WARTA ATIKAN KEPANDUAN TI SUKASARI : KWARRAN SUKASARI MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di Tanjung Panorama
MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING
di Tanjung Panorama
SUKASARI – Warta Sunda Onliné,
2
|
Keur mah Kepala Pusiklatcab (Ka. Tri. ) nu direncangan sareng Ka. Sukiman, Ka. Anis sarta Ka. Uwan aprak-aprakan ningali kaéndahan alam Tanjung Panorama Sukasari.
Nitenan tangkal Gedang Calipornia nu buahna ting gulantung, matak hayang ngala. "Nya, Ka. Sukiman nu harita metik teu diengkekeun deui, beset gedang Calipornia dibeulah tur dibagi luyu sareng porsina. Geunig, Ka. Sukiman salaku Kepala SMPN 1 Sukatani nalika keur dilapangan mah teu nyirikeun yén diri kepala sekolah, komo ieu bari ngasongkeun bagian beulahan gedang ka wartawan."
Sapapanjang jalan ngajugjug ka tempat lokasi SCOUTING SKILL TRAINING di lobi, gedang meunang metik téh aya kana 5 siki. "Sabenerna mah, Ka. Sukiman ragu, maénya bisa murak gedang dilokasi. komo ieu jauh jeung nu bogana." Tapi basa, sim kuring nirukeun omongan Abah Didi nu ngokolakeun éta tempat, yén gedang di éta wewengkon gedangna meunang diala tur didahar, asal dipurak dilokasi atawa di tempat wisata. Tapi mun badé nyandak ka bumi mah tiasa ngilo luyu jeung kahayang ti pembeli, samalah per kilona ngan ukur Rp. 8.000,-

Sedengkeun ceuk Ketua Panitia SCOUTING SKILL TRAINING Kabupatén Purwakarta, Hedi
Hidayat, S.Pd, acara nu saperti kitu téh ngarupakeun kagiatan
kepanduan dina raraga ngalatih jeung ngamekarkeun keterampilan Pembina Pramuka
utamana dina widang keterampilan tehnik kepramukaan sangkan mampu ngokolakeun
kagiatan gudep nu nu bener-bener luyu jeung kawijakan Gerakan Pramuka Daérah
(Kwarda). Gudep-gudep nu aya diwewengkon daérahna sewang-sewangan pikeun
dibekelan kaélmuan kepramukaan.
Dina kasempetan éta ogé, Ketua Pelaksana Lokal Scouting Skill
Training Kwarran Ayi Kusmana, S.Ag, dina biantarana ngeceskeun yén jumlah
pamilon nu milu aub téh aya kana 23 urang nu ngawengku pamilon di Tingkat SD/MI
katut SMP/MTs. Kajaba éta, tempat keur magelarkeun kagiatan Scouting Skill
Training di Destinasi Wisata Tanjung Panorama Sukasari, Kabupatén Purwakarta,
Jawa Barat Indonésia, minangka
ngawanohkeun tempat wisata ka para pelatih.
Sedengkeun ceuk Ketua Kwarran Sukasari, Jajang Jumyati, S.Pd kagiatan Scouting
Skill Training nu diayakeun ku pihak Pusdiklatcab Kabupatén Purwakarta, ngarasa
bingah amarwatasuta. “Ditingali sumangetna para pamilon, kalintang saéna, mugia élmu nu ditampi ku
para pamilon tiasa langkung dimekarkeun deui di unggal gudep,” pokna Ka Kwarran
dina wangkongan jeung WSO saatosna
pembukaan acara Scouting Skill Training.
Dina kasempetan éta ogé, pihak
Pusdiklatcab ngabejerbéaskeun kagiatan nu saperti kitu. Malah tujuan
Scouting Skill Training téh, nyaéta pendidikan jeung pelatihan praktis pikeun
para pembina pramuka. Ku kituna para pembina pramukana tiasa leuwih mikacinta,
ngamekarkeun jeung ngaronjatkeun élmu pangaweruh katerampilan para pembina
pramuka nu aya di gudepna sewang-sewangan kalayan sacara konsepsional tur operasional.
Sedengkeun sasaran nu jati utama na pihak
panatacalagara téh, para pamilon tiasa ngarti jeung faham tur mampu nerapkeun
metodé latihan nu effektif jeung effesien dina
widang keparamukaan.
Lian ti éta, dipiharep para pamilon tiasa
ngamangpaatkeun sumber daya nu aya dilingkungan keur kapentingan ngalola
latihan. Kajaba kitu, tiasa leuwih tanggung jawab nu leuwih hadé luyu sareng
tugas jeung kawajiban salaku pembina.
Ceuk Ketua Pusdiklatcab, Ka Tri Kurniati,
S.Pd, inyana miharep acara nu saperti kitu téh pikeun pembekalan para pembina
dina hirup kumbuh dialam terbuka, bisa ngaaplikasikeun ka peserta didik dina
kahirupan sapopoé. Komo kasebutna urang survival mah teu aya istilah
kalaparan, nyasab ileuweung. Tapi ku ayana kaélmuan ti pusdiklatcab janten bekel,"
pokna Ka Tri.
Dina kasempetan éta ogé, pihak redaksi ngawawancaraan dua urang poerwakilan pamilon Putra Odang Guru SDN 2 Cirip jeung Engkos Kosasih Guru SDN 3 Sukasari duanana ngarasa reueus, yén dina kagiatan éta téh, narima élmu langsung ti kaka-kaka pelatih nu sakitu gedé ajénna dina élmu kepramukaan hususna matéri Survival, Navigasi Darat jeung PP.
Ku hal saperti kitu mah, nambah pengetahuan langsung di ieu kagiatan, utamana keur ngaaplikasikeun di gugus depanna ka para peserta didik.
Dihandap ieu pihak Kwarran masihan katerangan nu langkung eces ngeunaan kagiata Scouting Skill Training Sukasari diantarana :

Penanggung Jawab : Ketua Kwarran
Sukasari; Ketua : Ayi Kusmana ( Guru SDN 1 Parungbanteng); Sekretaris : Mokhamad Aripin ( Guru SMPN Satap Parbanda); Bendahara : Maryani ( KS SD-SMPN Satap 2 Kutamanah); Ban Um : Ketua dan Anggota DKR Kwarran Sukasari.
Ieu hasil kasapukan para pamilon ti
MABIGUS SD waktu rapat kepala seolah poé Rebo ping 13 Maret 2019 di Kantor
UPTD, esuina ngabahas ngeunaan para pamilon nu milu aub diantarana : 1. Engkos Kosasih, S.Pd guru SDN3 SUKASARI; 2. Rina Gantini, S.Pd guru SDN 3 Sukasari; 3. Yanah, S.Pd guru SDN Kertamanah; 4. Alan Maulana S.Pd guru SDN Kertamanah; 5. Nenden Sridamayanti, S.Pd guru SDN 2 Sukasari; 6. Odang Suhendar, S.Pd guru SDN 2 Ciririp; 7. Syarifah, S.Pd guru SDN 2 Ciririp; 8. Selvia Sopiyanti guru SDN 1 Kutamanah; 9. Rika Irmawati, S.Pd guru SDN 1 Sukasari; 10. Tata Karwita, S.Pd guru SDN 1 Sukasari; 11. Adeng Sopyan, S.Pd guru SDN 2 Sukasari. 12. Unandar, S.Pd guru SDN 1 Parungbanténg; 13. Nurma Aryati guru SMPN Satap 1 Parungbanténg; 14. Supriatna, S.Pd guru SDN 1 Ciririp; 15. Siti Rohmah, S.Pd guru SDN 1 Ciririp; 16. Ahmad Satibi, S.Pd.I guru SMPN 2 Sukasari; 17. Hani Hasanah, S.Pd guru SMPN 2 Sukasari; 18. Neneng Nurahayu, S.Pd guru SMPN 1 Sukasari; 19. Eman Sulaeman, S. Pd guru SMPN 1 Sukasari; 20. Ceng Sani, S.Pd.i guru MTs Nurul qolbi; 21. Mokhamad Aripin,S.Pd.I,M.Pd guru SMPN Satap 2 Parungbanténg; 22. Lindawati, S.Pd guru SMPN Satap 2 Parungbanténg; 23.Dulatip, S.Pd guru SDN 2 Parungbanténg.
"Mugia para pamilon janten ngamotivasi
dina ngaaplikasikeu di gudepna sewang-sewangan.*** Anto S.
0 Response to "WARTA ATIKAN KEPANDUAN TI SUKASARI : KWARRAN SUKASARI MAGELARKEUN SCOUTING SKILL TRAINING di Tanjung Panorama"
Posting Komentar