WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI KEPANDUAN : KWARRAN KOTA MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 6 Purwakarta


KWARRAN KOTA 
MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING
di SMP Negeri 6 Purwakarta

PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
58
 Urang pamilon SCOUTING SKILL TRAINING di Kecamatan Purwakarta luyu sareng jadwal ti Pusdiklatcab Tegalwaru (Ahad, 17 Maret 2019), dipuseurkeun di SMP Negeri 6 Purwakarta, Kecamatan Purwakarta, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat, Indonésia.  
Sedengkeun ceuk Ketua Panitia SCOUTING SKILL TRAINING Kabupatén Purwakarta, Hedi Hidayat, S.Pd, acara nu saperti kitu téh ngarupakeun kagiatan kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kawijakan Gerakan Pramuka Daérah (Kwarda). Gudep-gudep nu aya diwewengkon daérahna sewang-sewangan pikeun dibekelan kaélmuan kepramukaan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill Training Kwarran Purwakarta, Heti Susanti, S.Pd, dina biantarana ngeceskeun yén jumlah pamilon nu milu aub téh aya kana 58 urang nu ngawengku pamilon di pangkalan SD, SMP, SMA katut SMK. Kajaba éta, tempat keur magelarkeun kagiatan Scouting Skill Training di SMP 6 Purwakarta, Kecamatan Purwakarta, Kabupatén Purwakarta, Jawa Barat Indonésia, poé Ahad (17/3).
Ceuk Pembina Upacara Pembukaan Scouting Skill Training, Wakabinawasa Ka Uyat Sudaryat, inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun ka para pamilon. “Mungpung aya para pelatih pramuka nu sakitu gedé ajénna pikeun masihan élmu pangaweruh ngeunaan kepramukaan. Ieu téh tong dilalaworakeun kagiatanna. Lantaran pikeun para pembina nu milu aub kagaitan Scouting Skill Training, engkéna tiasa diaplikaseikeun ka para peserta didik di masing-masing gudepna.”
“Urang kedah soson-soson narima wejangan ti para pelatih nu aya dina beungkeutan Pusat Pendidikan dan Latihan Cabang (Pusdiklatcab) Kabupatén Purwakarta,” kitu harepan Uyat Sudaryat.
Dina kasempetan éta ogé, pihak Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah  tujuan Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta, ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun metodé latihan nu effektif jeung effesien dina widang keparamukaan.
Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng tugas jeung kawajiban salaku pembina. 
Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati, S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel," pokna Ka Tri.
     Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi, nu ngabedakeun kagiatan Scouting Skill Training di SMPN 6 Purwakarta para siswana milu aub dina Paduan Suara.*** Anto S.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI KEPANDUAN : KWARRAN KOTA MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di SMP Negeri 6 Purwakarta"

Posting Komentar