WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Surat terbuka kangge kang Ridwan Kamil


Surat terbuka kangge kang Ridwan Kamil

Kahatur kanggo kang Emil (Ridwan Kamil), gupernur Jawa Barat nu ku sim kuring dipihurmat.
Kang Emil,
Nguping akang bade ngadamel taman Dilan, saharita sim kuring ngangres kacida. Sanes kunanaon, teu kusabab simkuring ngaraos asa pahiri hiri ka Dilan, tokoh rekaan jieunan mang Pidi Baiq, nanaonan kang, supados naon? Supados nonoman jabar niron paripolahna Dilan?
Kang Emil,
Tangtos akang uninga, ka sababaraha tokoh ti Jawa Barat anu kawentar tur lebet kana kategori "legendaris", malihan tiasa disebat: legenda hidup. Diantawisna aya: alm. ki dalang Asep Sunandar Sunarya, alm. Kang Ibing (Rd. Kusmayatna), alm. Kang Darso (Hendarso).
Pami kenging usul, langkung sae salahsawios aranjeunna nu didamelkeun janten nami taman, tinimbang Dilan.
Kang Emil,
Simkuring kirang patos uninga, tinimbangan naon nu nyababkeun akang toh-tohan pisan kana tokoh Dilan, dugika namina dijantenkeun nami taman, tur dugika aya 'hari Dilan' sagala.
Kang Emil, cobi sami-sami urang bayangkeun:
pami tuang putra, Emmeril, niron paripolah Dilan: ngador momotoran, lebet anggota geng motor, tos ngalaman bobogohan dina yuswa SMA keneh, akang ngawidian??
Kang Emil, cobi taroskeun ka tuang ibu -nu akang sok nyebat Maci ka anjeunna-, pami akang waktos anom niron paripolah Dilan, kintenna diwagel tur diseuseulan ku tuang ibu??
Kang Emil, atuhlah kang.
Mugi tiasa langkung dipertimbangkeun deui nu langkung paos, keur kamajengan sadayana, panerus rundayan nonoman Jabar kapayun, nu kintenna: Nyantri, Nyunda, Nyakola.
Atanapi akang hoyong panerus rundayan nonoman Jabar kapayun janten generasi Dilan?
Atanapi bilih akang kirang panuju ku usulan nampilkeun tokoh jabar nu kasebat diluhur, simkuring langkung merenah keneh namina taman Emil, tinimbang taman Dilan.
Kang Emil, ieu seratan mugi dugi ka akang, didasaran ku rasa nyaah tur deudeuh ka akang nu kiwari nuju manggung janten pamingpin Jabar, nu tiap rengkak tur paripolahna kedah janten tungtunan kangge sadayana.
Hapunten anu kasuhun,
Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan.
Lugina hate, lugina pikir.
Bagja salalawasna.

Simkuring, Gilly Prayoga W.
- Urang Jatiwangi, nu ngumbara ka kota Bandung-
#gprayoga

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Surat terbuka kangge kang Ridwan Kamil"

Posting Komentar