dina panggung nasional,
urang Sunda henteu pati réa nu milu ngalalakon. Keur ngabuktikeunana, tangtu
baé kudu muka data. Prak bandingkeun jeung sélér séjén.
Sakali
deui, éta kritikan téh tujulna kakara kana widang pulitik jeung kakawasaan.
Naha éta bisa dipaké kacindekan yén urang Sunda tinggaleun? Can tangtu. Dina
alam démokrasi, urusan pamingpin mah apan lain diukur ku sélér. Sanajan jumlah
urang Sunda 20%, lain hartina nu nyekel kakawasaan téh 20% kudu jolna ti Sunda.
Da nu ngaranna pamingpin mah apan teu cukup ku diasong-asong, lahirna tina
sistim pulitik nu sakapeung hésé kahartina. Taya katangtuan calég di tatar
Sunda kudu urang Sunda, sapanjang kapilih mah, nya éta nu makalangan. Dalah nu
kasebut urang Sunda gé apan can tangtu bener-bener nyunda. Teu kurang-kurang
calon anggota déwan nu ngaku urang Sunda, tapi basa Sundana pabeulit kénéh.
Kritik
ka urang Sunda sorangan téh saenyana geus némbongan ti saabad katukang. Geura
urang cutat kasauran Dajat Hidajat taun 1913, waktu anjeunna nu harita masih
jadi siswa STOVIA kagungan pokal ngadegkeun paguyuban urang Sunda nyaéta
Pagoejoeban Pasoendan, anu dimuat dina "Verslag Pagoejoeban Pasoendan
Taoen 1915", kieu unina: "Dupi nu jadi lulugu nyaéta wiréhing
ngémutkeun bangsa Sunda kacida pisan katilarna tina bab kamajengan ku bangsa
sanés, sumawonten ku bangsa Jawa mah, nu ti kapungkurna ogé parantos tebih
pisan nilarna ka urang Sunda, dalah ku urang Malayu nu teu acan sakumaha lamina
ngudagna kana kamajengan, ayeuna urang Sunda parantos kénging disebatkeun
kaselek, tawisna murid di sakola Doktor (maksudna STOVIA) danget ieu urang
Sundana mung aya 10, dupi urang Malayu mah sumawonten urang Jawa mah parantos
pirang-pirang. Nya kitu deui di sakola-sakola sanés urang Jawa sareng urang
Malayu henteu kawon seueurna ku urang Sunda. Anu ka nagri Walanda mah urang
Sunda kénging kénéh dibilang, dupi urang Malayu sok sumawonten nu kiat mayar
ongkosna, dalah nu henteu ogé cék paripaos dibélaan kuli-kuli, merlukeun ka
nagri Walanda ku suhud nyiar kapinteran. Menggah ku émutan, upami urang Sunda
cicingeun baé, daék-daék ka payunna hayang nyepeng padamelan ogé hésé,
kakawonkeun ku bangsa sanés. Buktina ayeuna parantos sababaraha hiji urang Jawa
sareng urang Malayu nu nyepeng damel di Tanah Pasundan, dupi urang Sunda mah
méh teu aya baé nu tiasa jeneng di nagara deungeun."
Dina
buku "Kebangkitan Kembali Orang Sunda" yasana Édi S. Ékadjati,
kasauran Dajat Hidajat téh dirumuskeun kieu: "Bahwa ia melihat kenyataan
yang menunjukkan betapa kondisi orang Sunda pada waktu itu begitu
memprihatinkan karena tertinggal oleh kemajuan yang telah dicapai oléh étnis
Melayu dan étnis Jawa, apalagi étnis Belanda/Éropa, baik dalam bidang
pendidikan maupun dalam kesempatan memperoleh pekerjaan atau jabatan.
Ketertinggalan tersebut disebabkan oléh faktor méntal dan tingkat pendidikan orang
Sunda yang tidak memperlihatkan kréativitas, dinamika, keuletan, keberanian,
dan étos kerja yang tinggi."
Sakitu
peureusna, pan? Ngaranna gé kritik. Tapi can aya panalungtikan nu ilmiah
ngeunaan hal éta. Jadi can bisa dibantah atawa dienyakeun. Tah, kumaha
kaayaanana sabada urang nyorang mangsa saabad? Nya kari papada ngabandungan
baé. Da apan lian ti sual jabatan jeung kakawasaan, urang gé bisa niténan hal
séjénna: lingkungan tempat hirup kumbuh urang Sunda, atikanana, budayana,
réligina, jrrd. Ari cék Ajip Rosidi, "nu sidik urang Sunda réa nu sok
resep ngabobodo manéh ku jalan nutupan kanyataan ku kekecapan anu matak ngeunah
kana haté, cara 'urang Sunda mah lemes budina, resep ngéléhan, sok ngaheulakeun
batur'; 'urang Sunda mah tara karooh ku kalungguhan', 'urang Sunda mah jembar
haté' jeung sabangsana" (il. "Urang Sunda di Lingkungan
Indonésia"). Ieu gé saenyana kritik kénéh, kumaha urang Sunda méré réspon
kana hiji kritik, naha langsung hahaok atawa ngundeuran heula "kelemesan
budi jeung kajembaran haté" dina ngajawab éta kritik.
Urang
Sunda téh geus maju? Maju pisan, kuring pasti ngajawab kitu keur piluaran mah,
da piraku atuh mépéhék sélér sorangan. Tapi di lingkungan nu leuwih heureut,
instopéksi téh mémang perlu. Pangpangna lebah netepkeun deui naon saenyana visi
urang Sunda téh. Mun nilik kana sajarah mah, kacirina urang Sunda teu kokomoan
kana kakawasaan—duka ayeuna mah. Geura wé, mun urang niténan naskah "Siksa
Kanda ng Karesian" (1518), mangsa urang Sunda tacan dijajah deungeun,
eusina téh apan étika pikeun rahayat biasa, lain sual ngarekahkeun
kapamingpinan. Malah mun dicindekkeun mah, umumna naskah-naskah buhun ngajurung
sangkan urang Sunda jadi "manusa nu hadé", hade tata, hadé basa, hadé
haté, hadé paripolahna. Mun sagala rupa dimimitian tina "hadé",
sageuy mun hasilna teu nyugemakeun, kaasup sual kapamingpinan.***
0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA : KAMAJUAN URANG SUNDA"
Posting Komentar