WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI JATILUHUR : Sanggar Seni Kania Kancana Ngayakeun Evaluasi Seni


Sanggar Seni Kania Kancana
Ngayakeun Evaluasi Seni

JATILUHUR – Warta Sunda Onliné,
D
INA raraga ngalanggengkeun kasenian daérah, Sanggar Seni  Kania Kancana Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta, ngayakeun Evaluasi Seni Angkatan ka-5 taun keur para anggotana. Kagiatan evaluasi seni éta digelar salila sapoé di Kampung Émpang Salaeurih Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia, poé Ahad (24/3).
Evaluasi seni éta dibuka kalayan resmi ku Kasi Dokumentasi & Ananlisis Disporaparbud Kabupatén Purwkarta, Abi Jawahir nu sakalgus biatara dipayuneun orang tua Sanggar Seni Kania Kancana. Inyana ngaapresiasi ku ayana kagiatan nu saperti kitu, malah dirina nawarkeun ka uggal sanggar seni hususna sanggar Kania Kancana, saperti halna kagiatan evaluasi seni, tempata tiasa ngamangpaatkeun Panggung Wisata Kuliner. “Da, di éta tempat geus merenah kajaba sarana sound systemna geus aya tur refresentatif, kukituna uar pangajakna sangkan tiasa ngagunakeun éta tempat keur kagiatan hususna sanggar seni,” pokna Abi.
Din kasempetan éta ogé, Ketua Sanggar Seni Kania Kancana, Irmas Susanti, S.Pd, M.Pd. ngeceskeun yén kagiatan evaluasi éta téh nu milu ujian aya kana 36 urang tina jumlah anggota sanggar seni 50 urang nu rata-rata anyar kénéh ngagabung. Ku kituna barudak mintonken saniskara aksi mangrupa jaipongan.
Inyana ogé, ngebréhkeun yén kagiatan éta sabenerna ngagambarkeun ayana kamampuhan Sanggar Seni Kania Kancana pikeun konsisten dina ngabina kasenian, hususna kasenian tradisional ka generasi ngora.
Nurutkeun Irma Susanti, naon anu dipilampah Sanggar Seni Kania Kancana tangtuna mangrupa hiji sikep proaktif kana upaya ngalanggengkeun kasenian tradisional jadi hiji kabeungharan budaya bangsa. Ngalanggengkeun budaya éta kacida pentingna dilaksanakeun lantaran tumali jeung masalah kapribadian bangsa,” pokna.
Leuwih jauh Irma nembrakeun yén dina raraga ngalanggengkeun produk kasenian daérah teu gampang dilaksanakeun, nginnget sababaraha aspék kahirupan anu mekar di masarakat geus beuki kuat ngagorogotan daya tahan kasenian daérah. Salah sahijina pangaruh kuat datang ti mearna budaya popular nu ayeuna mah jaman milenia, tangtu pupolarna ku sagala bentukna.
Kanyataan éta, tangtuna lain hal anu kudu disikepan ngan ukur prihatin. “Disagigireun éta, hampir teu bisa ngabendungan pangaruh budaya deungeun anu tumuwuh tur mekar saluyu jeung globalisasi milenia. Tapi disagedengeun éta, aya kawijakan babarengn pikeu mikir tru kreatif, sangkan produk budaya kayaning kasenian daérah teu titeuleum,” ceuk Irma Susanti.
Kukituna, ceuk Irma, dina raraga ngalanggengkeun produk-produk kasenian tradisional éta merlukeun rojongan ti sakumna pihak. Utamana di pamaréntah, pon kitu deui maranéhanana anu mibanda rasa prihatin, aya kahariwang dina hiji mangsa kasenian tradisional bakal kasingkirkeun tina gerak kahirupan masarakat sapopoé.
Dina kasempetan éta, redaksi Warta Sunda Onliné, ngawawancara perwakilan pamilon sebut waé, Néng Tsani (mamahna Mira Maryana) téh siswa Kelas 2 SDN 1 Bunder Jatiluhur nalika dina acara éta mintonkeun kaparigelanana dipayuneun tamu ondangan.
Lain deui ceuk Néng Lovely (mamahna Lilis) siswa MI Al-Huda Jatiluhur (kelas 2) No. Peserta 20 téh, acara ieu téh saé pisan keur murangkalihna tiasa némbongkeun unjuk kabisa mintonkeun tari Jaipogan nu ngiring di Sanggar Seni Kania Kancana.
Sedengkeun ceuk Abah Encar (Pelaku Seni) dirina reueus ka generasi anom nu masih kénéh resep kana dunya seni, komo Sanggar Seni Kania Kancana salaku mitra keur dirina dina mintonkeun saniskara seni-seni Sunda saperti Calung, Reog, Dogdog. Kajaba ayeuna sim kuring gaduh pancén keur nyambut pihak tamu hususnna Kasi Dokumentasi & Ananlisis Disporaparbud Kabupatén Purwkarta pikeun muka acara Evaluasi Seni di Kampung Émpang Salaeurih Kecamatan Jatiluhur, Kabupatén Purwakarta. *** Anto Sukanto

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI JATILUHUR : Sanggar Seni Kania Kancana Ngayakeun Evaluasi Seni"

Posting Komentar