WARTA TI MANIIS : Néng Syifa Najwa Siswa SDN 1 Citamiang Diberok Dina P-SSP 2019
Néng Syifa Najwa
Siswa SDN 1 Citamiang
Diberok Dina P-SSP 2019
D
|
INA
Saba Budaya sawatara waktu katukang, keur Urang Maniis nu padumukan di
wewengkon Désa Citamiang mah. Minangka nu jadi kolot pon kitu widang atikan.
Niténan kaparigelan barudak nu diberok dina salah sahiji kagiatan komo ieu
masih dina saniskara kagiatan miéling poé Basa Indung Sa-dunya. Dina hal ieu
mah, pihak MGMP Basa Sunda geus magelarkeun kagiatan Pasaggiri Sirung Sunda
Pinilih ti Tingkat SD/MI, SMP/MTs jeung SMA/MA/SMK nu dipuseurkeun di SMPN 7
Purwakarta.
Ku hal éta, siswa SD Negeri 1
Citamiang Kecamatan Maniis minangka kalebet jadi pinunjul Sirung Sunda Pinilih
2019 tingkat SD.
Siswana éta téh wastana Néng Syifa Najwa kelas 5 juara dina widang Maca Sajak
Sunda.
Nepika ka ku pihak
panatacalagara Néng Syipa Najwa diberok di Désa Cihanjawar Kecamatan Bojong.
Tapi saméméhna Néng Syifa téh dijajap ku pembimbingna ku Ibu Awat Setiawati,
S.Pd, ngan saukur jajap. Kadituna mah langsung ku pihak panatacalaga Sirung
Sunda Pinilih nu hasil juara-juarana téh diberok ceuk bahasa legegna mah
dikarantina pikeun leuwih jero dina urusan pakuat-pakait panitia dina
ngawanohkeun ka budayaan Sunda. Kitu ceuk Néng Syifa nalika ditaros ku Warta Sunda Onliné, disakolana poé
Salasa (26/3) di SDN 1 Citamiang.
Néng Syifa nambihkeun yén
dirina téh salila sapoé éta mah ku pihak panitia ngahaja diwanohkeun kana
budaya Sunda. Kajaba ngarasa reueus tiasa tepang sareng rerencangan para
pamilon mana komo tepang sareng AA, Teteh di tingkat SMP/MTs jeung SMA/MA/SMK ngariung silih simbeuh kaasih. KItuna og é, diberok téh ku panatacalagara pikeun mintonkeun widang nu lain saperti mintonkeun maca warta Sunda.

Dina kasempetan éta ogé, Yéni
Nuraéni, S.Pd, M.Pd (mamahna Néng Syifa) ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka
rengrengan juru atik SDN 1 Citamiang nu paranto merhatoskeun murangkalihna
nepika nyangking juara Maca Sajak Sunda.*** Anto S.
0 Response to "WARTA TI MANIIS : Néng Syifa Najwa Siswa SDN 1 Citamiang Diberok Dina P-SSP 2019"
Posting Komentar