WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI BANDUNG : Pangurus PWI Perwakilan Purwakarta Ahirna Diistrénan ku PWI Jabar


Pangurus PWI Perwakilan Purwakarta
Ahirna Diistrénan ku PWI Jabar

Bandung – Warta Sunda Onliné,
M
apag mekarna Jaman dina era milenia, tugas beurat Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) kapayuna pikeun nyitak wartawan-wartawan anu handal tur profesional dilingkungan PWI Jabar. Ku kituna gawé bareng jeung pihak Dewan Pers ngayakeun kagiatan Uji Kompetensi Wartawan (UKW) ka unggal perwakilan, kalebet ayeuna PWI Perwakilan Kabupatén Purwakarta rék magelarkeun UKW ping 6-7 April 2019.
Dina sambutan Ketua PWI Provinsi Jawa Barat, Hilman Hidayat, dina muka acara istrénan Pangurus PWI Perwakilan Purwakarta Periodeu 2018 – 2022 di Kantor PWI Jalan Balé Wartawan Buahbatu, Bandung, poé (Kemis 28/3). Inyana miharep para wartawan di daérah, hususna perwakilan PWI Kabupatén Purwakarta pikeun nyitak wartawan-wartawan anu handal tur profesional. Kulantaran beban berat ka payuna tugas wartawan.
Kajaba kitu, kemitraan Pers jeung Pemerintah, dina hal ieu mah yén PWI salaku organisasi pang heubeulna tina organisasi-organisasi kewartawanan nu lain. Kudu leuwih handal tur  profesional. Keur mah ayeuna Pihak Dewan Pers sawatara waktu katukang di Bandung keur ngaverifikasi sajumlah Perusahaan Pers.
Dina hal ieu harepan ka anggota PWI nu di daérah hususna di Purwakarta sangkan beriringan sareng kebijaan-kebijakan Dewan Pers. Dewan Pers ngingetkeun ka urang, yén PWI salah sahiji konsekwen Dewan Pers pikeun menegaskan diri yén diorganisasi PWI nu jadi anggota sareng pangurusna aya dina bekerja di perusahaan pers, luyu sareng UU Pers No. 40 Taun 1999 ngeunaan Perusahaan Pers. Mun lain perusahaan pers komo urang pihak PWI dimana aya wartawanna kasusahan pihak na teu bisa ngabantu. Tapi Perusahaan Pers bisa ngabantu anggota wartawanna luyu sareng kamamuhan.
Lain deui ceuk Ketua PWI Perwakilan Kabupatén Purwakarta pinilih, Asép Yadi Sobana, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka anggota nu parantos masihan kapercantenan pikeun ngokolakeun PWI kalayan daria, ku kituna peryogogi rojongan anu konfrehensif.
Disagedengeun éta, “pihakna kamari geus ngalaksanakeun Hari Pers Nasional ku cara anu sederhana. Pon kitu deui ayeuna badé mapag UKW nu Insya Alloh anggota PWI Perwakilan Purwakarta diarahkeun pikeun marilu aub,” pokna Asép.   
“Pihakna ogé luyu sareng visi anu konkrit éta tiasa ngawujud ku rojongan ti para anggotana,” pokna pupuhu PWI Perwakilan Purwakarta.*** Anto S


 


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA TI BANDUNG : Pangurus PWI Perwakilan Purwakarta Ahirna Diistrénan ku PWI Jabar"

Posting Komentar