WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BOJONG : KOPERASI “MITRA WINAYA” BOJONG 23 TAUN NGAJOMANTARA - Ngahasilkeun 2 Layang Pangajen


KOPERASI “MITRA WINAYA” BOJONG
23 TAUN NGAJOMAN-TARA Ngahasilkeun 2 Layang Pangajen


BOJONG – Warta Sunda Onliné,
M
ITRA WINAYA minangka koperasi guru-guru di Kecamatan Bojong nu aya dina beungkeutan Koperasi Pegawai Republik Indonésia (KPRI) kiwari geus 23 taun ngajomantara disakuliaheun perkoperasian di Indonésia. Sok sanajan mekarna jaman mangaruhan kapercayaan ti warga guru. Teu weleh wé dipercaya ku warga guru. Kayaning urusan simpan pinjam keur bubutuh para guru.
Basa Warta Sunda Onliné, kungsi ngahadiran Rapat Anggota  Tahunan (RAT) Tahun Buku 2018 dihadiran ku 100 % tina jumlah anggota 522 urang anggota di Gédong PGRI Cabang PGRI Kecamatan Bojong, sawatara waktu katukang Januari 2019. Dina makalangan 23 taun éta téh, ceuk Ketua Koperasi “MITRA WINAYA” téh kenging layang pangajén ti Dinas Koperasi, UKM Perdagangan dan Perindustrian Dekopinda Kabupatén Purwakarta sareng Dewan Koperasi Indonésia Daérah (Dekopinda) Kabupatén Purwakarta.  
Dina hal ieu mah, Ketua Koperasi “MITRA WINAYA” A. Fadli, S.Pd.I asa kagunturan madu kaurugan menyan putih, nilik tina kasang tukangna téh teu leupas ti pejuang nu kapungkur, sim kuring mah sakur neruskeun pikeun ngokolakeun koperasi.
Kaayaan Koperasi “MITRA WINAYA” Kecamatan Bojong, Nomor Badan Hukum : 1054/BH/PAD.KDK.10/10/IX/1998, Tanggal : 29 September 1998, Alamat di Désa Sukamanh Kecamatan Bojong.
Susunan Pengurus Periodeu 2018-2020, Ketua : A. Fadli, S.Pd.I; Sekretaris :Iin Iskandar, S.Pd; Wakil Sekretaris : Asép Sapari, S.Pd; Bendahara : Lukman Suherman, S.Pd, M.M.Pd. Karyawan nu diangkat : Pbt. Bendahara : Ii Sumirat, SE sarta Karyawan Warung : Andri Sulaéman. Sususnan Pengawas, Ketua : Nano Waro, S.Pd; Anggota : Iwan Hérawan, S.Pd jeung Hasan Basri, S.Pd, SD.
Unit Usaha : Unit Usaha Simpan Pinjam (Volume Pinjaman) Rp. 2.352.150.240,- Permodalan : Simpanan Pokok, Simpanan Wajib dan dana cadangan koperasi gedena aya kana Rp. 2.669.262.212,-
Ceuk Penyuluh Dinas Koperasi, UKM Perdagangan dan Perindustrian Dekopinda Kabupatén Purwakarta, Wawan Setiawan, SE nyebutkeun yén Koperasi “MITRA WINAYA” Bojong dititén aya 3 (tilu) kriteria diantarana 1. Tepat Melaksanakan RAT; 2. Permodalan Meningkat dan 3. Pelayanan yang sehat.
Sedengkeun ceuk Perwakilan Dekopinda Kabupatén Purwakarta, Drs. Asep Khoér, koperasi nu dikomandoan ku A. Fadli, S.Pd.I, kasebatna pangurusan anu tiasa ngajomantarakeun koperasi luyu sareng tujuan koperasi Indonésia, hususna dina koperasi simpan pinjam. “Malah, asetna dugika 5,2 M. Ieu koperasi anu sehat,” pokna.*** Anto S.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI BOJONG : KOPERASI “MITRA WINAYA” BOJONG 23 TAUN NGAJOMANTARA - Ngahasilkeun 2 Layang Pangajen"

Posting Komentar