WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI TEGALWARU : SMP Negeri 1 Tegalwaru Mapag Gladi Bersih UNBK


SMP Negeri 1 Tegalwaru
Mapag Gladi Bersih UNBK


TEGALWARU – Warta Sunda Onliné
G
LADI Bersih UNBK di SMP Negeri 1 Tegalwaru, para siswana dibagi tilu sesi. Malah mandar jumlah siswa Kelas 9-na ogé aya kana 292 urang. Jadi per sesi barudak nu ngiring Gladi Bersih UNBK téh 100 urang/sesi.
Dina hal ieu mah, témbong dina gambar keur persiapan Gladi Bersih UNBK nu tilu ruang. Samalah tilu ruang éta téh ngawengku sarana IT / Komputerna jumlahna aya 112 PC wincikanana diantara 60 Unit PC ti sakola, 5 Unit Server sakola, 30 Unit nu sewa sarta 12 Unit PC nambut nu guru katut siswa. Kitu dijelaskeun ku Wakasek Kesiswaan, Tedi Suryana, S.Pd ka Warta Sunda Onliné poé Saptu 916/3) di SMPN 1 Tegalwaru.
“Dina waktuna Gladi Bersih UNBK téh lumansgung dua poé nyatana poé Senen jeung Salasa, (18-19 Maret 2019) Poé ka-1 Mata Pelajaran Bahasa Inggris jeung Poé ka-2 Mata Pelajaran Matematika,” pokna Tedi.  
Dina kasempetan éta ogé, Kepala SMP Negeri 1 Tegalwaru, Nur Iskandar, S.Pd disakolana ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné, inyana katingal keur ningali staff nalika keur ngageulisan sakola.
Ceuk Nur Iskandar, “Mugia dina waktosna Gladi Bersih UNBK jeung Puncana acara UNBK téh kalayan lancar sakumaha mistina, alias teu aya gangguan. Poma Poé Senen, (18/3) mugia Gladi Bersih UNBK lancar.”
“Kajaba para peserta didikna tiasa haladir sakumaha nu geus ka gilir tiap sesina,” pokna Nur Iskandar.
Lain halna ceuk dua urang siswa SMPN 1 Tegalwaru, Énuralisah kelas 9-C jeung Andi Hidayat kelas 9-D, persiapan diajar dibumina keur mapag Gladi Bersih UNBK, mugia dina waktosna sehat tur tiasa hadir ngiringan Gladi Bersih UNBK.*** Anto S

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI TEGALWARU : SMP Negeri 1 Tegalwaru Mapag Gladi Bersih UNBK"

Posting Komentar