WARTA TI TEGALWARU : Ceuk Ketua PD II PGRI Purwakarta : Ciri Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”

Ciri
Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”
TEGALWARU – Warta Sunda Onliné,
2
|
3
Maret 2019 keur Ade Solihin, S.Pd, M.Pd ngarupakeun titimangsa keur nanjeurkeun
ajén-inajén guru-guru di Kecamatan Tegalwaru nu aya dina beungkeutan Persatuan
Guru Republik Indonésia (PGRI). Hasil kapercantenan ti para anggota PGRI Cabang
Tegalwaru kamari parantos ngalaksanakeun kagiatan Konferensi Cabang (Konfercab)
Tegalwaru masa bhakti 2019-2023.

Dina kasempetan éta ogé H.
Judin, S.Pd, M.Pd salaku sesepuh di wewengkon Kecamatan Tegalwaru, inyana
miharep tina hasil konfercab ieu téh tiasa masihan kontribusi anu hadé pikeun
kamajengan dunya atikan di Kabupatén Purwakarta.

Pikeun jadi guru anu profesionaléta
téh, yén guru kudu mibanda komitmen jeung integritas nu gedé sarta daékan dina
ngaronjatkeun kompetensi dirina pikeun leuwih ngagali kaélmuanana.



Nurutkeun data nu dikumpulkeun
ku redaksi yén hasil keonfercab PGRI Tegalwaru ieu téh, bakal calonna aya kana
tilu urang, tapi ari rék derna mah dua urang ngundurkeun diri diantarana bakal
calon éta téh : Salim, S.Pd (Kepala SD-SMP Negeri Satap Terpadu 1 Cadassari
sarta Adé Budiman, S.Pd (Kepala SD-SMP Negeri Satap Terpadu 2 Pasanggrahan).
Sedengkeun ayeuna nu jadi pupuhu PGRI Cabang Tegalwaru nyatana Adé Solihi,
S.Pd, M.Pd.*** Anto S
0 Response to "WARTA TI TEGALWARU : Ceuk Ketua PD II PGRI Purwakarta : Ciri Kaprofesional Guru “Ngabdi ka Lemah Cai”"
Posting Komentar