WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit

Dedi Mulyadi Mutasi 25 Pejabat Pamaréntah Propinsi, ti Kepala Dinas nepi ka Diréktur Rumah Sakit   Gubernur Jawa Barat, H. Dedi ...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA ATIKAN TI BOJONG - Hasil Tina Sirung Sunda Pinilih Tk. Kecamatan "Teu Aya Perhatian nu Langkung Daria"

Hasil Tina Sirung Sunda Pinilih Tk. Kecamatan
"Mapag Ka Kabupaten"

BOJONG – Warta Sunda Onliné,
M
ASIH dina raraga ngareuah-reuah miéling poé basa indung sa-dunya, pihak panatacalagara sawatara katukang ngayakeun saniskara kagiatan sa-Kecamatan Bojong salahsahijina Sirung Sunda Pinilih, Poé Rébo, (27/2) di SDN 1 Cibingbin, Kecamatan Bojong, Purwakarta.
Basa Sunda téh mangrupikeun basa indung urang Sunda, rék kusaha deui nu milu ngamumulé basa Sunda téh salian ku urang Sunda. Urang ulah éra nyarios basa Sunda. Ayeuna loba pisan kulawarga Sunda turunan-turunan urang geus teu ngawariskeun basa jeung budaya Sunda ka anak jeung incu-incuna! Mun ku urang dilenyepan, barudak ayeuna teu tiasa nyarios basa Sunda  ulah nyalahkeun budak. Urang kudu ngoréksi diri geus nepi di mana urang téh ngamumulé basa indung (Sunda?).
Saleresna, sanés teu kenging ngagunakeun basa deungeun (basa asing), tapi urang teh hirup hususna di bumi tatar pasundan jeung umumna hirup di bumu Nagara Kasatuan Republik Indonésia. Contona teu saeutik tulisan-tulisan boh dina media cetak atawa media elektronik jeung sajabana nu maké basa deungeun. Tapi saéstuna ku kamajuan jaman nu gancang robah ieu, urang téh ulah tinggaleun kudu bisa ngagunakeun (ngucap jeung nulis) basa deungeun nagara lain. Malahan urang kudu leuwih wijak yén ulah ngapilainkeun basa jeung budaya Sunda jeung ulah ngagulkeun basa deungeun tapi kudu saimbang jeung basa indung (hususna basa Sunda umumna basa Indonésia).
Ungkara diluhur téh, keur Ibu Érna Nurjanah, S.Pd (Guru SDN 1 Cibingbin, Kecamatan Bojong, Purwakarta) ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné sabada nga-MC-an acara Sirung Sunda Pinilih Tingkat Kecamatan Bojong, inyana sapagodos. “Malihan peran orang tua di bumina sewang-sewangan nu kedah langkung anteb pikeun dina ngagunakeun basa sadidintenna nganggo basa Sunda,” pokna.
Ku kituna, ina tarékah jeung patéah kagiatan Sirung Sunda Pinilih Tingat Kecamatan Bojong ieu téh, masih dina raraga ngamumule Basa Sunda luyu sareng jejer : “Merenahkeun Basa jeung Sastra Sunda di Balaréa”. “Sim uring sareng saparakanca ngahudangkeun deui sumanget ka warga atikan ngamumulé Basa Sunda dibumina sewang-sewangan,” pokna Érna.
Dina hal ieu mah basa Sunda téh tong nepika luli-luli hususna ka warga atikan pon kitu deui ka warga masarakat. “Hayu urang babarengan pikeun ngajaga tur ngamumulé basa Sunda tong nepika tumpur,” pokna.
Dina asempetan éta ogé, Kepala UPTD Penddiidkan Kecamatan Bojong, Asép Khoér, M.Pd. Inyana ngarasa reueus ka para pamilon nu milu aub dina Sirung Sunda Pinilih, katingal para pamilon nu sakitu gedé perhatosanna kana lomba kasundaan.
Nurutkeun data nu dikumpulkeun ku redaksi Kagiatan Sirung Sunda Pinilih, hasil gawé rancagé antara Kelompok Kerja Kepala Sekolah (K3S), guru-guru katut pihak UPTD Pendiikan Kecamatan Bojog. 
  

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "WARTA ATIKAN TI BOJONG - Hasil Tina Sirung Sunda Pinilih Tk. Kecamatan "Teu Aya Perhatian nu Langkung Daria""

Posting Komentar