WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KANDAGA BUDAYA SUNDA :Festival Bambu Purwakarta Ajang Event Narik Pangirutan 4 Juta Wisatawan


Festival Bambu Purwakarta
Ajang Event Narik Pangirutan
4 Juta Wisatawan

S
IGANA loba jalma nu tacan nyaraho yén ping 18 Séptémber geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization WBO) minangka poé awi sadunya.  Udaganna mah pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan.
Disagédéngeun miboga niléy ekologis,  awi ogé miboga niléy ékonomi nu kacida gedéna. Ku kituna Kabupatén Purwakarta ngangkat potensi daérah sarta kaarifan lokal nu miang tina awi, tapi dina kemasan nu luyu jeung éra milenia.
Dina Pariwisata nyieun tarékah ngamumulé awi (seni) bari ogé boga udagan ngaronjatkeun dunya pariwisata. Tanggal 28 April 2019 di Kabupatén Purwakarta digelar Festival Bambu lumangung di Taman Pasanggrahan Padjadjaran.
Nurutkeun Kepala Bidang Pariwisata dan Kebudayaan, Heri Anwar, SH, MM ka Warta Sunda Onliné dirohangan gawéna ngajelaskeun yén Purwakarta sacara geografis aya di tatar Pasundan, geus ti bareto masarakat Sunda ngolah awi keur keperluan sapopoé, ti mimiti parabot dapur, paakas, furnitur, bahan konstruksi wangunan alat musik nepi ka produk kerajinan.
“Ku ayana Festival Bambu ieu dipiharep ajé awi nguniang masarakat leuwih mihormat kana awi, mu mihormat ka alamna,” ceuk Heri.
Kepala Seksi Promosi dan Pengembangan Produk Wisata, Acep Yulimulya nambahkeun, "Sanisara kagiatan dina Festival Bambu ieu téh diantarana pameran produk karajinan awi, kaulinan budak lembur, Musik Kreatif Bambu ti Siswa-siswi SMK 2 Purwakarta sarta SDN di kota mintoneun (Angklung Kiatandang),” pokna.
Festival Bambu diramekeun ku penampilan Sambasunda, D’Calung, Selaawi Ethnic, Saung Seni Ki Purwa jeung Gamelan Ajén.
“Simkuring miharep Festival Bambu ieu jadi lokomotif ngaronjatkeun opat juta wisatawan ka Purwakarta,” ceuk Acep.
Acara dibuka langsung ku Sekda Kabupatén Purwakarta, H. Iyus Permana, ngarasa reueus ku ayana kagiatan nu saperti kitu téh, malihan kapayuna ieu kedah diteraskeun deui.
Anapon kitu Kepala Dinas Kepemudaan, Olahraga, Pariwisata dan Budaya Kabupatén Purwakarta, H. Agus Hasan, kagiatan Festival Bambu ieu téh nargetkeun 4 juta wisatawan luyu sareng harepan Bupati Purwakarta (Anne Ratna Mustika). “Samalah, taun 2018 mah jumlah pangunjung tos kahontal kana 2.500 urang. ngan seuseurna pengunjung téh destinasi wisata,” pokna.
Dina pintonan Festival Bambu éta, wawakil ti siswa Jidan kelas 6 SDN 1 Sukatani nu diaping ku Doni (guru), ngarasa bungah nongton festival éta, samalah leuwih apal yén awi téh bisa jadi alat musik, komo nepika dimaénkeun sagala,” pokna  
Lain hal na saur H. Hamdan warga atikan nu keur ngahaja luha-loho ka stan pameran Festival Bambu 2019, dirina kataji ku kamonésan karajinan ti urang Bandung dina ngolah bahan awi dijantenkeun karajinan anu arunik, saperti halna aya sapedah nu bahanna tina awi (kaulinan urang lembur), jeung réa-réa deui. “Samalah, pameran ieu téh diwanohkeun ka para nonoman jalam milenia, pikeun leuwih mikacinta kana seni awi. Komo bari diayakeun workshop mah, ti mimiti barudak sakola nepi ka para nonoman tiasa langkung kréatif ngolah bahan awi,” pokna.
Sedengkeun ceuk salahsaurang pengrajin nu muka stan, Aris Suwandi (D2A Creative) Bamboo & Wood Craft, dirina dipasihan kasempetan milu aub dina pameran kaleresan musa stan di Purwakarta. Padahal kakaran tilu bulan salaku pangrajin awi. “Keur dirina mah, ieu kasempetan pikeun ngulik ngolah bahan tina awi saperti hasil karyana témbong dina poto. Kreasina téh saniskara kaperluan sapopoé. Saperti wadah bako nu dikemas jiga bentuk patung mesir, padahal mun ditelek-telek mah éta wadah bako ngawengku wadah jeung asbana ngahiji dikemas,” pokna.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku Warta Sunda Onliné, yén dina pameran éta téh diiluan ku 20 stan nu ngawengku diantarana 10 kerajinan awi, 5 wisata kuliner, 5 UMK Ekonomi Kreatif. ***
Anto Sukanto.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KANDAGA BUDAYA SUNDA :Festival Bambu Purwakarta Ajang Event Narik Pangirutan 4 Juta Wisatawan"

Posting Komentar