WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : Pasawahan Optimis Juara PSSP Tingkat Kabupatén

Juara
PSSP Tingkat Kabupatén
PASAWAHAN – Warta Sunda Onliné,
M
|
ASIH dina
raraga ngareuah-reuah miéling poé basa indung sa-dunya, pihak panatacalagara Poé
Senen, 11 Maret 2019, parantos magelarkeun Pasanggiri Sirung Sunda Pinilih sa-Kecamatan
Pasawahan di SDN 1 Pasawahan, Kecamatan Pasawahan, Kabupatén Purwakarta, Jawa
Barat, Indonésia.
Lantaran pihakna gawé bareng jeung kepala sekolah
katut guru-guruna, sok sanajan persiapan ngan ukur smingguan, tapi optimis
hoyong nyandak piala.
“Malihan, para pamilon nu milu aub téh ti kelas 3 nepika kelas 5, ieu geus dipersiapkeun. Ngan tingal tandang makalangan jeung kecamatan-kecamatan séjén. Para duta di Kecamatan Pasawahan siap makalangan,” pokna Hj. Uum.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua K3S ogé Ketua PGRI Cabang Pasawahan, Sirojudin, S.Pd,
ngabenerkeun cariosan Bu. Hj. Uum Onah. Malah pihakna ngahaturkeun rewu-rewu
nuhun ka rengrengan kepala sekolah atut guru-guruna nu parantos ngadeudeul
acara ti mimiti kagiatan O2SN, OSN, Pents PAI, FLS2N, katut nu nembe rengsé téh
Pasanggiri irung Sunda Pinilih, pangorbanan tanaga sareng pikiran katut
waragad, mugia janten motivasi siswa-siswina pikeun nyangking juara.

0 Response to "WARTA ATIKAN TI PASAWAHAN : Pasawahan Optimis Juara PSSP Tingkat Kabupatén"
Posting Komentar