Bungursari Nargetkeun
Qasidah jeung Sepak Bola di Tingat
Kabupatén
BUNGURSARI
– Warta Sunda Onliné,
EBYAR
kakompakan saniskara kagiatan di Bungursari, teu leupas tina partisipasi staké holdér. Dina hal ieu mah, pihak nu
bisa ngahijikeun antara Kepala Sekolah, Guru, katut Anak Didik tur Orang Tua
Siswa. Iwal ti Ketua K3S Kecamatan. Luyu sareng kapentingan sewang-sewangan.
Ieu téh ku alpukahna pihak Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S), Kelompok Kerja
Guru (KKG) sareng pihak UPTD Pendidikan nu gaduh wilayah teritorial di
wewengkon kecamatan.
Kajaba ti éta, kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Bungursari
ieu téh dina
raraga ningkatkeun pembinaan jeung pengembangan olahraga, pengetahuan, seni
jeung agama di sakola.
Ku kituna, di Kecamatan
Bungursari pihak panatacalagara kagiatan Gebyar Kréatifitas Siswa SD Bungursari magelarkeun saniskara kagiatan luyu sareng téma :
“Jadilah Generasi yang Gemar Membaca,
Cerdas Berkarakter dan Hebat”. Para pamilon nu diilukeun téh ti 18 Sekolah
Dasar sa-Kecamatan Bungursari, jumlah pamilon diantarana : 360 pamilon, 60
juri/wasit, 69 pembimbing sarta 36 panatacalagara. Pon kitu deui lomba-lomba nu
diabenkeun téh aya 15 cabang lomba nu ngawengku saniskara kagiatan saperti basa acara Pembukaan Peserta
Lomba
FLS2N, O2SN, ON & FL2N nu langsung dibuka ku PLT. Camat Kecamatan Bungursari.
Dina
biantarana PLT. Camat Kecamatan Bungursari,
Drs. NURFALAH, negeskeun yén
kagiatan nu saperti kitu téh, inyana ngarasa reueus nepika bisa lumangsung. “Mugia
barudak di Bungursari téh bisa ngukir préstasi tina sagala widang, poma ayeuna
nu dilombakeun téh hiji diantarana tiasa nyongcolang ka tingkat Kabupatén,
Provinsi tur tingkat Nasional, jungjung sportifitas dina lomba”.

Dina kasempetan
éta ogé, Ketua Panatacalaga Kagiatan Peserta
Lomba
FLS2N, O2SN, ON & FL2N, Ahmad Ruhiat, S.Pd basa diwawancaraan ku Warta
Sunda Onliné, negeskeun yén nu jadi target di Kecamatan Bungursari téh
nargetkeun Sepakbola. Lantaran geus jadi langganan dina tiap kagiatan nu
saperti kitu téh.
Lain deui nu
kasauran Ahyar, S.Ag ngajelaskeun dina widang Pentas PAI nu baris lumangsung di
Kecamatan Cibatu nargetkeun Qasidah, taun kamari Juara ka-2. “Mudah-mudahan
taun ayeuna mah Juara ka-1,” pokna.
Pihak Warta
Sunda Onliné, ngahaja ngawawancaraan budak SDN Cinangka nu milu aub lomba FLS2N,
nyaéta Néng Intan (kelas 5), Bintang (kelas 4) sarta Séli (kelas 4), nu harita
giring FLS2N lomba Kréasi Seni Tari. Dina hal ieu mah Néng Intan nganggo
raksukan Pa Tani sambil nyanyandak Pacul sareng Néng Bintang jeung Séli
ngengelék boboko nu nyaritakeun Patani keur melak Paré nu diiringan dua ibu-ibu
ngengelék boboko panén paré.*** Anto
Sukanto.
Sudah saatnya bangkit dari keterpurukan...
0 Response to "WARTA ATIKAN TI BUNGURSARI - Bungursari Nargetkeun Qasidah jeung Sepak Bola di Tingat Kabupatén"
Posting Komentar